ih ari simkuring teu aya maksad yen unggul nu ngamusuh kudu ditelasan mung pan 
kitu saur katerangana maenye halal darah kudu di genti ku naon atuh basana? pan 
bahasana teh halal darahna persamanana naon atuh.. bejaan sikuring.. 
da' ceuk pun bapak mah mun hideung nya hideung mun boda nya bodas

saru ceuk salah hiji nu ceramah jumaahan di masjdi BSD

mun urang nanjerkeun beberan mah loba halangan nana
HAM tea lah... bahasa tea lah... jeung sajabana..

nu jelas mun kafir anu duduluran atawa bersahabat eta mutalk wajid jeug kudu 
dibelaan di jaga jeung diriksa anu nu ngamusuh nya sabalikan atuh sanes kitu.. 

nya ari kang oman sareng nu sanes gaduh penafsairan langkunr pularis mah nya 
mangga teuing rada benten panginten jeung abdi cara berfikirna..

intina mun urang aya perbedaan tafsiran nya hayu urang balik deui kana 
al-qur'an we sok pang jelaskeun.. 

baktos

AGUS PAKUSARAKAN 
+62 81283 776 62  / +62 81806170432
Jakarta
Jl. Terusan Kuningan HR Rasuna Said No 21 Jakarta Selatan
Garut
Surya Regency Blok G-5 Tarogong Kaler GARUT
------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Garut Leather Industries | IT Consultant | Pakusarakan
------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
 


