deudeuh teuing,
serat #55
kuring teu ngarti......

--- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Pami ieu mah sanes ti alam gaib nya, kirang greget teu aya bentena
sareng obrolan sapopoe di milis.
>  ~ experientia docet sapientiam ~ 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda
<[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]>
> Sent: Saturday, September 13, 2008 3:31:36
> Subject: [kisunda] (Serat: 55)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing
> 
> 
> Deudeuh Teuing Sunda
> 
>  
>       * Aya carita hiji mangsa nu bakal datang nu boa ku urang sunda mah
teu kasorang. Hiji budak ngahuleng na hareupeun bacaan nu teu
kalintang matak lewang ka urang. 
> Eta budak hayoh we mencrong kana hiji kecap nu dina kereteg asa wanoh.
> SUNDA. 
>  
> Bari bingung kunu karasa na hatena,eta budak nanya ka bapana. 
> “Pa,kalo sunda itu apa?. 
> Bapana gagaro teu ateul da sarua teu apal,
> kecap naon ari SUNDA. 
> “Mungkin itu makanan nak,papah juga gak tau”, deudeuh teuing…
> ”Kakek papah dulu pernah cerita ada makanan enak sunda,
> eh mungkin itu nama suku bangsa jaman dulu nak…
> Soalnya kakek papah nyebut orang sunda..” 
> deudeuh teuing…
>  
> ”Ya papah inget-inget lupa,
> dulu sekali kata kakek papah ada satu daerah yang namanya sunda..
> Bener,bukan makanan..
> Orang-orangnya disebut suku sunda..
> Tapi itu dulu nak,dulu sekali..
> Sekarang papah udah gak pernah denger lagi suku itu masih ada atau
nggak..
> Soalnya udah gak ada lagi orang yang ngerti bahasa mereka..” 
> deudeuh teuing…
>  
> ” Kan pasti ada peninggalan- peninggalannya pah?”..
> ”Yaitu nak,gak tau kenapa sama sekali gak ada,
> menurut legenda semua peninggalan sama catatan-catatan tentang sunda
dilarang         waktu itu..
> Dimusnahkan atau disembunyikan, papah gak tau”..
> Deudeuh Teuing.. 
>  
>       * Budak teh beuki teu ngarti naon nu dicaritakeun ku bapana..
> Bari rerengkogan  nanya bapana deui nu keur anteng nempo layar..
> ”Pah,kenapa ya mereka bisa ilang?”..
>  
> Bapana ngahuleng, bari sabisa-bisa mamatahan budakna. 
> “Nak,kalo kita tidak bisa menghargai diri kita sendiri,
> menghargai asal-usul kita,
> kalo kita gak mau pake bahasa kita sendiri karena malu 
> atau dianggap gak modern,
> Siapa lagi yang bakal pake? 
>  
> Pantes aja lama-lama bahasa itu bakal gak kepake dan ilang,
> juga ciri-ciri lainnya”.. 
> Deudeuh Teuing..
>  
> ”Sayang ya pah..” Ceuk budakna..
> ”Iya”,ceuk bapana.. 
>  
> MasyaAllah gusti nu agung,
> apan duanana oge urang sunda... 
> Beu nepikeun ka kituna..
> Na meni poho ka sunda eta jelema nya?  
> Padahal nu lalar liwat na awakna getih sunda. 
> Ngan getih mah teu bisa nyarita sunda.
>  
>       * Lain,lain salah maranehna,
> maranehna teu salah,
> nu salah karuhuna.. 
> Da sunda leungit geus lila. 
>  
> Bener carita bapana…
> Saenggeus anakna ngaleos,
> bapana ngarenghap beurat... 
>  
> Manehna asup ka kamar,
> aya kotak leutik di sorog. 
> Dibuka lalaunan ku manehna,
> tara dibuka,
> titipan ti uyut akina..
>  
> Matana rada hookeun nempo eusi eta kotak 
> nu disangka ku manehna euweuh gunana.. 
> Aya kumpulan kertas nu geus laas ku mangsa.. 
> Dicokot ku manehna.. 
> Dibaca ti mimiti.. 
>  
> Carita bangsa nu leungit.. 
> Sunda.. 
> Lembereh cipanon ngalembereh. . 
> Geuning ieu nu ditanyakeun ku budakna teh.. 
> Geuning manehna teh sunda.. 
> Deudeuh Teuing.. 
>  
> “Ya Allah,saya ternyata turunan sunda…Ya Allah.. 
> Manehna ngusap beungeutna bakating ku reuwas.. 
>  
> Tapi dalah kumaha,
> jaman geus kaliwat,
> teu bisa di kukumaha.. 
>  
> Nempo seratana wae oge teu ngarti.. 
> Rek nanya ka saha?  
> Kotak ditutup deui,ngoloyong sare. 
> Keun we budakna mah ulah nyahoeun 
>  
> 
> 
>       Get your preferred Email name!
> Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
> http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke