Para wargi nyanggakeun. Ngahaturkeun kangge dikaji, disampurnakeun
tarjamahanana.
salam
Jalak Pakwan
Tarjamah Surah Yaa Siin ayat 51-59
51. وَنُفِخَ فِى ٱلصُّورِ فَإِذَا هُم مِّنَ ٱلۡأَجۡدَاثِ إِلَىٰ رَبِّهِمۡ
يَنسِلُونَ Jeung sasangkala ditiup (anu kadua), atuh ngadadak burudul maranéhna
barijil tina kuburna ngadeuheus ka Pangéranana.
52. قَالُواْ يَـٰوَيۡلَنَا مَنۢ بَعَثَنَا مِن مَّرۡقَدِنَاۜۗ هَـٰذَا مَا
وَعَدَ ٱلرَّحۡمَـٰنُ وَصَدَقَ ٱلۡمُرۡسَلُونَ Maranéhna nyarita: "Duh, cilaka
kaula saréréa! Naha saha atuh anu ngahudangkeun kaula saréréa tina pasaréan
(kubur) téh? Nya ieu gening anu dijangjikeun ku (Gusti Alloh) Nu Maha Berehan,
jeung bener katerangan ti Rosul-rosulNa ngeunaan hal ieu téh!"
53. إِن ڪَانَتۡ إِلَّا صَيۡحَةً۬ وَٲحِدَةً۬ فَإِذَا هُمۡ جَمِيعٌ۬ لَّدَيۡنَا
مُحۡضَرُونَ Taya deui jeritan téh salian ti ku hiji gorowokan, sapada harita
burudul maranéhna saréréadikumpulkeun hareupeun Kami.
54. فَٱلۡيَوۡمَ لَا تُظۡلَمُ نَفۡسٌ۬ شَيۡـًٔ۬ا وَلَا تُجۡزَوۡنَ إِلَّا مَا
ڪُنتُمۡ تَعۡمَلُونَ Nya dina poé éta mah henteu aya hiji jalma anu dirugikeun
saeutik ogé, sarta aranjeun moal dibales salian ti saniskara anu ku aranjeun
geus dilampahan.
55. إِنَّ أَصۡحَـٰبَ ٱلۡجَنَّةِ ٱلۡيَوۡمَ فِى شُغُلٍ۬ فَـٰكِهُونَ Saéstuna ahli
sawarga dina poé éta téh jarongjon jeung jaradi jalma nu senang-senang
56. هُمۡ وَأَزۡوَٲجُهُمۡ فِى ظِلَـٰلٍ عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ مُتَّكِـُٔونَ
Maranéhna katut pamajikan/salakina dariuk nyarandé handapeun anu ariuh dina
dipan-dipan.
57. لَهُمۡ فِيہَا فَـٰكِهَةٌ۬ وَلَهُم مَّا يَدَّعُونَ Di eta sawarga maranéhna
nampabubuahan sarta nampa saniskara anu dipenta maranéhna.
58. سَلَـٰمٌ۬ قَوۡلاً۬ مِّن رَّبٍّ۬ رَّحِيمٍ۬ (Ka maranehna diucapkeun) "Salam"
ti Gusti Alloh Nu Maha Asih.
59. وَٱمۡتَـٰزُواْ ٱلۡيَوۡمَ أَيُّہَا ٱلۡمُجۡرِمُونَ Jeung (diomongkeun ka nu
kalafir): Geura marisah maranéh ayeuna (ti jalma-jalma nu ariman), aranjeun
jalma-jalma anujahat!
New Email names for you!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/