Kang Eddy hatur nuhun kana seratanana. Seratan kang Eddy  ngageuingkeun deui 
dasar karuhun nu dina carita Pohaci ngagambarkeun karuhun nyekel kayakinan 
ayana Nu Maha Kawasa lian ti usaha nu dilakukeun manusa. Ngan biasa lah ari 
carita sok jadi kawas nu ngeunah maca jeung ngadengena tapi hese dipikaharti ku 
balarea, ku jalma biasa. Komo ayeuna mah jaman but bet kieu, heureut malah teu 
boga waktu keur neuleumanana. Jadi pohaci teh bener2 jadi dongengek, dianggap 
dongeng asal dongeng.
 
Tina paparan Pohaci, nya atuh kumaha urang sunda supaya jadi programmer handal 
nu gaduh ideu, pamikiran nu cemerlang? Ceuk sim kuring mah mulung tina carita 
Pohaci koncina kedah connect ka Nu Maha Kawasa. Aya profil na kompas 5 taun 
kapengker ngeunaan Prof. Andrianto Handojo, gurubesar ITB ahli optic, fisika, 
laser reputasi internasional. Anjeuna nalatahan yen kondisi beresih jadi dasar 
kaluarna ideu cemerlang! Naha bisa? Sabab kondisi beresih ngababarikeun akses 
ka Nu Maha Kawasa. Tah pami dina seratan kang Eddy mah eta nu matak matihna 
Pwah.. Jadi urang sunda moal aya peurahan, moal bisa jadi programmer nu handal 
sabab Pwah na teu matil lamun geus teu nyekel ayana Nu Maha Kawasa.
 
Ngan diemutan geuning tina seratan teh gedena peran programmer dina nyieun 
program  nu hade. Nya kumaha programmer wae nangtukeun Quality Assurance 
program nu dijieun, rek unggal poe, rek 3 bulanan, 7 bulanan atawa pola 
sejena.  Kitu oge dina masalah install, unsinstall program eta oge geuning  
kumaha programmerna.  Terasna masalah program nya jentre geuning media-na, bisa 
make barang teu nyawaan (teluh?) atanapi ka nu hirup oge (janin, piorokeun). 
 
Khusus ngeunaan uninstall program ka nu sakarat ceuk kuring mah eta kaasup 
program cawad atawa programmerna teu mere solusi mun listrik pareum. Bisa oge 
urang nu salah tampa sabab listrik mun pareum mah pareum we teu kudu gumantung 
kana progam nu keur dijalankeun.
 
Tina seratan kang Eddy via Carita Pohaci intina jalma (Urang Sunda) gede pisan 
peranna salaku programmer. Program nu dijieun Pwah, matih henteuna gumantung ka 
Nu Maha Kawasa. Nu jadi teguran: Asana urang loba ngulibek diskusi, debat teu 
guna ngeunaan nu mana Nu Maha Kawasa batan kumaha ngeunaan AKSESna. Tuluy loba 
teuing ngaributkeun program bari teu ngarti sabuleudna maksud jeung tujuan oge 
naon2na hiji Program. Masalah beberesih, sigana puasa mangrupakeun cara nu 
ampuh, efektif, tapi masalah jenis puasa naha rek beubeutian, bubuahan atawa 
puasa senen kemis teu kudu diperdebatkeun. Eta mah nu kudu diprakgawekeun.
 
Sakitu pamendak sim kuring, pamendak selingan da seratan Kang Eddy masih lajeng 
sanes? Diantos lanjutan serialna. Hatur nuhun sateuacana.
 
Nyuhunkeun dihapunten bengkok, teu nyambungna pamendak sim kuring.
 
Salam,
Jalak Pakwan

 


----- Original Message ----
From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, September 16, 2008 1:19:49
Subject: [kisunda] POHACI: (III) NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA 
POHACI SANG HYANG DEWEK



Kang Ilen, assalamualaika

.....sigana nu tos ngawitan kana pohaci sang hyang sri mah bagian 
salajengna….....raosan heula bagian –kaorokan- he..he… manawi pareng pas 
lilikuran dodongeng ulikan tangtung pohaci sanghyang sri kakintunkeun. 

Baktosna,
Eddy nugraha

==========

POHACI: (III)

NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK

VI

Tina carita diluhur, beuki atra yen aci-acining kadaharan teh ku bantuan daya 
hirup (sukma) ti nu maha suci (pwahna/gunana) jadi pohaci - jeung tambahan doa 
indung bapa sab Allah mah ngabulkeun doa. Nya eta tea nu ngajadikeun janin jadi 
hirup bari hurip. Matak kudu hurmat pisan ka pohaci teh sabab enya manfaat 
tutulungna ka jelema.

