urg sunda tea, kg Emha,... mebel...meubel...mebeul... rujak bebek, rujak soang? wartel, warung telekomunikasi...bah enya perlu pisan penyeragaman paneleng teh, he33x! ....oca tea...
--- On Tue, 9/23/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: mh <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Tulang-Taling = Tulang Taleng To: [email protected] Date: Tuesday, September 23, 2008, 7:08 PM perkara nulis e-butak sareng e-halis teh, mun noong buku jadul, justru tibalik ngalarapkeunana teh dibandingkeun jeung nu ayeuna mah. upama kiwari mah e-kelek nu ditulis make e-halis teh, ari e-pepeg mah ditulisna make e-butak. tah ari dina buku sunda jadul mah, uing kungsi manggih, justru sabalikna: e-kelek nu ditulis make e-butak, ari e-pepeg ditulis make e-halis. salam, mh On Wed, Sep 24, 2008 at 9:46 AM, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > perkawis tulang taling - tulang taleng > duka yeuh...rada nyalenggor panginten...mugi aya gunana > > dina lisan mah kadangu asana mah mung dina tulisan LATIN mah anu ayeuna > dianggo saatos ejaan OPHUYSEN..teh memang teu patos katingal (nembrak) margi > sok aya anu nganggo sok aya nu hanteu. Panginten dianggapnya sevara refleks > bae tos dianggap ngartos ku anjeun... khusus bagi pemangku budaya bahasa > bersangkutan... > > anu disebat taling teh kedahna mah nganngo curek tea (aksong cnah saur basa > P'cis mah) nyaeta salah sawios anu kalebet tanda diakritis. Bangsa ayeuna > anu satia keneh nganggo tanda2 diakritis dan secara ketat nyaeta PRANCIS > > pami palay uninga tanda2 diakritis kieu di NUSANTARA mah nyaeta dina aksara2 > (tulisan) pabuhunan boh Jawa boh Sunda boh Malayu (inscriptie - oge > manuscript) > geura mangga tingal > > margi sami sareng fungsi "fonem" tea, fonem bunyi (vokal) yang memakai > taling dan tiak memakai taling memang tidak sekadar berbeda bunyi ketika > diucapkan tetapi juga berbeda arti (bagi studi bahasa > ini merupakan kasus > fatal ...karena merubah pengertian total. Dina aksara kapungkur mah jelas > katingal > - geulis versus gelis (di luhur vokal e nganggo tanda melengkung) > - hideung versus hideng (di luhur vokal e nganggo tanda melengkung) > > oge kecap hanca > ( n = ny) dibunyikan jelas dengan tanda layar diatas > konsonan n > ari kiwari mah tanda2 diakritis ieu teh teu dianggo > > aya contona aturan ejaan urang teh > > AMBU > > > > > > > > ----- Original Message ---- > From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Wednesday, September 24, 2008 7:56:18 AM > Subject: Re: [kisunda] unek-unek > > Upami teu lepat ... > Perkawis teu kedahna halis diangge dina e taling memang aya aturanna > mung eta mah aturan dina basa Indonesia (EYD tea) > da kapungkur kantos aya pangajaran khusus EYD > geura bukaan deui buku EYD > > namung upami dina kasus basa sunda > memang sim kuring ge teu acan mendakan aturan anu tertulis > kedah henteuna ditulis > ieu sigana upami memang teu acan aya aturan tertulis > janten tugas lembaga anu berwenang > hal ieu janten penting kumargi pakuat kait sareng sektor pendidikan > komo deuih kanggo barudak > upama aya nu tertulis pan bisa dicarekan tah guruna ......:) > > > > > On Wed, Sep 24, 2008 at 3:21 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> > wrote: >> >> Nyakseni sakumaha anu ditepikeun ku Mh. Sakumaha numutkeun kang Dadan >> Sutisna, lulusan sastra Sunda Unpad sareng sadidinten damelna di >> Cupumanik (majalah basa Sunda ti Pusat Studi Sunda, kagunganana Kng >> Ajip Rosidi), memang aya dua madzhab anu dua-duana sah dilarapkeun. >> Anu kahiji, nyaeta anu ngabedakeun antara "e" teleng ("teleng" atawa >> "taling"?) atawa "e" halis ceuk Mh tea mah alias anu make curek tea >> (conto: "e" dina kecap "kaleng") jeung anu henteu ("e" pepet, conto: >> "e" dina kecap "jejer"). Madzhab anu kadua, nya anu gundul tea >> sadayana dina istilah Mh mah atawa anu teu make curek boh pikeun "e" >> halis ("e" dina kecap "kaleng) atawa dina "e" pepet ("e" dina kecap >> "jejer") alias teu ngabedakeun antara eta dua kecap vokal. >> >> Kukituna, dina kasus anu kaalaman ku tuang putera (nujul ka pak >> Hartono), sigana eta mah tugas ti Pa Guru-na wae, anu tujuanana >> ngalatih nu jadi siswa sangkan mikawanoh mana anu sakuduna diucapkeun >> e teleng jeung mana anu sakuduna diucapkeun e pepet. >> >> Anapon pikahareupeun, si kuring ngarojong kan usulan Mh. Mun deug aya >> kasaluyuan antara para ahli basa Sunda, laju netepkeun simbol pikeun >> "e" halis, "e" pepet jeung "eu" ku hiji aksara (hurup) wae, meureun >> rikrik pisan tutulisan ku basa Sunda teh. Komo lamun digunakeun deui >> sistem angka 2 keur kecap anu dieja dua balikan (atawa nyiptakeun oge >> tambahan simbol keur netelakeun perluna kecap dua balikan). >> >> manAR >> >> On Tue, Sep 23, 2008 at 11:39 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> > upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle >> > mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-halis, make >> > curek tea. >> > >> > perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah >> > fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis >> > /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make >> > e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub. >> > >> > enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa >> > elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa >> > e-dugul, >> > >> > salam, >> > mh >> > >> > On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono >> > >> > <s_two.hartono@ yahoo.com> wrote: >> >> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran atawa buku >> >> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring >> >> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e taling", >> >> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari >> >> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun >> >> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4 >> >> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi >> >> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu >> >> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan >> >> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara >> >> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana. >> >> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di >> >> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun >> >> henteu sok disalahkeun. >> >> >> >> >> >> ------------ --------- --------- ------ >> >> >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> >> >> >> > >> > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