--- On Wed, 9/17/08, Aseptea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> From: Aseptea <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] Dakwah bil hal
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, September 17, 2008, 9:11 AM
> Leres kang Oman, mugia kang Agus sing atos-atos dina
> perkawis ieu. Cobi kang Agus aos deui sing teleb ayat-ayat
> anu patali sareng peperangan. Punten kang Agus, punten
> pisan, sanes bade mamatahan ngapung ka heulang.
> 
> Baktos,
> Asep
>  
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, September 17, 2008 7:01:30 AM
> Subject: Re: [kisunda] Dakwah bil hal
> 
> 
> Kang Agus, punten eung bahasana ulah teugeug teuing, oge
> kudu ati-ati
> urusan getih mah. Halal darahna teh teu kitu wae. Piraku
> karana
> ngamusuhan ujug-ujug halal darahna. Kuring percaya yen dina
> Islam enya
> oge dimeunangkeun nelasan musuh, tapi kudu aya sabab
> musababna anu
> jelas. Ngabela diri nepi ka kudu peperangan atawa gelut
> jeung musuh
> lain wae dina Islam, eta mah hiji hal anu universal. Jadi,
> bahasana
> make bahasa anu universal geura sangkan kesan can nanaon
> geus urusan
> getih teh bisa disinglarkeun.
> 
> manAR
> 
> On Wed, Sep 17, 2008 at 4:08 AM, Agus Pakusarakan
> <prabu_siliwangi@ yahoo.com> wrote:
> > muhun kang pan kafir teh kabagi dua
> > aya kafir anu bersahabat
> > aya kafir anu ngamusuhan
> >
> > anu bersahabat mahwajib dibelaan
> > anu ngamusuhan halaldarahna
> >
> > kitu saur sapalih katerangan mah
> >
> >
> >
> > AGUS PAKUSARAKAN
> > +62 81283 776 62 / +62 81806170432
> > Jakarta
> > Jl. Terusan Kuningan HR Rasuna Said No 21 Jakarta
> Selatan
> > Garut
> > Surya Regency Blok G-5 Tarogong Kaler GARUT
> > ------------ --------- --------- --------- ---------
> --------- -
> > Garut Leather Industries | IT Consultant | Pakusarakan
> > ------------ --------- --------- --------- ---------
> --------- -
> >
> >
> > --- On Tue, 9/16/08, Aseptea <[EMAIL PROTECTED]
> com> wrote:
> >
> > From: Aseptea <[EMAIL PROTECTED] com>
> > Subject: [kisunda] Dakwah bil hal
> > To: [EMAIL PROTECTED] .com
> > Date: Tuesday, September 16, 2008, 10:46 AM
> >
> > Alloh ngadawuh dina surat al Baqoroh ayat 256: لَآ
> إِكۡرَاهَ فِى ٱلدِّين nu
> > hartina "henteu aya paksaan pikeun asup agama
> Islam".
> >
> >
> >
> > Umat Islam teu meunang geuneuk maleukmeuk ka kaom di
> luar Islam, malah
> > kasalametan maranéhna kudu diperhatikeun. Lamun isuk
> jaganing géto ti antara
> > maranéhna aya nu katarik hayang asup Islam saratna
> kudu kalawan kasadaran
> > maranéhna sorangan.
> >
> >
> >
> > Upaya nyiarkeun ajaran Islam lain malulu ku lisan
> atawa "dakwah billisan",
> > tapi oge kudu ku tingkah laku hadé, ku ahlak nu
> mulya, nu disebut "dakwah
> > bilhal" téa.
> >
> >
> >
> > Aya conto nu alus kacida dina jaman Kholifah Umar bin
> Khotob. Gubernur
> > Mesir, Amir bin Asy ngarancanakeun ngalegaan pakuan
> katut pakaranganana. Di
> > hareupeun pakuan téh aya pakarangan jeung imah urang
> Yahudi nu kacida
> > mikaijid kana agama Islam. Sedeng tanah manéhna téh
> diperlukeun pisan pikeun
> > ngadegkeun masjid anyar. Sanajan rék dibeuli
> samahal-mahalna gé ku si Yahudi
> > téh teu dibikeun. Ahirna Amir bin Asy ngayakeun
> kakerasan. Urang Yahudi
> > diusir sarta imahna dibongkar.
> >
> >
> >
> > Urang Yahudi malik teu suka terus manéhna ngadep ka
> Kholifah di Madinah.
> > Mimitina manéhna teu percaya yén nu narima manéhna
> téh bener-bener kapala
> > nagara, sabab nilik kana pakéan nu kacida saderhana
> jeung sikepna nu kacida
> > soméahna, ku jalma anyar pinanggih mah pasti disangka
> rahayat biasa.
> >
> > Urang Yahudi téh disuguhan sakumaha mistina saluyu
> jeung timbalan Gusti
> > Alloh nu ngudukeun ihsan ka jalma-jalma nu keur
> nyanyabaan.
> >
> >
> >
> > Réngsé laporan manéhna dibéré surat ku Kholifah
> pikeun gubernur Amir. Isukna
> > manéhna mulang, sapanjang jalan ti mimiti pamit nepi
> ka cunduk deui ka
> > Mesir, duka sabaraha poé atawa minggu lilana,
> manéhna weléh teu daék poho
> > kana ahlak Kholifah Umar. Anggapan manéhna kana agama
> Islam mimiti robah.
> >
> >
> >
> > Mimitina mah manéhna mandeg mayong rék mikeun surat
> ka gubernur téh lantaran
> > sieun lir ibarat oray nyampeurkeun paneunggeul, tapi
> manéhna
> > ngawani-wanikeun manéh. Song surat téh diasongkeun.
> Amir bin Asy kagét
> > ningali surat ti Kholifah. Sanggeus réngsé dibaca
> teu talangké deui anjeunna
> > sasadu kalawan handap asor. Urang Yahudi téh tambah
> kaget, nu tadina
> > rampang-reumpeung lantaran sieun disentor, ayeuna jadi
> hémeng. Dua pangagung
> > nu sakitu dipikasérab dipikaajrih ku balaréa, tapi
> sikep jeung ucapna sakitu
> > pikayungyuneunana, sakitu pinujina, bener-bener matak
> hélok jeung kataji.
> > Kitu gerentesing haté leutikna. Sanggeus dipikir
> dibulak-balik dibeuweung
> > diutahkeun, teu talangké deui harita kénéh manéhna
> ngedalkeun niatna nu geus
> > bener-bener buleud, masrahkeun pakarangan katut imahna
> ka Amir kalawan teu
> > kudu dibayar, terus manéhna ngucapkeun kalimah
> syahadat karana kasadaran
> > manéhna sorangan. Manéhna jadi umat Islam nu soléh,
> nu bener-bener taat ka
> > Alloh jeung Rosulna.
> >
> >
> >
> > Ieu téh picontoneun urang saréréa, babakuna
> picontoeun para pamingpin, para
> > gegedén jeung para ulama, kumaha carana Kholifah
> jeung Gubernur dina
> > ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara.
> >
> > Meunang nyokot ti "Ayat Suci Lenyepaneun"
> seratan Moh. E. Hasim
> >
> >
> >


      

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke