kg Sas, kg Emha...baraya sadaya...
sapagodos ka eta bahasan...
uin pernah ngadangu di hiji kawih....
....congkrang kujang papasangan...
sanes?
back to basic, back to nature...
....oca tea...

--- On Sat, 9/20/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Fwd: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
To: "kisunda" <[email protected]>, [EMAIL PROTECTED]
Date: Saturday, September 20, 2008, 10:52 AM

punten ua sas, postinganana di-forward ka milis sejen.

salam,
mh


---------- Forwarded message ----------
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Sat, Sep 20, 2008 at 10:14 PM
Subject: [Urang Sunda] Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
To: [EMAIL PROTECTED]



Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma,
alatanan nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba
gunung, atuh alatan sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti
bihari tug nepi ka kiwari masih keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan
sakadar ngahuma tapi deuih sok disebut masarakat nu pipindahan (semi
sedenter). Lamun enya pipindahan naha pipindahan anu kumaha, nomaden
dina harti pindah sakarepna siga kaum Gipsi di Eropah, atawa ngan semi
sedenter siga masarakat Kanekes ayeuna?. Keur kuring mah asa cop kana
semi sedenter, sacara periodik bakal balik deui ka awal ( ceuk hiji
buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun kakara balik deui
ngaropea tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah populasi
beuki loba hartina lahan beuki saeutik).
Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu
utama, ngan sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah
tetep jadi banda pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan
meureun teu pati diurus. Sok sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari
imah teh geus jadi banda pakaya nu dienya enya.
Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma.
Meureun awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can
tangtu balik deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun
enya siga kitu kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana
parabot, bisa bae mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang.
Dina jaman mana atuh eta kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti
mimiti jaman pindahna bangsa bangsa ti daratan Asia ka Indonesia tug
nepi ka jaman Pajajaran atawa nepi ka Mataram ngaaneksasi Tatar Sunda
(mangga ieu mah bagian ahli sajarah).
Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..?
Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar
rupa parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana
mangrupa arit malah aya nu siga kujang (kudi tea meureun). Tapi,
dibagian pakarang aya gambar rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar
bedog (golok), disebutkeun eta teh pakarang raja atawa sahenteuna keur
pakarang para perjurit raja (urang rada bedakeun antara parabot (alat
keur gawe) jeung pakarang (alat keur bela diri), tujuanana mah ambih
gampil ngabedakeun antara alat keur gawe jeung keur bela diri).
Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng
katingali mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta
mah sanggeus taneuh dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana
liang meunang ngaseuk. Lamun diwawaas milih tempat keur ngahuma teh
tangtu taneuhna dianggap lendo, henteu dina taneuh nu gurawes, deukeut
ka susukan atawa wahangan, relatif rata tur lega. Meureun ngabukbak
heula, reuma diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar sahenteuna
dahan bae di tutuh sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu nu
rada gede, weweg tur ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog.
Ari reuma atawa jujukutan mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna
kabetot tur tujuanana bari sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu
dipacul da pacul mah alat keur nyawah dina taneuh nu hipu kacaian,
dina lahan keur huma cukup ku sosogrok siga aseuk.
Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji
parabot keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah,
hal ieu bisa ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di
daerah nu lain nyawah, saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat
sejen, aya nu nyebut klewang, parang, penai, mandau.
Aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana.
Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar,
geuning tipar teh hartosna sami sareng huma.

MSasmita.






------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke