upami pertarosan nana AREK MOAL ?
nya kecap arek hartosna positif panginten....
langkung ekstrim upami MOAL

lah, pedah kuring caket sareng arek-arek...meni kitu...
heu heu, saum keneh pan ?

posisi penterjemah ge da geuning dipihormat pisan
contona kuring (punten pedah aya di wetan)
gaduh kenalan Max Arifin almarhum
nerjemahkeun langkung ti 1000 judul, nya
di TIM di Taman Budaya aya pengheningan cipta kangge anjeuna
ngan kendalana simkuring tangtosna dina basa
benten sareng Kang Tirta anu tiasa langkung ti 5 bahasa,
sanes kitu ?

baktos,

On Sun, Sep 21, 2008 at 4:47 PM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Aduh teuing abdi kaemutan deui....tos lami hoyong nincak N nu kadua
> (Niru) gegedean narjamahkeun kana basa sunda literatur2 asing di sagala
> widang. Nu masih emut mah narjamahkeun:
>
> 1. Manajemen, Bisnis bohirna Kang Akos Kosasih
>
> 2. IT               bohirna Kang Hasan (hallo KH?)
>
> 3. Budaya & Nature bohirna Kang Oman
>
> 4. Agama Islam...koroyokan sapertos Juzz Amma & Yaa Siiin.
>
> Asa isin, mun saur Kang Yana mah ieu teh tos kalaut sabab kakara nincak
> AREK!
>
> baktos
> tirta
>
> ----- Original Message ----
> From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> To: kisunda <[email protected]>
> Sent: Sunday, September 21, 2008 1:03:53
> Subject: [kisunda] bedog betekok
>
>  haturan para wargi,
> hapunten anu kasuhun pami teu merenah kalakuan kuring
> da kecap eta wungkul nu tiasa dikedalkeun
>
> asa kagagas wirehna aya pedaran ngeunaan bedog
> kuring inget mangsa katukang,
> sok rajeun ningal bentuk bedog teh aya oge anu betekok alias bureuteu
> eta bedok teh salah sawiosna anu sok disosoren ku Mang Astrajingga
> ti tumaritis
> .
> .
> .
> ari tatangga kuring di Selareuma, sok ngangge bedog betekok teh
> diangge kanggo ngala cangkaleng, ngala lahang, daun kawung sareng
> sanesna...
>
> aduh punten eta lahang tina kawung teh meni amis sareng matak tunduh
> komo pami dicampur es mah.... aduh alah... engke pami tos buka
> seger..sa awak-awak... teras netepan sakulawarga
> ngan ayeuna mah da hese mendakan nu kitu
> kahalangan ku faktor geografis
>
> tos lami pisan kuring tara nyekel bedog
> da eta di panganjrekan teh bentukna teu cocog sareng hate,
>
> laguna teh kieu pan :
> .
> .
> .
> tingtung bedog buntung
> tungtang bedog rompang
> het het kuda janggotan
> kelek monyet heheotan
> badung bangpak dut..... emmmmm
> (cnah eta lagu teh kaluarna di jaman penjajahan
> nyindiran kuwu anu medit )
> .
> .
> .
>
> ari lumpat ka jepang mah saurna teh mung 3N
>
> nitenan
> niru
> nambahan
>
> tah ki dulur sadayana,
> di ieu milis oge sami
> aya keneh anu nembe
>
> nitenan....can nincak kanu sejena
> hampura kasadayana,
>
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com <[email protected]>, Tirta widjaja
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kang Yana, hatur nuhun kana seratanana, khususna BATUR AREK URANG
> ANGGEUS.
> > Luar biasa,.....nyaan matak sim kuring nyebut Luar Biasa sabab sapopoe
> geus poekeun, teu wawuh deui kana value ti karuhun nu agung. Teu aya tawar
> menawar, nawis nawis.....piceun adat pamalesan, piceun istilah alon2 asal
> kelakon.
> >
> > cag ah
> > JP
> >
> >
> >
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED] ..>
> > To: [EMAIL PROTECTED] .com <[email protected]>
> > Sent: Saturday, September 20, 2008 20:54:04
> > Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae
> nya..!!)
> >
> >
> > Kang Tirta oge baraya....nu dipihormat
> > Musashi jago Samurai di abad 15 sa jaman jeung Ki Bunisora jago silat nu
> mawa sumanget raja diajar GELUT / perjuangan/ strugle is way of life.
> > Sumangat Musashi diaplikasikeun keur kamajuan bangsa Jepang dina cara
> ngawangun bangsa jadi nagara sajajar jeung USA, German Raya, Inggris nu di
> sebut nagara industri.
> > Â
> > Nu dimaksud nagara industri infrasturktur hiji produks eta bangsa sarua
> 100% jeung 3 bangsa nu ngawasa industri canggih, kitu oge Russia.
> > Heug siah iraha US tiasa ngudag eta 5 nagara, sa enyana bisa terapkeun
> ilmu urang Kanekes, ilmu Ki Bunisora haru urang BERSILAT.
> > Â
> > Karate Jepang bisa asup Olympic diajar heula ka Cimande di jaman PD II
> pendekars sunda ngasahan jeung ngasihan serdadu Jepang nu lolobana urang
> Korea.
> > Â
> > Korea taek kwondona tos abus Olympic maranehna diajar ka Jepang kerja
> keras 3 x lipat tanaga kerja Jepang dina kecepatan /gesitna gawe / batur
> arek urang anggeus. Lamun nagara dipimpin kunu alon2 asal kelakon 100 % moal
> ka udag eta tujuan jadi nagara industri.
> > Â
> > Jepang maju barudak ngora seuna di ajar ka luar nagri tapi kudu balik
> deui ka asalna, kabeh ilmu teknlogy dirawuan ku barudak ngora di sababaraha
> nagara eropa ka asup asia, ilmu2na dirempugkeun di Jepang jadi bangsa nu
> mandiri nyaingan bangsa anu dedeg gede urang inggris jeung USA. Ayeuna Korea
> nuturkeun.
> > Â
> > Hiji deui nagara Jepang loba cobaan taneuhna pinuh ku gempa jeung T
> sunami unggal taun, tapi ngabuktikeun tantangan alam nyaimbangankeun
> sumanget Jepang nu dicontokeun ku Musashi.
> > Â
> > Hayang nyaho cara militer USA lamun perang jeung sainganana ilmuna nyokot
> konsep ti ulin sunda/maenpo/ penca nu tos umum "BATUR AREK URANG ANGGEUS".
> > Jadi lain maen teunggeul jeung tajong wae hartina,  etika peperangan USA
> emang EDAN, kakarak oge lawan nyiapkeun bedil , militer USA mah ngeus
> ngabedilan musuhna.
> > Â
> > Kuwait contona di bantu ku USA keur nyerang Irak eta hiji conto ancur
> lebur eta kota nu pinuh ku  sajarah kamakmuran kota Babylon. Tapi tong
> salah sa acan nyerang Irak mantuan Kuwait kabeh duit kuawait jeung batangan
> emas di keduk heula /batur arek urang anggeus. Keun wae da minyakna ngocor
> terus da arab2na pamalesan ceuk urang USA
> > Â
> > Dina taktik digawe pangalaman kuring jeung bangsa USA tetep kudu siap
> jiga konsep batur arek urang anggeus lompatna ka ulin sunda . Conto/fakta
> real di tempat gawe dina sagala widang.
> > Â
> > Sakitu heula hubungan penca jeung kahirupan di dunya, mangga wae upami
> profesina dzikir terusmah
> > da alloh mah ngaping sorga imbalanana.
> > Â
> > Â
> > Baktos
> > Kang Yana
> > Â
> > Â
> > Â
> > Â
> > Â
> > , September 20, 2008 10:27:53 PM
> > Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae
> nya..!!)
> >
> >
> > Ambu, Kang Yana, Kang Oca, KO, MH wargi, baraya daramang?
> > Â
> > Saleresna Jepang oge teu sampurna pisan, pernah grogi ku "globalisasi"
> nepi ka nutup diri heula ti bangsa luar (jaman Tokugawa?). Tatakrama, etika
> Jepang dikuatkeun internal. Nu disarakolakeun ka mancanagara elmuna
> ditarjamahkeun kana basa Jepang, terus....ditalungti k dicocogkeun jeung
> tradisina, di adaptasikeun ka kabogaanana.
> >
> > Asup jaman modern (pasca PD 2??) Jepang oge grogi deui wae, generasi
> ngorana mangmang ku penjajah bageur (USA) loba tradisi nu dilarang. Terus
> kaluar we novel Musashi....luar biasa nu ngarahkeun bangsa Jepang kanaÂ
> jalan pedang, pangasah jiwa (soul polisher). Samurai dicaram, kaluar kendo
> nu diajarkeun ti barudak SD nepi ka aki-aki!
> >
> > Key points:
> > 1. Guar niley (values) sunda, olah jeung elmu kiwari, teang values sunda
> moncorong kahareup
> > 2.  Balikeun deui tradisi penca silat ka urang sunda
> >
> > baktos
> > Jalak Pakwan
> > Â ~ experientia docet sapientiam ~
> >
> >
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
> > To: [EMAIL PROTECTED] .com
> > Sent: Saturday, September 20, 2008 19:08:35
> > Subject: Re: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae
> nya..!!)
> >
> >
> > ABAH nu dipihormat "guru wong atuwo karo..." (tong diaos "karo..oh " bilh
> bendu)
> >
> >
> > ieu tah nu complicated teh tur na menarik dan tumetep "IN" untuk  studi
> sosial budaya. Duka teh teuing...ieung. .. iraha SUNDA bakal nanjeurkeun
> "jatina" duka iraha kahontalna.. .
> >
> > Mung abdi mah emut bae.....babandingan ana sareng JEPANG nya, oge CINA
> > 1) nanjeurkeun aksara sareng bahasa nasional
> > janten daek-teu daek nu nganjang ka maranehna teh kdah diajar aksara
> sareng bahasa manehna...
> > 2) mengangkat TRADISI dan ADAT ISTIADAT KARUHUN secara nasional menjadi
> kepribadian budaya bangsa, boh tina segi sosial, politik, ekonomi jrrd
> > mesikpun di alam modern yang serba teknologi canggih
> > - kimono menjadi pakaian nasional anu maneh bahkan MENONJOL shg banyak
> internasional yang tertarik memakainya - makanan tradisional diangkat dan
> dikemas apik (dango)
> > - alam terpelihara dengan baik (konon hutan JEPANG masih 70% lestari
> dipulasara)
> > - BAMBU diangkat dan dikemas ke dalam berbagai kebutuhan kebudayaan
> (termasuk senikriya yang sangat menonjol)
> > - makanan, cara makanan dan kebiasaan sehari-hari (termasuk upacara minum
> teh) juga diangkat oleh seluruh masyarakat JEPANG secara SADAR sehingga "go
> international)
> >
> > Tong hilap > rehna JEPANG oge ngusahakeun SAIMBANG rmasyarakat di alam
> modern dengan idea international bahkan secara ekonomi dan teknologi
> termasuk yang paling menonjol di dunia (dugi ka disebut imperialisme
> industri ku nagara2 Eropa/dunia barat)
> >
> > Di satu pihak JEPANG menonjolkan kepribdiannya dikala yang sama juga
> mampu meraup dunia...
> >
> > semua yang dimiliki JEPANG sebenarnya juga ada di INDONESIA bahkan lebih
> kaya dan sangat bervariatif. ...
> >
> > inilah ironisme kontradiktif yang sangat complicated
> > bagaimana solusinya... . skurang-kurang JPANG isa menjadi CERMIN DIRI
> kita... bahwa kita pun SEHARUSNYA mampu berbuat demikian.... sebab JPANG
> juga negara KLASIK dengan segala KESADARANnya YANG TINGGI....
> >
> > AMBU
> >
> > Â
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>;
> baraya_sunda@ yahoogroups. com
> > Sent: Sunday, September 21, 2008 12:42:16 AM
> > Subject: [kisunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
> >
> >
> > ngiring ngawadul sakedik. sim uing kungsi ngadongeng jeung tukang
> > sosiologi nu sok noongan urang dayak. urang dayak oge karesepna
> > ngahuma. numutkeun manehna
> > cenah mah milih tempat pihumaeun teh upama ditengetan tetela periodik
> > - dina mangsa
> > nu tangtu bakal balik deui ka tempat asal nu kungsi dijadikeun huma.
> > ngan cilakana sok
> > katempuhan, majar cenah ngaruksak leuweung. padahal nu ngaruksak leuweung
> mah
> > nu ngabukbak leuweung ngala kaina, make mesin modern.
> >
> > ayeuna perkara huma, aya kahemeng kuring: upama masyarakat urang ahli
> > ngahuma, kuanon nya teu dikembangkeun teknologina jiga teknologi
> > nyawah. atawa kuring nu teu
> > apal kitu, yen aya teknologi huma nu geus ditaratas ku para jawara
> > fakultas pertanian unpad
> > atawa ipebe. cing ka baraya di rengrengan pertanian, rada ngadongeng
> > ah, sugan aya
> > pengembangan teknologi huma. sabab uing ngotektak beja teknologi huma
> > di internet,
> > weleh teu manggih, aya oge manggih di nagri tatangga.
> >
> > upama noong ka urang kulon, apan kadaharan uatamana teh kumeli jeung
> > gandum, hasil huma tea. geuning kebon kumeli kentang ngekngek oge
> > gandum bisa dikembangkeun sakitu rohakana. buktina jaringan warung
> > hayam goreng kfc atawa mcd nu make kumeli lain kejo nyaliara
> > kamana-mana. cing ari melak pare huma bisa teu dimekanisasi jiga melak
> > kumeli jeung gandum.apan kiwari mah,cai keur irigasi bisa disedot jadi
> > hujan buatan keur nyebor kebon.
> >
> > salam,
> > mh
> >
> > On Sat, Sep 20, 2008 at 10:14 PM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net>
> wrote:
> > > 
> > > Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma,
> > > alatanan nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba
> gunung,
> > > atuh alatan sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti bihari tug
> nepi ka
> > > kiwari masih keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan sakadar ngahuma tapi
> deuih
> > > sok disebut masarakat nu pipindahan (semi sedenter). Lamun enya
> pipindahan
> > > naha pipindahan anu kumaha, nomaden dina harti pindah sakarepna siga
> kaum
> > > Gipsi di Eropah, atawa ngan semi sedenter siga masarakat Kanekes
> ayeuna?.
> > > Keur kuring mah asa cop kana semi sedenter, sacara periodik bakal balik
> deui
> > > ka awal ( ceuk hiji buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun
> kakara
> > > balik deui ngaropea tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah
> > > populasi beuki loba hartina lahan beuki saeutik).
> > > Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu
> utama,
> > > ngan sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah tetep
> jadi
> > > banda pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan meureun teu
> pati
> > > diurus. Sok sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari imah teh geus jadi
> banda
> > > pakaya nu dienya enya.
> > > Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma.
> Meureun
> > > awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can tangtu
> balik
> > > deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun enya siga kitu
> > > kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana parabot, bisa bae
> > > mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang. Dina jaman mana
> atuh eta
> > > kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti mimiti jaman pindahna
> bangsa
> > > bangsa ti daratan Asia ka Indonesia tug nepi ka jaman Pajajaran atawa
> nepi
> > > ka Mataram ngaaneksasi Tatar Sunda (mangga ieu mah bagian ahli
> sajarah).
> > > Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..?
> > > Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar
> rupa
> > > parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana mangrupa
> arit
> > > malah aya nu siga kujang (kudi tea meureun). Tapi, dibagian pakarang
> aya
> > > gambar rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar bedog (golok),
> disebutkeun
> > > eta teh pakarang raja atawa sahenteuna keur pakarang para perjurit raja
> > > (urang rada bedakeun antara parabot (alat keur gawe) jeung pakarang
> (alat
> > > keur bela diri), tujuanana mah ambih gampil ngabedakeun antara alat
> keur
> > > gawe jeung keur bela diri).
> > > Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng
> > > katingali mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta mah
> > > sanggeus taneuh dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana
> liang
> > > meunang ngaseuk. Lamun diwawaas milih tempat keur ngahuma teh tangtu
> > > taneuhna dianggap lendo, henteu dina taneuh nu gurawes, deukeut ka
> susukan
> > > atawa wahangan, relatif rata tur lega. Meureun ngabukbak heula, reuma
> > > diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar sahenteuna dahan bae di tutuh
> > > sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu nu rada gede, weweg
> tur
> > > ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog. Ari reuma atawa
> jujukutan
> > > mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna kabetot tur tujuanana bari
> > > sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu dipacul da pacul mah alat keur
> nyawah
> > > dina taneuh nu hipu kacaian, dina lahan keur huma cukup ku sosogrok
> siga
> > > aseuk.
> > > Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji
> > > parabot keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah, hal
> ieu
> > > bisa ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di daerah nu
> lain
> > > nyawah, saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat sejen, aya nu
> nyebut
> > > klewang, parang, penai, mandau.
> > > Aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana.
> > > Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar,
> > > geuning tipar teh hartosna sami sareng huma.
> > >
> > > MSasmita.
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> > ____________ _________ _________ __
> > New Email addresses available on Yahoo!
> > Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and
> @rocketmail.
> > Hurry before someone else does!
> >
> >
> >
> >       Get your preferred Email name!
> > Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.
> > http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ 
> > aa/<http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/>
> >
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
> ------------------------------
>  New Email names for you!
> <http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/>
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
> Hurry before someone else does!
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke