Kang Gun, sigana mah Bogor/ Pakuan pada ninggalkeun lantaran CAMBAL, loba 
getih nu kaluar. Jadi tempat eta jadi teu rame deui, teu aya niley 
ekonomisna, nu matak Banten teu ngarasa perlu ngangkat wawakil.  Teu aya 
kauntungan nanaon keur pangawasa. Ieu benten jeung Sunda Kalapa (Jayakarta), 
sanajan kungsi aya peperangan, tapi kulantaran tetep rame, ekonomi tetep 
jalan, tangtu we Pangawasa lebareun lamun ditinggalkeun kitu wae ......

Meureun ketah ......

Baktos,
WALUYA

From: Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]>
Dulur sadaya, ibukota pajajaran (pakuan/bogor), sanggeus runtag ditarajang 
Banten, kosong molongpong teu aya kakuasaan (jalmi) salami kirang langkung 
100 taun, hal ieu dibuktoskeun dina buku karangan Ua Saleh Danasasmita, 
nyaritakeun ayana penelitian ti urang Walanda/Jerman (Scorpio) yen pakuan 
(bogor) harita mangrupi leuweung geledegan, teu aya pamarentahan, 
pamarentahan anu ngawitan nyaeta menak sumedang Rd Tanuwijaya (taun 
1630-an), anu ngabukbak wewengkon anyar di kampung baru, bogor, anu janten 
pertanyaan
kunaon saruntagna pajajaran, bogor teu aya pamarentahan (kepala daerah) 
wawakil ti Banten, margina biasana upami hiji karajaan (banten) 
ngaruntagkeun karajaan sanes, kedah aya wawakil (taklukan), contona nalika 
jakarta (sunda kelapa) dirugrug ku cirebon, banten, di jakarta aya wawakil 
pamarentahan ti banten, nyaeta Fatahillah, Pangeran Tb Angke atanapi 
Pangeran Jayakarta, padahal keur mangsa pajajaran acan runtag, jumlah 
wargana tos 50000 urang, jumlah anu kaasup loba jaman harita, sakali deui 
kunaon teu aya wawakil pamarentahan ti Banten, aya wagelan naon kitu ?

nuhun



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke