nya latihan bae  ngawulang deui...
nyiapkeun BAYU SABDA HEDAP te...nya ku mutih

AMBU



----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: kisunda <[email protected]>
Sent: Sunday, September 14, 2008 8:16:29 AM
Subject: [kisunda] Patarosan kanggo Kang Yana oge Ambu ngeunaan Diajar 
Silat-Tanaga Dalam Rupa-rupa Aliran


Sampurasun,
Assalamu'alaikum wr wb,

Ambu oge Kang Yana anu dipihormat, guru silat/tanaga dalam di milist kisunda,

Si kuring kataji kacida ku ayana pangajaran silat/tanaga dalam di alam
maya anu digelar ku Kang Yana oge Ambu. Malah tos ngawitan latihan
jurus anu diajarkeun via email (olah nafas). Anapon pangajaran anu ti
Ambu masih ngantosan heula bahanna (cd pernafasan tea, teu acan
kapendak saurna). Ngan, samemeh neruskeun latihan, aya patarosan boh
kanggo Kang Yana atawa Ambu.

Patarosanana patali sareng rupa-rupa aliran silat atawa tenaga dalam.
Naha moal nanaon upama urang dina hiji waktu kungsi diajar
silat/tenaga dalam, terus reureuh atawa istirahat atawa teu latihan
aya taunna, terus latihan deui kalawan ganti aliran? Aya hawar-hawar
kabejakeun, yen cenah lamun ganti aliran, mangka aliran samemehna kudu
diberesihan heula? Naha leres kitu? Mugia kersa ngadadarkeunana.

baktosna,
manAR
    


      

Kirim email ke