Nu leres SCIPIO...dongeng anjeunna mimiti napak tilas milarian tilas
karaton kawentar pisan. Nya diantarana anu nafsirkeun "Siliwangi" jadi
maung teh tina catetan Scipio nalika mendakan tilas singgasana karaton
nuju di calikan ku sababaraha ucing badag, kalebet ucing anu nangkring
dina batu gilang tea. Sahenteuna, kitu numutkeun kang Harun anu kungsi
maca literatur basa holland-na.

manAR

On Tue, Sep 23, 2008 at 12:56 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> SCORPIO atawa SCIPIO?
>
> salam,
> mh
>
> On Tue, Sep 23, 2008 at 10:02 AM, Gunawan Yusuf
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Dulur sadaya, ibukota pajajaran (pakuan/bogor), sanggeus runtag ditarajang
>> Banten, kosong molongpong teu aya kakuasaan (jalmi) salami kirang langkung
>> 100 taun, hal ieu dibuktoskeun dina buku karangan Ua Saleh Danasasmita,
>> nyaritakeun ayana penelitian ti urang Walanda/Jerman (Scorpio) yen pakuan
>> (bogor) harita mangrupi leuweung geledegan, teu aya pamarentahan,
>> pamarentahan anu ngawitan nyaeta menak sumedang Rd Tanuwijaya (taun
>> 1630-an), anu ngabukbak wewengkon anyar di kampung baru, bogor, anu janten
>> pertanyaan
>> kunaon saruntagna pajajaran, bogor teu aya pamarentahan (kepala daerah)
>> wawakil ti Banten, margina biasana upami hiji karajaan
>> (banten) ngaruntagkeun karajaan sanes, kedah aya wawakil (taklukan),
>> contona
>> nalika jakarta (sunda kelapa) dirugrug ku cirebon, banten, di jakarta aya
>> wawakil pamarentahan ti banten, nyaeta Fatahillah, Pangeran Tb Angke
>> atanapi
>> Pangeran Jayakarta, padahal keur mangsa pajajaran acan runtag, jumlah
>> wargana tos 50000 urang, jumlah anu kaasup loba jaman harita, sakali deui
>> kunaon teu aya wawakil pamarentahan ti Banten, aya wagelan naon kitu ?
>>
>> nuhun
>>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke