Enjing urang lebetkeun kana wikipedia, kang Tirta. Juz amma dina wikipedia kantun opat serat deui nu teu acan beres; mudah-mudahan enjing tiasa dibereskeun sadayana meungpeung teu acan cuti.
Mangga lajengkeun. Salam, Asep ----- Original Message ---- From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, September 18, 2008 9:48:14 AM Subject: Hanca ayat 41-50 Re: [kisunda] TQBS - Yaa Siin Haturan baraya hanca surah Yaa Siin ayat 41-50. Salam Jalak Pakwan Tarjamah Surah Yaa Siin 41-50 41. وَءَايَةٌ۬ لَّهُمۡ أَنَّا حَمَلۡنَا ذُرِّيَّتَہُمۡ فِى ٱلۡفُلۡكِ ٱلۡمَشۡحُونِ Jeung hiji tanda (kakawasaan Gusti Alloh nu gedé) pikeun maranéhna téh nyaéta Kami geus ngangkut katurunanana dina parahu (Nabi Nuh) anu pinuh ku muatan. 42. وَخَلَقۡنَا لَهُم مِّن مِّثۡلِهِۦ مَا يَرۡكَبُونَ Jeung kami geus nyiptakeun (ku jalan ngajarkeun cara nyieuna) keur maranéhna anu sarupaning (parahu Nabi Nuh) éta, anu ku maranéhna bisa ditarumpakan. 43. وَإِن نَّشَأۡ نُغۡرِقۡهُمۡ فَلَا صَرِيخَ لَهُمۡ وَلَا هُمۡ يُنقَذُونَ Padahal upama Kami ngersakeun, tanwandé Kami ngaremkeun maranéhna, maka moal aya anu nulungan tur moal aya nu nyalametkeun maranéhna; 44. إِلَّا رَحۡمَةً۬ مِّنَّا وَمَتَـٰعًا إِلَىٰ حِينٍ۬ Tapi (Kami nyalametkeun maranéhanana) ku dibikeuna rahmat nu gedé ti Kami sarta pikeun méré kasenangan hirup nepi ka hiji mangsa (ajal datang). 45. وَإِذَا قِيلَ لَهُمُ ٱتَّقُواْ مَا بَيۡنَ أَيۡدِيكُمۡ وَمَا خَلۡفَكُمۡ لَعَلَّكُمۡ تُرۡحَمُونَ Jeung upama diomongkeun ka maranéhna: "Masing sieun aranjeun kana siksaan anu aya dihareupan anjeun (siksa dunya) jeung siksa nu bakal datang (siksa akherat) supaya aranjeun dibéré rohmat." (tapi maranehanana tetep bae ngabalieur). 46. وَمَا تَأۡتِيہِم مِّنۡ ءَايَةٍ۬ مِّنۡ ءَايَـٰتِ رَبِّہِمۡ إِلَّا كَانُواْ عَنۡہَا مُعۡرِضِينَ Jeung sakali-kali henteu datang ka maranéhna mangrupa hiji tanda tina tanda-tanda kakawasaan Gusti Alloh, anging maranéhna ngabalieur, teu nganggap eta tanda. 47. وَإِذَا قِيلَ لَهُمۡ أَنفِقُواْ مِمَّا رَزَقَكُمُ ٱللَّهُ قَالَ ٱلَّذِينَ ڪَفَرُواْ لِلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ أَنُطۡعِمُ مَن لَّوۡ يَشَآءُ ٱللَّهُ أَطۡعَمَهُ ۥۤ إِنۡ أَنتُمۡ إِلَّا فِى ضَلَـٰلٍ۬ مُّبِينٍ۬ Jeung upama diomongkeun ka maranéhna: "Geura darmakeun sabagian tina saniskara anu dikaruniakeun Gusti Alloh ka arandika!" Pok jalma-jalma anu kalafir téh nyarita ka jalma-jalma anu ariman: "Naha kaula saréréa bet kudu maraban jalma-jalam anu upama Gusti Alloh ngersakeun tanwandé Anjeunna maparin dahareun ka maranéhna?" Saéstuna eta jalma-jalma kalafir téh aya dina kasasaran nu tétéla. 48. وَيَقُولُونَ مَتَىٰ هَـٰذَا ٱلۡوَعۡدُ إِن كُنتُمۡ صَـٰدِقِينَ Jeung eta jalma-jalma nu kalafir teh nyarita: "Iraha atuh tumibana jangji (poé dihudangkeun/ dihirupkeun deui) téh upama enya mah arandika jalma-jalma balener?" 49. مَا يَنظُرُونَ إِلَّا صَيۡحَةً۬ وَٲحِدَةً۬ تَأۡخُذُهُمۡ وَهُمۡ يَخِصِّمُونَ Maranéhna henteu kudu ngadagoan salian ti hiji sora jumerit anu tumiba ka maranéhna sabot maranéhna keur pacogrégan (balangah ku pacogregran, jual beuli jste.) 50. فَلَا يَسۡتَطِيعُونَ تَوۡصِيَةً۬ وَلَآ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِمۡ يَرۡجِعُونَ Tuluy nepi ka maranéhna henteu wasa nyieun wasiat oge henteu bisa marulang deui ka kulawargana. ________________________________ Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
