haturan para wargi,
hapunten anu kasuhun pami teu merenah kalakuan kuring
da kecap eta wungkul nu tiasa dikedalkeun

asa kagagas wirehna aya pedaran ngeunaan bedog
kuring inget mangsa katukang,
sok rajeun ningal bentuk bedog teh aya oge anu betekok alias bureuteu
eta bedok teh salah sawiosna anu sok disosoren ku Mang Astrajingga
ti tumaritis
.
.
.
ari tatangga kuring di Selareuma, sok ngangge bedog betekok teh
diangge kanggo ngala cangkaleng, ngala lahang, daun kawung sareng sanesna...

aduh punten eta lahang tina kawung teh meni amis sareng matak tunduh
komo pami dicampur es mah.... aduh alah... engke pami tos buka
seger..sa awak-awak... teras netepan sakulawarga
ngan ayeuna mah da hese mendakan nu kitu
kahalangan ku faktor geografis

tos lami pisan kuring tara nyekel bedog
da eta di panganjrekan teh bentukna teu cocog sareng hate,

laguna teh kieu pan :
.
.
.
tingtung bedog buntung
tungtang bedog rompang
het het kuda janggotan
kelek monyet heheotan
badung bangpak dut..... emmmmm
(cnah eta lagu teh kaluarna di jaman penjajahan
nyindiran kuwu anu medit )
.
.
.

ari lumpat ka jepang mah saurna teh mung 3N

nitenan
niru
nambahan

tah ki dulur sadayana,
di ieu milis oge sami
aya keneh anu nembe

nitenan....can nincak kanu sejena
hampura kasadayana,



--- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Yana, hatur nuhun kana seratanana, khususna BATUR AREK URANG
ANGGEUS.
> Luar biasa,.....nyaan matak sim kuring nyebut Luar Biasa sabab sapopoe
geus poekeun, teu wawuh deui kana value ti karuhun nu agung. Teu aya tawar
menawar, nawis nawis.....piceun adat pamalesan, piceun istilah alon2 asal
kelakon.
>
> cag ah
> JP
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Saturday, September 20, 2008 20:54:04
> Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae
nya..!!)
>
>
> Kang Tirta oge baraya....nu dipihormat
> Musashi jago Samurai di abad 15 sa jaman jeung Ki Bunisora jago silat nu
mawa sumanget raja diajar GELUT / perjuangan/ strugle is way of life.
> Sumangat Musashi diaplikasikeun keur kamajuan bangsa Jepang dina cara
ngawangun bangsa jadi nagara sajajar jeung USA, German Raya, Inggris nu di
sebut nagara industri.
> Â
> Nu dimaksud nagara industri infrasturktur hiji produks eta bangsa sarua
100% jeung 3 bangsa nu ngawasa industri canggih, kitu oge Russia.
> Heug siah iraha US tiasa ngudag eta 5 nagara, sa enyana bisa terapkeun
ilmu urang Kanekes, ilmu Ki Bunisora haru urang BERSILAT.
> Â
> Karate Jepang bisa asup Olympic diajar heula ka Cimande di jaman PD II
pendekars sunda ngasahan jeung ngasihan serdadu Jepang nu lolobana urang
Korea.
> Â
> Korea taek kwondona tos abus Olympic maranehna diajar ka Jepang kerja
keras 3 x lipat tanaga kerja Jepang dina kecepatan /gesitna gawe / batur
arek urang anggeus. Lamun nagara dipimpin kunu alon2 asal kelakon 100 % moal
ka udag eta tujuan jadi nagara industri.
> Â
> Jepang maju barudak ngora seuna di ajar ka luar nagri tapi kudu balik deui
ka asalna, kabeh ilmu teknlogy dirawuan ku barudak ngora di sababaraha
nagara eropa ka asup asia, ilmu2na dirempugkeun di Jepang jadi bangsa nu
mandiri nyaingan bangsa anu dedeg gede urang inggris jeung USA. Ayeuna Korea
nuturkeun.
> Â
> Hiji deui nagara Jepang loba cobaan taneuhna pinuh ku gempa jeung T sunami
unggal taun, tapi ngabuktikeun tantangan alam nyaimbangankeun sumanget
Jepang nu dicontokeun ku Musashi.
> Â
> Hayang nyaho cara militer USA lamun perang jeung sainganana ilmuna nyokot
konsep ti ulin sunda/maenpo/ penca nu tos umum "BATUR AREK URANG ANGGEUS".
> Jadi lain maen teunggeul jeung tajong wae hartina,  etika peperangan USA
emang EDAN, kakarak oge lawan nyiapkeun bedil , militer USA mah ngeus
ngabedilan musuhna.
> Â
> Kuwait contona di bantu ku USA keur nyerang Irak eta hiji conto ancur
lebur eta kota nu pinuh ku  sajarah kamakmuran kota Babylon. Tapi tong
salah sa acan nyerang Irak mantuan Kuwait kabeh duit kuawait jeung batangan
emas di keduk heula /batur arek urang anggeus. Keun wae da minyakna ngocor
terus da arab2na pamalesan ceuk urang USA
> Â
> Dina taktik digawe pangalaman kuring jeung bangsa USA tetep kudu siap jiga
konsep batur arek urang anggeus lompatna ka ulin sunda . Conto/fakta real di
tempat gawe dina sagala widang.
> Â
> Sakitu heula hubungan penca jeung kahirupan di dunya, mangga wae upami
profesina dzikir terusmah
> da alloh mah ngaping sorga imbalanana.
> Â
> Â
> Baktos
> Kang Yana
> Â
> Â
> Â
> Â
> Â
> , September 20, 2008 10:27:53 PM
> Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae
nya..!!)
>
>
> Ambu, Kang Yana, Kang Oca, KO, MH wargi, baraya daramang?
> Â
> Saleresna Jepang oge teu sampurna pisan, pernah grogi ku "globalisasi"
nepi ka nutup diri heula ti bangsa luar (jaman Tokugawa?). Tatakrama, etika
Jepang dikuatkeun internal. Nu disarakolakeun ka mancanagara elmuna
ditarjamahkeun kana basa Jepang, terus....ditalungti k dicocogkeun jeung
tradisina, di adaptasikeun ka kabogaanana.
>
> Asup jaman modern (pasca PD 2??) Jepang oge grogi deui wae, generasi
ngorana mangmang ku penjajah bageur (USA) loba tradisi nu dilarang. Terus
kaluar we novel Musashi....luar biasa nu ngarahkeun bangsa Jepang kanaÂ
jalan pedang, pangasah jiwa (soul polisher). Samurai dicaram, kaluar kendo
nu diajarkeun ti barudak SD nepi ka aki-aki!
>
> Key points:
> 1. Guar niley (values) sunda, olah jeung elmu kiwari, teang values sunda
moncorong kahareup
> 2.  Balikeun deui tradisi penca silat ka urang sunda
>
> baktos
> Jalak Pakwan
> Â ~ experientia docet sapientiam ~
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, September 20, 2008 19:08:35
> Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae
nya..!!)
>
>
> ABAH nu dipihormat "guru wong atuwo karo..." (tong diaos "karo..oh " bilh
bendu)
>
>
> ieu tah nu complicated teh tur na menarik dan tumetep "IN" untuk  studi
sosial budaya. Duka teh teuing...ieung. .. iraha SUNDA bakal nanjeurkeun
"jatina" duka iraha kahontalna.. .
>
> Mung abdi mah emut bae.....babandingan ana sareng JEPANG nya, oge CINA
> 1) nanjeurkeun aksara sareng bahasa nasional
> janten daek-teu daek nu nganjang ka maranehna teh kdah diajar aksara
sareng bahasa manehna...
> 2) mengangkat TRADISI dan ADAT ISTIADAT KARUHUN secara nasional menjadi
kepribadian budaya bangsa, boh tina segi sosial, politik, ekonomi jrrd
> mesikpun di alam modern yang serba teknologi canggih
> - kimono menjadi pakaian nasional anu maneh bahkan MENONJOL shg banyak
internasional yang tertarik memakainya - makanan tradisional diangkat dan
dikemas apik (dango)
> - alam terpelihara dengan baik (konon hutan JEPANG masih 70% lestari
dipulasara)
> - BAMBU diangkat dan dikemas ke dalam berbagai kebutuhan kebudayaan
(termasuk senikriya yang sangat menonjol)
> - makanan, cara makanan dan kebiasaan sehari-hari (termasuk upacara minum
teh) juga diangkat oleh seluruh masyarakat JEPANG secara SADAR sehingga "go
international)
>
> Tong hilap > rehna JEPANG oge ngusahakeun SAIMBANG rmasyarakat di alam
modern dengan idea international bahkan secara ekonomi dan teknologi
termasuk yang paling menonjol di dunia (dugi ka disebut imperialisme
industri ku nagara2 Eropa/dunia barat)
>
> Di satu pihak JEPANG menonjolkan kepribdiannya dikala yang sama juga mampu
meraup dunia...
>
> semua yang dimiliki JEPANG sebenarnya juga ada di INDONESIA bahkan lebih
kaya dan sangat bervariatif. ...
>
> inilah ironisme kontradiktif yang sangat complicated
> bagaimana solusinya... . skurang-kurang JPANG isa menjadi CERMIN DIRI
kita... bahwa kita pun SEHARUSNYA mampu berbuat demikian.... sebab JPANG
juga negara KLASIK dengan segala KESADARANnya YANG TINGGI....
>
> AMBU
>
> Â
>
> ----- Original Message ----
> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>;
baraya_sunda@ yahoogroups. com
> Sent: Sunday, September 21, 2008 12:42:16 AM
> Subject: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
>
>
> ngiring ngawadul sakedik. sim uing kungsi ngadongeng jeung tukang
> sosiologi nu sok noongan urang dayak. urang dayak oge karesepna
> ngahuma. numutkeun manehna
> cenah mah milih tempat pihumaeun teh upama ditengetan tetela periodik
> - dina mangsa
> nu tangtu bakal balik deui ka tempat asal nu kungsi dijadikeun huma.
> ngan cilakana sok
> katempuhan, majar cenah ngaruksak leuweung. padahal nu ngaruksak leuweung
mah
> nu ngabukbak leuweung ngala kaina, make mesin modern.
>
> ayeuna perkara huma, aya kahemeng kuring: upama masyarakat urang ahli
> ngahuma, kuanon nya teu dikembangkeun teknologina jiga teknologi
> nyawah. atawa kuring nu teu
> apal kitu, yen aya teknologi huma nu geus ditaratas ku para jawara
> fakultas pertanian unpad
> atawa ipebe. cing ka baraya di rengrengan pertanian, rada ngadongeng
> ah, sugan aya
> pengembangan teknologi huma. sabab uing ngotektak beja teknologi huma
> di internet,
> weleh teu manggih, aya oge manggih di nagri tatangga.
>
> upama noong ka urang kulon, apan kadaharan uatamana teh kumeli jeung
> gandum, hasil huma tea. geuning kebon kumeli kentang ngekngek oge
> gandum bisa dikembangkeun sakitu rohakana. buktina jaringan warung
> hayam goreng kfc atawa mcd nu make kumeli lain kejo nyaliara
> kamana-mana. cing ari melak pare huma bisa teu dimekanisasi jiga melak
> kumeli jeung gandum.apan kiwari mah,cai keur irigasi bisa disedot jadi
> hujan buatan keur nyebor kebon.
>
> salam,
> mh
>
> On Sat, Sep 20, 2008 at 10:14 PM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net> wrote:
> > 
> > Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma,
> > alatanan nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba
gunung,
> > atuh alatan sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti bihari tug
nepi ka
> > kiwari masih keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan sakadar ngahuma tapi
deuih
> > sok disebut masarakat nu pipindahan (semi sedenter). Lamun enya
pipindahan
> > naha pipindahan anu kumaha, nomaden dina harti pindah sakarepna siga
kaum
> > Gipsi di Eropah, atawa ngan semi sedenter siga masarakat Kanekes
ayeuna?.
> > Keur kuring mah asa cop kana semi sedenter, sacara periodik bakal balik
deui
> > ka awal ( ceuk hiji buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun
kakara
> > balik deui ngaropea tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah
> > populasi beuki loba hartina lahan beuki saeutik).
> > Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu
utama,
> > ngan sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah tetep
jadi
> > banda pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan meureun teu pati
> > diurus. Sok sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari imah teh geus jadi
banda
> > pakaya nu dienya enya.
> > Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma. Meureun
> > awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can tangtu
balik
> > deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun enya siga kitu
> > kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana parabot, bisa bae
> > mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang. Dina jaman mana atuh
eta
> > kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti mimiti jaman pindahna bangsa
> > bangsa ti daratan Asia ka Indonesia tug nepi ka jaman Pajajaran atawa
nepi
> > ka Mataram ngaaneksasi Tatar Sunda (mangga ieu mah bagian ahli sajarah).
> > Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..?
> > Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar
rupa
> > parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana mangrupa
arit
> > malah aya nu siga kujang (kudi tea meureun). Tapi, dibagian pakarang aya
> > gambar rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar bedog (golok),
disebutkeun
> > eta teh pakarang raja atawa sahenteuna keur pakarang para perjurit raja
> > (urang rada bedakeun antara parabot (alat keur gawe) jeung pakarang
(alat
> > keur bela diri), tujuanana mah ambih gampil ngabedakeun antara alat keur
> > gawe jeung keur bela diri).
> > Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng
> > katingali mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta mah
> > sanggeus taneuh dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana liang
> > meunang ngaseuk. Lamun diwawaas milih tempat keur ngahuma teh tangtu
> > taneuhna dianggap lendo, henteu dina taneuh nu gurawes, deukeut ka
susukan
> > atawa wahangan, relatif rata tur lega. Meureun ngabukbak heula, reuma
> > diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar sahenteuna dahan bae di tutuh
> > sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu nu rada gede, weweg tur
> > ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog. Ari reuma atawa
jujukutan
> > mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna kabetot tur tujuanana bari
> > sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu dipacul da pacul mah alat keur
nyawah
> > dina taneuh nu hipu kacaian, dina lahan keur huma cukup ku sosogrok siga
> > aseuk.
> > Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji
> > parabot keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah, hal
ieu
> > bisa ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di daerah nu
lain
> > nyawah, saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat sejen, aya nu nyebut
> > klewang, parang, penai, mandau.
> > Aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana.
> > Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar,
> > geuning tipar teh hartosna sami sareng huma.
> >
> > MSasmita.
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> ________________________________
> New Email addresses available on Yahoo!
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
> Hurry before someone else does!
>
>
>
>       Get your preferred Email name!
> Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.
> http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
>


-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke