Leres kang Oman, mugia kang Agus sing atos-atos dina perkawis ieu. Cobi kang 
Agus aos deui sing teleb ayat-ayat anu patali sareng peperangan. Punten kang 
Agus, punten pisan, sanes bade mamatahan ngapung ka heulang.

Baktos,
Asep
 



----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, September 17, 2008 7:01:30 AM
Subject: Re: [kisunda] Dakwah bil hal


Kang Agus, punten eung bahasana ulah teugeug teuing, oge kudu ati-ati
urusan getih mah. Halal darahna teh teu kitu wae. Piraku karana
ngamusuhan ujug-ujug halal darahna. Kuring percaya yen dina Islam enya
oge dimeunangkeun nelasan musuh, tapi kudu aya sabab musababna anu
jelas. Ngabela diri nepi ka kudu peperangan atawa gelut jeung musuh
lain wae dina Islam, eta mah hiji hal anu universal. Jadi, bahasana
make bahasa anu universal geura sangkan kesan can nanaon geus urusan
getih teh bisa disinglarkeun.

manAR

On Wed, Sep 17, 2008 at 4:08 AM, Agus Pakusarakan
<prabu_siliwangi@ yahoo.com> wrote:
> muhun kang pan kafir teh kabagi dua
> aya kafir anu bersahabat
> aya kafir anu ngamusuhan
>
> anu bersahabat mahwajib dibelaan
> anu ngamusuhan halaldarahna
>
> kitu saur sapalih katerangan mah
>
>
>
> AGUS PAKUSARAKAN
> +62 81283 776 62 / +62 81806170432
> Jakarta
> Jl. Terusan Kuningan HR Rasuna Said No 21 Jakarta Selatan
> Garut
> Surya Regency Blok G-5 Tarogong Kaler GARUT
> ------------ --------- --------- --------- --------- --------- -
> Garut Leather Industries | IT Consultant | Pakusarakan
> ------------ --------- --------- --------- --------- --------- -
>
>
> --- On Tue, 9/16/08, Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: [kisunda] Dakwah bil hal
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, September 16, 2008, 10:46 AM
>
> Alloh ngadawuh dina surat al Baqoroh ayat 256: لَآ إِكۡرَاهَ فِى ٱلدِّين nu
> hartina "henteu aya paksaan pikeun asup agama Islam".
>
>
>
> Umat Islam teu meunang geuneuk maleukmeuk ka kaom di luar Islam, malah
> kasalametan maranéhna kudu diperhatikeun. Lamun isuk jaganing géto ti antara
> maranéhna aya nu katarik hayang asup Islam saratna kudu kalawan kasadaran
> maranéhna sorangan.
>
>
>
> Upaya nyiarkeun ajaran Islam lain malulu ku lisan atawa "dakwah billisan",
> tapi oge kudu ku tingkah laku hadé, ku ahlak nu mulya, nu disebut "dakwah
> bilhal" téa.
>
>
>
> Aya conto nu alus kacida dina jaman Kholifah Umar bin Khotob. Gubernur
> Mesir, Amir bin Asy ngarancanakeun ngalegaan pakuan katut pakaranganana. Di
> hareupeun pakuan téh aya pakarangan jeung imah urang Yahudi nu kacida
> mikaijid kana agama Islam. Sedeng tanah manéhna téh diperlukeun pisan pikeun
> ngadegkeun masjid anyar. Sanajan rék dibeuli samahal-mahalna gé ku si Yahudi
> téh teu dibikeun. Ahirna Amir bin Asy ngayakeun kakerasan. Urang Yahudi
> diusir sarta imahna dibongkar.
>
>
>
> Urang Yahudi malik teu suka terus manéhna ngadep ka Kholifah di Madinah.
> Mimitina manéhna teu percaya yén nu narima manéhna téh bener-bener kapala
> nagara, sabab nilik kana pakéan nu kacida saderhana jeung sikepna nu kacida
> soméahna, ku jalma anyar pinanggih mah pasti disangka rahayat biasa.
>
> Urang Yahudi téh disuguhan sakumaha mistina saluyu jeung timbalan Gusti
> Alloh nu ngudukeun ihsan ka jalma-jalma nu keur nyanyabaan.
>
>
>
> Réngsé laporan manéhna dibéré surat ku Kholifah pikeun gubernur Amir. Isukna
> manéhna mulang, sapanjang jalan ti mimiti pamit nepi ka cunduk deui ka
> Mesir, duka sabaraha poé atawa minggu lilana, manéhna weléh teu daék poho
> kana ahlak Kholifah Umar. Anggapan manéhna kana agama Islam mimiti robah.
>
>
>
> Mimitina mah manéhna mandeg mayong rék mikeun surat ka gubernur téh lantaran
> sieun lir ibarat oray nyampeurkeun paneunggeul, tapi manéhna
> ngawani-wanikeun manéh. Song surat téh diasongkeun. Amir bin Asy kagét
> ningali surat ti Kholifah. Sanggeus réngsé dibaca teu talangké deui anjeunna
> sasadu kalawan handap asor. Urang Yahudi téh tambah kaget, nu tadina
> rampang-reumpeung lantaran sieun disentor, ayeuna jadi hémeng. Dua pangagung
> nu sakitu dipikasérab dipikaajrih ku balaréa, tapi sikep jeung ucapna sakitu
> pikayungyuneunana, sakitu pinujina, bener-bener matak hélok jeung kataji.
> Kitu gerentesing haté leutikna. Sanggeus dipikir dibulak-balik dibeuweung
> diutahkeun, teu talangké deui harita kénéh manéhna ngedalkeun niatna nu geus
> bener-bener buleud, masrahkeun pakarangan katut imahna ka Amir kalawan teu
> kudu dibayar, terus manéhna ngucapkeun kalimah syahadat karana kasadaran
> manéhna sorangan. Manéhna jadi umat Islam nu soléh, nu bener-bener taat ka
> Alloh jeung Rosulna.
>
>
>
> Ieu téh picontoneun urang saréréa, babakuna picontoeun para pamingpin, para
> gegedén jeung para ulama, kumaha carana Kholifah jeung Gubernur dina
> ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara.
>
> Meunang nyokot ti "Ayat Suci Lenyepaneun" seratan Moh. E. Hasim
>
>
> 
 


      

Kirim email ke