Kang Iman carita silat moal anggeus2 nepi ka rek caket ngambe taneuh oge, da 
etamah kaulinan\ kaamengan urang sunda 
Asa wnoh  nami Kang Iman  waktos sim kuring ketua teknik pd ITB asa waas eta 
kampus jiga dojo di Jepang. Nya eta aula barat ITB nu hateupna asli arsitektur 
sunda tempat ngawuruk murid anyar ITB. 

Di Unpad kantos ngawuruk di masjid. Jadi masjid  tiasa wae janten 
dojo\padepokan silat.
Eta masjid tos robih. 

Sakitu heula wae. 
 Carita jw silat oge sunda penca tiasa diguar falspah2na antara jw vs sunda. 
Dina sikep para pendekars.

Mangga di pedar wae dina post judul SILATSUNDA. 

Rampes
Kang Yana
Sent via BlackBerry from T-Mobile

-----Original Message-----
From: "Kang Iman" <[EMAIL PROTECTED]>

Date: Tue, 23 Sep 2008 13:56:19 
To: <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


Euleueuh mani leubeut guruna ...
asa mani uruy pikabitaeun...
Ngan eta we ... pabaliut jeung nyumponan juragan PANGAB...utuh kuring mah
jadi we tara junun
reueus lah Kang Yana ..
insya allah upami kaumuran pendak.sareng Kang Yana
kuring bakal ngomong "Master !!! teach me Maenpo !!!"



...............




On Tue, Sep 23, 2008 at 12:07 PM, T_SAS <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Muhun salam ka. Kang Iman
> Ulin sunda heula ti umur 4 taun
> PD ti JW anyar.
> Nu digugulung tetep nu ti warrior Kanekes Abah Khaer cimade Abah Aleh
> Panglipur Abah Kosim Syah Bandar.
> Nu leuwih anyar persilat guru2na para jenderal. Guru kuring EddyNalapraya,
> Prabowo............
>
> Baktos
>
> Kang Yana
>
> Sent via BlackBerry from T-Mobile
>
> ------------------------------
> *From*: "Ema Sujalma" <[EMAIL PROTECTED]>
> *Date*: Tue, 23 Sep 2008 11:13:37 +0700
> *To*: <[email protected]>
>
> *Subject*: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
>
> Kang Yanaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa!
>
> eta aya pertarosan ti Kang Iman
>
> *Kang Yana ... pan Kang Yana teh perguruan PD sanes ?
> pan anu ngadegkeunna ge UJ ?*
>
>
> baktos,
>
>
> On Tue, Sep 23, 2008 at 8:59 AM, Kang Iman <
> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>   Punten abah ... akang ngiring mairan
>> keur ngasah pikir ... sugan nambahan elmu
>>
>> 1. Cirebon Banten
>> Nurutkeun katerangan anu pernah kuring maca ...
>> Cirebon memang (dianggap) 'berdiri" teh taun 1482
>> Waktu cirebon teu mere deui upeti ka Pajajaran
>> Tapi harita acan kabuktian geus jadi hiji kasultanan
>> Malah anu mingpinna oge gelarna masih "pangeran"
>> Matak aya nu nyebutkeun leuwih heula Banten lantaran
>> banten ti mimiti ngadeg langsung jadi kasultanan
>>
>> 2.Mataram Sunda
>> Waktu jaman Sultan Agung, posisi Sunda lir ibarat
>> Polandia di jaman Nazi
>> Sanajan Polandia "damai" jeung Nazi
>> tapi kulantaran kagok hayang ngarurud Rusia
>> harita kapaksa polandia oge di rurud ku Nazi
>> kitu deui Sunda, kulantaran Sultan Agung "menyatukan" Jawa
>> nya wilayah Sunda kulantaran aya dina jalur
>> keur mah deuih harita euweuh anu "sagede" Mataram
>>
>> 3. Silat
>> Baheula keur SMP ... pan tiap buku olehragi ditukangna aya gambar
>> jurus silat, ti bubuka nepi ka beres ....
>> berarti geus aya na kurikulum .... ngan memang prak-prakan na euweuh
>> nya tinggal "didorong" deui we ... (meureun)
>>
>> Bah Oca .... Kuring baheula di ajar silat di Masjid
>> malah tiap masjid pasti aya pangajaran silat salain ti ngaji
>> malah mah mun pasantren tingkatanna leuwih luhur silat na
>> Jeung deuih kuring mah diajarkeun yen silat teh (beladiri) hal anu islami
>> kajaba nu make sihir ... eta mah musrik .....
>>
>> Kang Yana ... pan Kang Yana teh perguruan PD sanes ?
>> pan anu ngadegkeunna ge UJ ?
>>
>> 4. Mindahkeun Batu Gigilang
>> Ceuk kuring mah ... kudu menta idin heula ka turunan Maulana Yusuf (asana
>> aya keneh)
>> lantaran eta mah nurutkeun hukum mangrupakeun harta pampasan perang
>> kulantaran baheula Pajajaran eleh nya ... wayahna dibawa
>> geus lain hak na urang pajajaran ... geus euweuh deuih turunanna ge
>> ngan pernahkeun we neundeunna   kajaba mun banten geus ngiklaskeun
>>
>> Sakitu ....
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> On Mon, Sep 22, 2008 at 11:35 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
>> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>>   aeh, kg Gunawan...
>>> punten, uin ngiring mairan deui,..
>>>
>>> .............................................................................................
>>> kg Ocep(Yoseph Isk.alm) teh baheulana sok sering
>>> ngobrol ka warung pojok uin di Tirtayasa...
>>> (nu tos tenang merenah di-alam tengah),
>>> sok komentar ka uin(anjeunna penganut penuh Wangsakerta),
>>> "Oca, ku kami geus kajeueung, didinya bisa fleksibel dina gaul,
>>> sanajan urg sa-tangtungan, tapi kuring garis tegas,
>>> teu bisa basa-basi,(tah! eta sikep tangtungan Sunda)
>>> uin loba dimusuhan, boh di universitas, boh di masyarakat."
>>> Uin ngagebeg...anahoreng  perjalan alm. pinuh ku
>>>  great struggle, ku alatan sikep/tangtungan hirupna...
>>>
>>> ..............................................................................................
>>> kg Gunawan,...
>>> perkawis serangan/gempuran anu badag, memang dua kali...
>>> tapi total sareng anu aralitnamah kl 10 kali dina mangsa Surawisesa,
>>> salami sapuluh taun, tara pernah eleh! di mangsa salajengna kl lima kali
>>> janten tidinya ngawitan nagara Pajajaran, teu kaburu ngabebenah somah
>>> beak ku nyiapkeun pertahanan/ peperangan...
>>> nu matak buru2 eyang Surawisesa, nyieun prasasti Batu tulis teh,
>>> dina emutan, mi-eling sang Rama Sri Baduga 12 taun ngantunkeun,
>>> dina hiji acara ritualna...
>>> keur bukti ka anak incu ka hareup , yen Sang Rama tos
>>> rengse, PRAK! ngaheuyeuk dayeuh, ngolah nagara, sacara lengkep
>>> nyaeta kahiji, nyieun  Talaga Maharena Wijaya,( sistem irigasi...)
>>> kadua, nyieun Leuweung Samida, (Lingkungan Hidup...)
>>> salajengna, memang dina sajarahna sanes perbentrokan agama,
>>> (saur uin ogen, sa-ukur kedok agama,)
>>> padahal urusan persaingan dagang suragang,
>>> tapi ulah hilap, eta carita hanteu salah ogen...
>>> anu merujuk kana hal kasebat,
>>> conto;- dialogna,ki Lengser (disadur bebas)
>>> "ari maneh (si hideung irung mancung), perangna
>>> ku-alatan agama...aing mah ku sabab ngabela nagara,
>>> jeung agama...!"
>>> matakna di Empang-Bogor, lebakkeun Batutulis,
>>> loba katurunan  Arab, sesa perang baheula...
>>> arek dikamanakeun eta fakta?
>>> (Pantun Bogor, Ngahyangna Pajajaran, Ki Baju Rombeng)
>>> hampura....
>>> memang sanes data sajarah, tapi carita lisan baheula..
>>> sawios lisan , tapi temah anu mo bisa di pungkir dina batin US.
>>> tetep kacatet!
>>> jeung eta pantun, pernah 'haram' dicaritakaeun , kl taun 60an...
>>> malah tilu taun katukang di Bogor di-ayakeun seminar Pajajaran...
>>> (ti-baheula ogen disebutna buku merah/komunis!)
>>> nepi ka Anis JatiSunda diboikot teu meunang medarkeun makalahna...
>>> hampura...
>>> sing tiis pikir, sing herang mata ..
>>> dina pasualan fakta tidak ter-aku bukan sejarah?
>>> geura tengetan, ......
>>> kumaha  sajarah naskah Wangsakerta...
>>> di-anggap PALSU, ku pamarentah, lewat oknum2na...
>>> angger...uin  geus moal kaget
>>> cag!
>>> ...oca tea...
>>>
>>>
>>>
>>> --- On *Fri, 9/19/08, Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>>>
>>> From: Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]>
>>> Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
>>> To: [email protected]
>>> Date: Friday, September 19, 2008, 7:14 PM
>>>
>>>
>>> kuring kantos kapendak (ngobrol) Alm Prof Yoseph Iskandar, penulis
>>> sejarah nasional, Pajajaran dirugrug cirebon, demak, banten 2 kali
>>> 1. nalika pajajaran ngayakeun kerjasama sareng portugis, rencana portugis
>>> ngadamel benteng di sunda kelapa, secara politis demak watir ku kaayaam ieu,
>>> padahal kerjasama pajajaran-portugis ieu seueur kauntungannana keur nasional
>>> oge, diantawisna kana panaluntikan sajarah, bangsa portugis anu kahiji mere
>>> laporan kaayaan ibukota pajajaran dina buku catetan, ieu janten salah sahiji
>>> sumber sejarah, kadua kerjasama ekonomi pajajaran expor hasil tani ka
>>> portugis, katilu pulitik, salami ieu aya pandangan yen pajajaran sieun ku
>>> demak,cirebon lajeng, menta tulung ka portugis (asing, penjajah), padahal
>>> dina lembaran sajarah salajengna kacutat yen karajaan demak (trenggono) dina
>>> ngarugrug blambangan oge menta tulung bangsa portugis.
>>> 2. pajajaran burak, jalaran diserang ka ibukota pajajaran (pakuan), ku
>>> laskar banten, cirebon, saleresna ieu sanes motif agama, aya 2 faktor
>>> penyebab
>>> hiji : sacara politis sanajan, pajajaran geus ditinggalkeun ku Prabu
>>> Siliwangi, jeung loba wilayah anu dicaplok, tetep Pajajaran mangrupi
>>> kerajaan kuat, jeung ancaman utama keur karajaan terdekat nyaeta Banten, teu
>>> mustahil hiji mangsa bakal ngarugrug banten oge, eta mah lain masalah
>>> perbedaan agama islam, hindu, sunda wiwitan, dina catetat sajarah
>>> salajengna banten oge konflik jeung cirebon anu notabene, sami agama islam,
>>> sami turunan Sunan Gunung Jati, atuh boktus sanes yen perang pajajaran -
>>> banten ieu sanes perang agami, nyaeta samemeh pajajaran rugrug para kandaga
>>> lante pajajaran, nyaeta diantawisna patih eyang Jayaprakosa, nyandak mahkuta
>>> pajajran ka karajaan sumedang larang anu notabenena islam, hal ieu aya
>>> tafsir,  harita para punggawa, keluarga, rahayat pajajaran tos seueur anu
>>> islam (diluar Cirebon, Banten), mung secara pulitik  bertentangan sareng
>>> banten, cirebon
>>> kadua: Sultan Maulana Hasanudin, Banten nyeri hate ku cirebon, jalaran
>>> anu ngagentos raja cirebon sanes turunan langsung sunan gunung jati, nyaeta
>>> fatahilah anu mantu sunan gunung jati, padahal secara darah Sultan Maulana
>>> Hasanudin langkung hak kana tahta, boh ditingal tina jalur bapa (sunan
>>> gunung jati) atanapi ibu (surawisesa) anu sami sami turunan Prabu Siliwangi,
>>> anu ngawasaan wilayah tatar sunda
>>>
>>> On 9/20/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>
>>>> wah, sayah bangga sama anda, kang Jalak...
>>>> jangan mawa 'basa 'Jawa- Barat yah?
>>>> bakal mamawa alam Jawa sama wawasan bangsa Barat???
>>>> Yah atawa kagak?
>>>> kang Jalak yang paham Mataram yang lama...
>>>> Mataram yang sama-adat, sa-amparan, sa-warga?
>>>> Mangga babarkan Mataram lama, sa-panjang2na...
>>>> sayah ngadapang, ...
>>>> ha33x!
>>>> ...rahmadjasa...
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> --- On *Thu, 9/18/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>>>>
>>>> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
>>>> Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
>>>> To: [email protected]
>>>> Date: Thursday, September 18, 2008, 11:52 AM
>>>>
>>>>
>>>> He....he.... buku hejo SM mah "nice try" cenah keur alternatif pamikiran
>>>> datangna islam ka Indonesia lain ti kulon tapi ti kaler. Logikana copy 
>>>> paste
>>>> interaksi agama budha jaman Sriwijaya nu mencakup sa asia tenggara.
>>>>
>>>> Memang versi UJ mah Banten diwisuda Demak...he...he.... Padahal SMH teh
>>>> lain sataun dua taun naratas Banten nu disupervisor ramana SGJ. Demak dina
>>>> masalah eta mah kumargi janten Wali Songo Center janten dina ayana di acara
>>>> wisuda eta mah kalebet nu ngareuah-reuah.
>>>>
>>>> Kang Oca pami ngobrol kasundaan matak abdi mah sok kararagok asa
>>>> nyempit2keun scopena ku sorangan padahal nu relevan mah ngobrol sunda teh
>>>> kedah otomatis metot mataram kuno. Ayeuna mah asa Priangan minded! Banten,
>>>> Cirebon, Western of Central Java asa dikaluarkeun tina konteks sunda. Big
>>>> Project for Sundanese!
>>>>
>>>> baktos
>>>> tirta
>>>>
>>>> **
>>>>
>>>>
>>>> ----- Original Message ----
>>>> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
>>>> To: [email protected]
>>>> Sent: Thursday, September 18, 2008 8:29:15
>>>> Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> ------------------------------
>>>> Get your new Email address!
>>>> <http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/>
>>>> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
>>>>
>>>>
>>>>
>>>
>>>
>>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
> http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html
>   
>

Kirim email ke