Conto kasus, kapungkur seueur juru dongeng nu ngucapkeun "murbeng alam" (nganggo pepet), padahal kedahna "murbéng alam" (nganggo taling). Janten numutkeun pirbados mah langkung sae panulisanana dibentenkeun supados nu maos teu pahili ngucapkeunana.
Salam, Asep ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, September 23, 2008 11:39:24 PM Subject: Re: [kisunda] unek-unek upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-halis, make curek tea. perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub. enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa e-dugul, salam, mh On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono <s_two.hartono@ yahoo.com> wrote: > nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran atawa buku > nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring > bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e taling", > diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari > ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun > nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4 > SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi > saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu > deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan > teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara > macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana. > Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di > SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun > henteu sok disalahkeun. > > > ------------ --------- --------- ------ > > Yahoo! Groups Links > > > >
