naonhartosna Kang Oca?

On Sun, Sep 21, 2008 at 11:46 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   kg Sas, kg Emha...baraya sadaya...
> sapagodos ka eta bahasan...
> uin pernah ngadangu di hiji kawih....
> ...congkrang kujang papasangan...
> sanes?
> back to basic, back to nature...
> ...oca tea...
>
> --- On *Sat, 9/20/08, mh <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] Fwd: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
> To: "kisunda" <[email protected]>, [EMAIL PROTECTED]
> Date: Saturday, September 20, 2008, 10:52 AM
>
> punten ua sas, postinganana di-forward ka milis sejen.
>
> salam,
> mh
>
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Sat, Sep 20,
>  2008 at 10:14 PM
> Subject: [Urang Sunda] Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!)
> To: [EMAIL PROTECTED]
>
>
> 
> Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma,
> alatanan nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba
> gunung, atuh alatan sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti
> bihari tug nepi ka kiwari masih keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan
> sakadar ngahuma tapi deuih sok disebut masarakat nu pipindahan (semi
> sedenter). Lamun enya pipindahan naha pipindahan anu kumaha, nomaden
> dina harti pindah sakarepna siga kaum Gipsi di Eropah, atawa ngan semi
> sedenter siga masarakat Kanekes ayeuna?. Keur kuring mah asa cop kana
> semi sedenter, sacara periodik bakal balik deui ka awal ( ceuk hiji
> buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun kakara balik deui
> ngaropea tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah populasi
> beuki loba hartina lahan beuki
>  saeutik).
> Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu
> utama, ngan sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah
> tetep jadi banda pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan
> meureun teu pati diurus. Sok sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari
> imah teh geus jadi banda pakaya nu dienya enya.
> Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma.
> Meureun awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can
> tangtu balik deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun
> enya siga kitu kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana
> parabot, bisa bae mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang.
> Dina jaman mana atuh eta kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti
> mimiti jaman pindahna bangsa bangsa ti daratan Asia ka Indonesia tug
> nepi ka jaman Pajajaran atawa nepi ka Mataram ngaaneksasi Tatar Sunda
> (mangga ieu mah bagian ahli
>  sajarah).
> Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..?
> Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar
> rupa parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana
> mangrupa arit malah aya nu siga kujang (kudi tea meureun). Tapi,
> dibagian pakarang aya gambar rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar
> bedog (golok), disebutkeun eta teh pakarang raja atawa sahenteuna keur
> pakarang para perjurit raja (urang rada bedakeun antara parabot (alat
> keur gawe) jeung pakarang (alat keur bela diri), tujuanana mah ambih
> gampil ngabedakeun antara alat keur gawe jeung keur bela diri).
> Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng
> katingali mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta
> mah sanggeus taneuh dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana
> liang meunang ngaseuk. Lamun diwawaas milih tempat keur ngahuma teh
> tangtu taneuhna dianggap
>  lendo, henteu dina taneuh nu gurawes, deukeut
> ka susukan atawa wahangan, relatif rata tur lega. Meureun ngabukbak
> heula, reuma diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar sahenteuna
> dahan bae di tutuh sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu nu
> rada gede, weweg tur ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog.
> Ari reuma atawa jujukutan mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna
> kabetot tur tujuanana bari sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu
> dipacul da pacul mah alat keur nyawah dina taneuh nu hipu kacaian,
> dina lahan keur huma cukup ku sosogrok siga aseuk.
> Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji
> parabot keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah,
> hal ieu bisa ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di
> daerah nu lain nyawah, saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat
> sejen, aya nu nyebut klewang, parang, penai, mandau.
> Aya nu bade nambihan
>  atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana.
> Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar,
> geuning tipar teh hartosna sami sareng huma.
>
> MSasmita.
>
>
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>  http://docs.yahoo.com/info/terms/
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke