janten Banten mah sanes basa Jawa (wetan oge tengah) tapi basa Sunda dialek Banten...dina ayana pacampur adduk...nya eta hasil transformatif dengan kesepakatan masyarakatnya menjadi bahasa diri...kasus yang sama juga terjadi pada daerah2 yang pena menjadi pelabuhan2 besar masa lampau
AMBU ----- Original Message ---- From: eminx <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, September 24, 2008 10:49:20 PM Subject: Re: [kisunda] unek-unek tah upami dina basa jawa Hinggil (lemes) sim abdi gampil pisan ngartosna kumargi seueur kekecapan anu sami cikan Ambu, aya sakedik pangalaman waktos kuring SD aya murangkalih ti Banten duka ti Serang manehna teh sok hahaleuangan ngalagu ari unina lagu eta dugi ka ayeuna teu leungit tina emutan sim abdi kieu saur lagu eta murangkalih teh : cam cau bubur monyong ketemrang mobil - e monyong naha pangaruh ti J jig-jig ka Banten ? naha kantos aya kontak budaya anu lumayan lami berproses nu antukna lalaguan ti Banten mirip sareng bahkan sami sareng kekecapan ti Jawa baktos, On Wed, Sep 24, 2008 at 10:41 PM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: derajat kasar henteuna mah ditingalku kiwari oge anu disebat Jawa reang sunda reang sadayana balik deui kana nu disebat dialek pon kitu nu disebat bahasa lemes (penghalusan alias euphemisme) muncul jaman nu disebat moderna abad ka 17 an saleresna SUnda mah teu dibentenkeun ku KASAR oge LEMES tapi sakali deui DIALEK tea Basa Sunda mah mung dibentenkeun ku ngabasakeun ka sorangan ngabasakeun kkeur ka kolot saluhureun ngabasakeun keur anu sanyar pinanggih atanapi deungeun AMBU ----- Original Message ---- From: Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, September 24, 2008 4:12:53 PM Subject: Re: [kisunda] unek-unek asana mah ayeuna prak-prakanna pangajaran basa sunda teh dibagi bagi daerahdaerah "tertentu" make kode kode tertentu teu disarua keun antar daerah conto we di Bekasi, basa sunda na nu diajarkeun di sakola pun anak beda jeung nu diajarkeun di bandung eta we indung budak rada miris, pedah ceuk manehna mah kasar cenah basa sunda na On 9/24/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Kenging niron tina buku Tata Basa Sunda Kiwari karyana Drs. Yayat Sudaryat, M. Hum. spk.: Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan nya éta salaku basa pribumi. Sabada puseur dayeuh Karesidenan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, peranan kota Bandung téh dina ngamekarkeun budaya Sunda beuki undak. Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanana ti batan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatblad) No. 125 Taun 1893, ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di sakola-sakola di Jawa Barat kudu "basa Sunda Bandung. Atuh basa Sunda Bandung téh robah jadi basa Sunda lulugu. Lambaran Nagara No. 125 Taun 1893, ayat 6 ieu panginten nya anu ngabalukarkeun ayana undak usuk basa teh, kang Ocha? ----- Original Message ---- From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, September 24, 2008 3:31:36 PM Subject: Re: [kisunda] unek-unek Kg Emha, ... ari soal paneleng jsb. mangga teh teuing, memang peryogi standard tulisan... namung upami tina soal basa persatuan... pangalaman uin nyaeta dina buku pangajaran basa sunda seueur anu teu panuju diajarkeun, komo dina masalah undak usuk anu nyieun lieur keur guru/barudak wewengkon UScirb, sareng USkanekes/Banten. .., da kesan Bandung Centris / Priangan Centris teh aya keneh... pengamatan uin dilapangan manggihan hal eta.. asa beuki jauh tah basa sunda Priangan dipakena ku barudak kiwari... ari soal dialek mah eta tos teu masalah...lumrah sa-dunya... Uin kantos gotrasawala sareng dprd kuningan, da kesanna kitu.. bilih lepat... (dianggapna uin urg Priangan) kumaha ahirna? si akg dprd teh make basa endonesya... kacipta, uin ahir ngan bisa ngobrol Sunda jg aki2 wungkul basa di kuningan teh... (ari pek, teu jauh jg basa Bogor tah basa Kuningan teh...) historis basa Sunda Banten/Bogor leuwih tiheula/kolot batan Sunda Priangan... anu leuwih saTATA teu pinuh ku Undak Usuk... lain teu panuju ka undak usuk... (historis undak usuk ti Mataram)... asa leuwih ka basa sastra merenahna... , aya istilah ngabangbrangkeun engke oge barudak mun geus kolotmah bisaeun geura...bertahap lah.. kituh? basa persatuan resmi anu kiwari teh , nyaeta Basa Sunda Priangan... rek teu diaku, rek hanteu... justru gara2 nu karitu USCirb, aya nu embung ngaku US tah ieu permasalahan anu krusial en rawan dina masalah persatuan basa Sunda anu resmi dipake ku para pajabat jeung bawahannana ti Gedong sate oge lieureun... kecuali mun buku basa sundana buku unggal wewengkon. nuhun kana mairanana... cag! ...oca tea... --- On Tue, 9/23/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] unek-unek To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, September 23, 2008, 2:46 PM bah oca, ari toongan sim uing mah, dina perkara cara ngaekspresikeun basa dina wangun tulisan mah, penting ayana standard teh. sabab bisa dijadikeun patokan, ngarah nu maca teu kaliru ngainterpretasikeun ana. nya ari basa lisan mah, tos kudratna tiap wewengkon oge aya dialekna. da sakabeh basa oge kitu, lain basa sunda wae. apan basa urang kulon oge, aya gaya amrik, aya gaya ingris, aya gaya ostrali, masing-masing dialekna teu sami. nu matak wacana "basa sunda persatuan" jigana asa teu perlu. keun we tiap daerah sina motekar masing-masing. salam, mh On Wed, Sep 24, 2008 at 2:09 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote: > anu langkung paur kg Emha... > ngupayakeun basa SUNDA PERSATUAN... > (USKanekes ; USPriangan jeung USCirb.) > KAMI BANGSA SUNDA > MENGAKU.... > MENJUNGJUNG TINGGI BAHASA PERSATUAN... > BAHASA SUNDA...!!! > Pek ,arek make Sunda nu mana...? > mun enya bersatu teh... > ari ieu malah, ber...satu.. > trus ber...satu lagi, tuluy ber...satu, > haliber, sewang2an... > nya beak atuh tah... > HE33X! > ...oca tea... > > --- On Tue, 9/23/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> > Subject: Re: [kisunda] unek-unek > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Date: Tuesday, September 23, 2008, 9:39 AM > > upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle > mah make e-butak, teu make halis, ari > cupumanik mah make e-halis, make > curek tea. > > perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah > fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis > /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make > e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub. > > enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa > elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa > e-dugul, > > salam, > mh > > On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono > <s_two.hartono@ yahoo.com> wrote: >> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran atawa buku >> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring >> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e > taling", >> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari >> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo > mun >> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4 >> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi >> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu >> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan >> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara >> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana. >> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di >> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun >> henteu sok disalahkeun. >> >> >> ------------ --------- --------- ------ >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> > > ------------ --------- --------- ------ > > Yahoo! Groups Links > > > > > > ------------ --------- --------- ------ Yahoo! Groups Links (Yahoo! ID required) mailto:kisunda- [EMAIL PROTECTED] ps.com mailto:kisunda- fullfeatured@ yahoogroups. com kisunda-unsubscribe @yahoogroups. com http://docs. yahoo.com/ info/terms/ -- Eminx http://www.saatchi- gallery.co. uk/yourgallery/ artist_profile/ /95268.html