Pan kongas dulur-dulur urang kanekes mah dina ngawincik asal-usul luluhur teh 
ti mimiti indung-bapa tuluy ka aki-nini, buyut, bao,udeg-udeg, janggawareng, 
kakait siwur tuluyna/ahirna mah ka bapa Adam indung Hawa. Ieu nunjukkeun 
kawinekasan aranjeuna sabab ari Adam teh pan tina taneuh ari hawa teh pan di 
sundamah udara atmosphere (hawa teh mani seger, mani nyongkab, mani tiis jrrd). 
Nya tangtu heueuh pisan enyana da jadina jelema timimiti anak sudang teh asalna 
mah tina aci-acining taneuh nu bisa dihakan ku jelema kusabab aya Hawa nu 
ngabayuan nu ngajadikeun pohaci tiasa nyata/turun di buana pancatengah. Moal 
aya jelema di dunya lamun euweuh hawa nu ngajadikeun taneuh tempat hirup hurip 
bijil cai curcor tutuwuhan sasatoan manggapulia. 

Di situs purba gunung padang Cianjur oge di undakan pangluhurna- luhureun/ 
pengkeureun ‘makam/kedudukan’ Sang Siliwangi teh aya ‘batu’ makam/kedudukan 
Bapa Adam Indung Hawa-dihandapna aya taneuh nu sok dibekelkeun kanu jarah. 
Cenah aya maunatna lamun boga pamaksudan. Sacara wijaksana luluhur mere siloka 
nyaeta nu utama lamun boga kahayang hayang laksana nya omean taneuh maneh (awak 
teh asalna tina aci-aci taneuh) – kawas taneuh nu boga karamat- ameh nyari 
meureun payu. 

VI

Lamun geus lahir……

Balina lumrahna dikubur deui hartina dibalikeun ka taneuh (nu jadi asal mula 
Adam) bari di program keun supaya ngahiji deui make aci-acining uyah panglay 
jrrd supaya jadi Pohaci Dangdayang Sari nganteur lebur jeung taneuh sa dunya 
sarina asup deui ka awak-awak jelema mantuan jelema. 

Matak sabenerna kudu daek make parancah indung beurang supaya budak walagri ku 
ngado’a mere program nitip (ctrl-C, ctrl-V) dina ‘memory dunya’ ngaliwatan 
balina nu dileburkeun deui jeung taneuh. Ayeuna mah urang sunda loba nu teu 
wanoh ka pohaci Dangdayang Sari, ngaapilainkeun atawa dina nguburna sok teu 
pati ngajenan jeung nganggap ngan saukur sarat komo loba nu nganggap ngan 
saukur adat - buktina dina migawena teh Bapana nu boga tanggung jawabna nu 
TUANGna tara ngilu-ngilu acan. Padahal nu penting mah bapana mere do’a/program 
meungpeung balina ‘alus’ keneh bisa nyimpen memory program du’a memeh di lebur 
balik ka asal ngahiji jeung puseur asalna. 

Bali budak teh, aya oge nu digantung jadi kanjut kunang pakeun dipake 
ubar/tumbal/ jimat jrrd sanggeus ngaliwatan ‘program’ parancah khusus nu engke 
make setting ‘time-counted program’ nu bareng larut/leungit lamun budakna 
waktuna maot. Ayeuna aya beja ti rumah sakit di Singapore aya program nyimpen 
bali orok di hospital. Waragadna ratusan juta perak, cenah dokter-dokterna 
yakin yen ti eta balina bisa dipake sumber diagnosa jeung ubar pakeun sagala 
panyakit budakna kahareupnakeun mun katerap. Pan dina basa sunda mah aya 
paribasa nu geus nahun BALI GEUSAN NGAJADI. Baheula dipake ku urang sunda 
ayeuna di mangfaatkeun ku singapura (sanajan can tangtu beunang nanya ti indung 
beurang) …. sugema pisan…. nu sorangan dipiceun ari perlu mayar ka deungeun.

VII

Kumaha timimiti orok nepi ka jadi jelema? Kumaha carita pantun nu di caritakeun 
timimiti teh nerapna..euy? 
Jeung kumaha maksud tulisan nyuguh pohaci meungpeung puasa? Bari pohacina 
ngaku-ngaku wani nyebut pohaci sang hyang dewek sagala?? Teu sieun katulah??... 
.puah…puah…

(Urang kintunkeun bagian salajengna upami pareng)

 


      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke