perkara nulis e-butak sareng e-halis teh, mun noong buku jadul, justru
tibalik ngalarapkeunana teh dibandingkeun jeung nu ayeuna mah. upama
kiwari mah e-kelek nu ditulis make e-halis teh, ari e-pepeg mah
ditulisna make e-butak. tah ari dina buku sunda jadul mah, uing kungsi
manggih, justru sabalikna: e-kelek nu ditulis make e-butak, ari
e-pepeg ditulis make e-halis.

salam,
mh

On Wed, Sep 24, 2008 at 9:46 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> perkawis tulang taling - tulang taleng
> duka yeuh...rada nyalenggor panginten...mugi aya gunana
>
> dina lisan mah kadangu asana mah mung dina tulisan LATIN mah anu ayeuna
> dianggo saatos ejaan OPHUYSEN..teh memang teu patos katingal (nembrak) margi
> sok aya anu nganggo sok aya nu hanteu. Panginten dianggapnya sevara refleks
> bae tos dianggap ngartos ku anjeun... khusus bagi pemangku budaya bahasa
> bersangkutan...
>
> anu disebat taling teh kedahna mah nganngo curek tea (aksong cnah saur basa
> P'cis mah) nyaeta salah sawios anu kalebet tanda diakritis. Bangsa ayeuna
> anu satia keneh nganggo tanda2 diakritis dan secara ketat nyaeta PRANCIS
>
> pami palay uninga tanda2 diakritis kieu di NUSANTARA mah nyaeta dina aksara2
> (tulisan) pabuhunan boh Jawa boh Sunda boh Malayu  (inscriptie - oge
> manuscript)
> geura mangga tingal
>
> margi sami sareng fungsi "fonem"  tea, fonem bunyi (vokal) yang memakai
> taling dan tiak memakai taling memang tidak sekadar berbeda bunyi ketika
> diucapkan tetapi juga berbeda arti (bagi studi bahasa > ini merupakan kasus
> fatal ...karena merubah pengertian total. Dina aksara kapungkur mah jelas
> katingal
> - geulis versus gelis (di luhur vokal e nganggo tanda melengkung)
> - hideung versus hideng (di luhur vokal e nganggo tanda melengkung)
>
> oge kecap hanca > ( n = ny) dibunyikan jelas dengan tanda layar diatas
> konsonan n
> ari kiwari mah tanda2 diakritis ieu teh teu dianggo
>
> aya contona aturan ejaan urang teh
>
> AMBU
>
>
>
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, September 24, 2008 7:56:18 AM
> Subject: Re: [kisunda] unek-unek
>
> Upami teu lepat ...
> Perkawis teu kedahna halis diangge dina e taling memang aya aturanna
> mung eta mah aturan dina basa Indonesia (EYD tea)
> da kapungkur kantos aya pangajaran khusus EYD
> geura bukaan deui buku EYD
>
> namung upami dina kasus basa sunda
> memang sim kuring ge teu acan mendakan aturan anu tertulis
> kedah henteuna ditulis
> ieu sigana upami memang teu acan aya aturan tertulis
> janten tugas lembaga anu berwenang
> hal ieu janten penting kumargi pakuat kait sareng sektor pendidikan
> komo deuih kanggo barudak
> upama aya nu tertulis pan bisa dicarekan tah guruna ......:)
>
>
>
>
> On Wed, Sep 24, 2008 at 3:21 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
> wrote:
>>
>> Nyakseni sakumaha anu ditepikeun ku Mh. Sakumaha numutkeun kang Dadan
>> Sutisna, lulusan sastra Sunda Unpad sareng sadidinten damelna di
>> Cupumanik (majalah basa Sunda ti Pusat Studi Sunda, kagunganana Kng
>> Ajip Rosidi), memang aya dua madzhab anu dua-duana sah dilarapkeun.
>> Anu kahiji, nyaeta anu ngabedakeun antara "e" teleng ("teleng" atawa
>> "taling"?) atawa "e" halis ceuk Mh tea mah alias anu make curek tea
>> (conto: "e" dina kecap "kaleng") jeung anu henteu ("e" pepet, conto:
>> "e" dina kecap "jejer"). Madzhab anu kadua, nya anu gundul tea
>> sadayana dina istilah Mh mah atawa anu teu make curek boh pikeun "e"
>> halis ("e" dina kecap "kaleng) atawa dina "e" pepet ("e" dina kecap
>> "jejer") alias teu ngabedakeun antara eta dua kecap vokal.
>>
>> Kukituna, dina kasus anu kaalaman ku tuang putera (nujul ka pak
>> Hartono), sigana eta mah tugas ti Pa Guru-na wae, anu tujuanana
>> ngalatih nu jadi siswa sangkan mikawanoh mana anu sakuduna diucapkeun
>> e teleng jeung mana anu sakuduna diucapkeun e pepet.
>>
>> Anapon pikahareupeun, si kuring ngarojong kan usulan Mh. Mun deug aya
>> kasaluyuan antara para ahli basa Sunda, laju netepkeun simbol pikeun
>> "e" halis, "e" pepet jeung "eu" ku hiji aksara (hurup) wae, meureun
>> rikrik pisan tutulisan ku basa Sunda teh. Komo lamun digunakeun deui
>> sistem angka 2 keur kecap anu dieja dua balikan (atawa nyiptakeun oge
>> tambahan simbol keur netelakeun perluna kecap dua balikan).
>>
>> manAR
>>
>> On Tue, Sep 23, 2008 at 11:39 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>> > upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle
>> > mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-halis, make
>> > curek tea.
>> >
>> > perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah
>> > fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis
>> > /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make
>> > e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub.
>> >
>> > enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa
>> > elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa
>> > e-dugul,
>> >
>> > salam,
>> > mh
>> >
>> > On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono
>> >
>> > <s_two.hartono@ yahoo.com> wrote:
>> >> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran atawa buku
>> >> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring
>> >> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e taling",
>> >> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari
>> >> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun
>> >> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4
>> >> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi
>> >> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu
>> >> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan
>> >> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara
>> >> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana.
>> >> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di
>> >> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun
>> >> henteu sok disalahkeun.
>> >>
>> >>
>> >> ------------ --------- --------- ------
>> >>
>> >> Yahoo! Groups Links
>> >>
>> >>
>> >>
>> >>
>> >
>> >
>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke