Kang ieu jawaban singket ti sim abdi. Nu hartosna di beresihan maksad na konsentrasikeun ka eta cara \ metoda latihan hiji paguron oge hiji guru nu ngaping.
Kang Yana Sent via BlackBerry from T-Mobile -----Original Message----- From: "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Sun, 14 Sep 2008 08:16:29 To: kisunda<[email protected]> Subject: [kisunda] Patarosan kanggo Kang Yana oge Ambu ngeunaan Diajar Silat-Tanaga Dalam Rupa-rupa Aliran Sampurasun, Assalamu'alaikum wr wb, Ambu oge Kang Yana anu dipihormat, guru silat/tanaga dalam di milist kisunda, Si kuring kataji kacida ku ayana pangajaran silat/tanaga dalam di alam maya anu digelar ku Kang Yana oge Ambu. Malah tos ngawitan latihan jurus anu diajarkeun via email (olah nafas). Anapon pangajaran anu ti Ambu masih ngantosan heula bahanna (cd pernafasan tea, teu acan kapendak saurna). Ngan, samemeh neruskeun latihan, aya patarosan boh kanggo Kang Yana atawa Ambu. Patarosanana patali sareng rupa-rupa aliran silat atawa tenaga dalam. Naha moal nanaon upama urang dina hiji waktu kungsi diajar silat/tenaga dalam, terus reureuh atawa istirahat atawa teu latihan aya taunna, terus latihan deui kalawan ganti aliran? Aya hawar-hawar kabejakeun, yen cenah lamun ganti aliran, mangka aliran samemehna kudu diberesihan heula? Naha leres kitu? Mugia kersa ngadadarkeunana. baktosna, manAR
