Haturan baraya hanca surah Yaa Siin ayat 41-50.
Salam
Jalak Pakwan
Tarjamah Surah Yaa Siin 41-50
41. وَءَايَةٌ۬ لَّهُمۡ أَنَّا حَمَلۡنَا ذُرِّيَّتَہُمۡ فِى ٱلۡفُلۡكِ
ٱلۡمَشۡحُونِ Jeung hiji tanda (kakawasaan Gusti Alloh nu gedé) pikeun maranéhna
téh nyaéta Kami geus ngangkut katurunanana dina parahu (Nabi Nuh) anu pinuh ku
muatan.
42. وَخَلَقۡنَا لَهُم مِّن مِّثۡلِهِۦ مَا يَرۡكَبُونَ Jeung kami geus
nyiptakeun (ku jalan ngajarkeun cara nyieuna) keur maranéhna anu sarupaning
(parahu Nabi Nuh) éta, anu ku maranéhna bisa ditarumpakan.
43. وَإِن نَّشَأۡ نُغۡرِقۡهُمۡ فَلَا صَرِيخَ لَهُمۡ وَلَا هُمۡ يُنقَذُونَ
Padahal upama Kami ngersakeun, tanwandé Kami ngaremkeun maranéhna, maka moal
aya anu nulungan tur moal aya nu nyalametkeun maranéhna;
44. إِلَّا رَحۡمَةً۬ مِّنَّا وَمَتَـٰعًا إِلَىٰ حِينٍ۬ Tapi (Kami nyalametkeun
maranéhanana) ku dibikeuna rahmat nu gedé ti Kami sarta pikeun méré kasenangan
hirup nepi ka hiji mangsa (ajal datang).
45. وَإِذَا قِيلَ لَهُمُ ٱتَّقُواْ مَا بَيۡنَ أَيۡدِيكُمۡ وَمَا خَلۡفَكُمۡ
لَعَلَّكُمۡ تُرۡحَمُونَ Jeung upama diomongkeun ka maranéhna: "Masing sieun
aranjeun kana siksaan anu aya dihareupan anjeun (siksa dunya) jeung siksa nu
bakal datang (siksa akherat) supaya aranjeun dibéré rohmat." (tapi maranehanana
tetep bae ngabalieur).
46. وَمَا تَأۡتِيہِم مِّنۡ ءَايَةٍ۬ مِّنۡ ءَايَـٰتِ رَبِّہِمۡ إِلَّا كَانُواْ
عَنۡہَا مُعۡرِضِينَ Jeung sakali-kali henteu datang ka maranéhna mangrupa hiji
tanda tina tanda-tanda kakawasaan Gusti Alloh, anging maranéhna ngabalieur, teu
nganggap eta tanda.
47. وَإِذَا قِيلَ لَهُمۡ أَنفِقُواْ مِمَّا رَزَقَكُمُ ٱللَّهُ قَالَ ٱلَّذِينَ
ڪَفَرُواْ لِلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ أَنُطۡعِمُ مَن لَّوۡ يَشَآءُ ٱللَّهُ
أَطۡعَمَهُ ۥۤ إِنۡ أَنتُمۡ إِلَّا فِى ضَلَـٰلٍ۬ مُّبِينٍ۬ Jeung upama
diomongkeun ka maranéhna: "Geura darmakeun sabagian tina saniskara anu
dikaruniakeun Gusti Alloh ka arandika!" Pok jalma-jalma anu kalafir téh nyarita
ka jalma-jalma anu ariman: "Naha kaula saréréa bet kudu maraban jalma-jalam
anu upama Gusti Alloh ngersakeun tanwandé Anjeunna maparin dahareun ka
maranéhna?" Saéstuna eta jalma-jalma kalafir téh aya dina kasasaran nu tétéla.
48. وَيَقُولُونَ مَتَىٰ هَـٰذَا ٱلۡوَعۡدُ إِن كُنتُمۡ صَـٰدِقِينَ Jeung eta
jalma-jalma nu kalafir teh nyarita: "Iraha atuh tumibana jangji (poé
dihudangkeun/dihirupkeun deui) téh upama enya mah arandika jalma-jalma
balener?"
49. مَا يَنظُرُونَ إِلَّا صَيۡحَةً۬ وَٲحِدَةً۬ تَأۡخُذُهُمۡ وَهُمۡ يَخِصِّمُونَ
Maranéhna henteu kudu ngadagoan salian ti hiji sora jumerit anu tumiba ka
maranéhna sabot maranéhna keur pacogrégan (balangah ku pacogregran, jual beuli
jste.)
50. فَلَا يَسۡتَطِيعُونَ تَوۡصِيَةً۬ وَلَآ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِمۡ يَرۡجِعُونَ Tuluy
nepi ka maranéhna henteu wasa nyieun wasiat oge henteu bisa marulang deui ka
kulawargana.
Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/