Pami ieu mah sanes ti alam gaib nya, kirang greget teu aya bentena sareng obrolan sapopoe di milis. ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Saturday, September 13, 2008 3:31:36 Subject: [kisunda] (Serat: 55)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing Deudeuh Teuing Sunda * Aya carita hiji mangsa nu bakal datang nu boa ku urang sunda mah teu kasorang. Hiji budak ngahuleng na hareupeun bacaan nu teu kalintang matak lewang ka urang. Eta budak hayoh we mencrong kana hiji kecap nu dina kereteg asa wanoh. SUNDA. Bari bingung kunu karasa na hatena,eta budak nanya ka bapana. “Pa,kalo sunda itu apa?. Bapana gagaro teu ateul da sarua teu apal, kecap naon ari SUNDA. “Mungkin itu makanan nak,papah juga gak tau”, deudeuh teuing… ”Kakek papah dulu pernah cerita ada makanan enak sunda, eh mungkin itu nama suku bangsa jaman dulu nak… Soalnya kakek papah nyebut orang sunda..” deudeuh teuing… ”Ya papah inget-inget lupa, dulu sekali kata kakek papah ada satu daerah yang namanya sunda.. Bener,bukan makanan.. Orang-orangnya disebut suku sunda.. Tapi itu dulu nak,dulu sekali.. Sekarang papah udah gak pernah denger lagi suku itu masih ada atau nggak.. Soalnya udah gak ada lagi orang yang ngerti bahasa mereka..” deudeuh teuing… ” Kan pasti ada peninggalan- peninggalannya pah?”.. ”Yaitu nak,gak tau kenapa sama sekali gak ada, menurut legenda semua peninggalan sama catatan-catatan tentang sunda dilarang waktu itu.. Dimusnahkan atau disembunyikan, papah gak tau”.. Deudeuh Teuing.. * Budak teh beuki teu ngarti naon nu dicaritakeun ku bapana.. Bari rerengkogan nanya bapana deui nu keur anteng nempo layar.. ”Pah,kenapa ya mereka bisa ilang?”.. Bapana ngahuleng, bari sabisa-bisa mamatahan budakna. “Nak,kalo kita tidak bisa menghargai diri kita sendiri, menghargai asal-usul kita, kalo kita gak mau pake bahasa kita sendiri karena malu atau dianggap gak modern, Siapa lagi yang bakal pake? Pantes aja lama-lama bahasa itu bakal gak kepake dan ilang, juga ciri-ciri lainnya”.. Deudeuh Teuing.. ”Sayang ya pah..” Ceuk budakna.. ”Iya”,ceuk bapana.. MasyaAllah gusti nu agung, apan duanana oge urang sunda... Beu nepikeun ka kituna.. Na meni poho ka sunda eta jelema nya? Padahal nu lalar liwat na awakna getih sunda. Ngan getih mah teu bisa nyarita sunda. * Lain,lain salah maranehna, maranehna teu salah, nu salah karuhuna.. Da sunda leungit geus lila. Bener carita bapana… Saenggeus anakna ngaleos, bapana ngarenghap beurat... Manehna asup ka kamar, aya kotak leutik di sorog. Dibuka lalaunan ku manehna, tara dibuka, titipan ti uyut akina.. Matana rada hookeun nempo eusi eta kotak nu disangka ku manehna euweuh gunana.. Aya kumpulan kertas nu geus laas ku mangsa.. Dicokot ku manehna.. Dibaca ti mimiti.. Carita bangsa nu leungit.. Sunda.. Lembereh cipanon ngalembereh. . Geuning ieu nu ditanyakeun ku budakna teh.. Geuning manehna teh sunda.. Deudeuh Teuing.. “Ya Allah,saya ternyata turunan sunda…Ya Allah.. Manehna ngusap beungeutna bakating ku reuwas.. Tapi dalah kumaha, jaman geus kaliwat, teu bisa di kukumaha.. Nempo seratana wae oge teu ngarti.. Rek nanya ka saha? Kotak ditutup deui,ngoloyong sare. Keun we budakna mah ulah nyahoeun Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
