emh, kg Iman...
janteu uin kageuri ku istilah 'ngadeg'na hiji wilayah/wewengkon...
naha leres kirang apdol, upami ngadeg teh lain ka 'Sultan'an...?
yaaaa. kantun masalah kasapagodosan bae...
perkawis silat , panuju kggo dikawitan usul ka Diknas,
ari di baturmah geus aya unipersitasna...
perkawis silat di masigit tea...
dikaayaan kiwari, tos teu tiasa lebet ka masjid...
istilahna , etamah kabudayaan , lain agama!!!
he33x!
....oca tea...




--- On Mon, 9/22/08, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
To: [email protected]
Date: Monday, September 22, 2008, 6:59 PM









Punten abah ... akang ngiring mairan
keur ngasah pikir ... sugan nambahan elmu

1. Cirebon Banten
Nurutkeun katerangan anu pernah kuring maca ...
Cirebon memang (dianggap) 'berdiri" teh taun 1482

Waktu cirebon teu mere deui upeti ka Pajajaran
Tapi harita acan kabuktian geus jadi hiji kasultanan
Malah anu mingpinna oge gelarna masih "pangeran"
Matak aya nu nyebutkeun leuwih heula Banten lantaran

banten ti mimiti ngadeg langsung jadi kasultanan

2.Mataram Sunda
Waktu jaman Sultan Agung, posisi Sunda lir ibarat
Polandia di jaman Nazi
Sanajan Polandia "damai" jeung Nazi
tapi kulantaran kagok hayang ngarurud Rusia

harita kapaksa polandia oge di rurud ku Nazi
kitu deui Sunda, kulantaran Sultan Agung "menyatukan" Jawa
nya wilayah Sunda kulantaran aya dina jalur
keur mah deuih harita euweuh anu "sagede" Mataram


3. Silat
Baheula keur SMP ... pan tiap buku olehragi ditukangna aya gambar
jurus silat, ti bubuka nepi ka beres ....
berarti geus aya na kurikulum .... ngan memang prak-prakan na euweuh
nya tinggal "didorong" deui we ... (meureun)


Bah Oca .... Kuring baheula di ajar silat di Masjid
malah tiap masjid pasti aya pangajaran silat salain ti ngaji
malah mah mun pasantren tingkatanna leuwih luhur silat na
Jeung deuih kuring mah diajarkeun yen silat teh (beladiri) hal anu islami

kajaba nu make sihir ... eta mah musrik .....

Kang Yana ... pan Kang Yana teh perguruan PD sanes ?
pan anu ngadegkeunna ge UJ ?

4. Mindahkeun Batu Gigilang
Ceuk kuring mah ... kudu menta idin heula ka turunan Maulana Yusuf (asana aya 
keneh)

lantaran eta mah nurutkeun hukum mangrupakeun harta pampasan perang
kulantaran baheula Pajajaran eleh nya ... wayahna dibawa
geus lain hak na urang pajajaran ... geus euweuh deuih turunanna ge
ngan pernahkeun we neundeunna   kajaba mun banten geus ngiklaskeun 


Sakitu ....







On Mon, Sep 22, 2008 at 11:35 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL 
PROTECTED]> wrote:

















    
            
aeh, kg Gunawan...
punten, uin ngiring mairan deui,..
...............................................................................................
kg Ocep(Yoseph Isk.alm) teh baheulana sok sering 
ngobrol ka warung pojok uin di Tirtayasa...

(nu tos tenang merenah di-alam tengah), 
sok komentar ka uin(anjeunna penganut penuh Wangsakerta),
"Oca, ku kami geus kajeueung, didinya bisa fleksibel dina gaul, 
sanajan urg sa-tangtungan, tapi kuring garis tegas,

teu bisa basa-basi,(tah! eta sikep tangtungan Sunda)
uin loba dimusuhan, boh di universitas, boh di masyarakat."
Uin ngagebeg...anahoreng  perjalan alm. pinuh ku
 great struggle, ku alatan sikep/tangtungan hirupna...

................................................................................................
kg
 Gunawan,...
perkawis serangan/gempuran anu badag, memang dua kali...
tapi total sareng anu aralitnamah kl 10 kali dina mangsa Surawisesa,
salami sapuluh taun, tara pernah eleh! di mangsa salajengna kl lima kali

janten tidinya ngawitan nagara Pajajaran, teu kaburu ngabebenah somah
beak ku nyiapkeun pertahanan/ peperangan...
nu matak buru2 eyang Surawisesa, nyieun prasasti Batu tulis teh,
dina emutan, mi-eling sang Rama Sri Baduga 12 taun ngantunkeun,

dina hiji acara ritualna...
keur bukti ka anak incu ka hareup , yen Sang Rama tos 
rengse, PRAK! ngaheuyeuk dayeuh, ngolah nagara, sacara lengkep
nyaeta kahiji, nyieun  Talaga Maharena Wijaya,( sistem irigasi...)

kadua, nyieun Leuweung Samida, (Lingkungan Hidup...)
salajengna, memang dina sajarahna sanes perbentrokan agama,
(saur uin ogen, sa-ukur kedok agama,)
padahal urusan persaingan dagang suragang, 
tapi ulah hilap, eta carita hanteu salah
 ogen...
anu merujuk kana hal kasebat,
conto;- dialogna,ki Lengser (disadur bebas)
"ari maneh (si hideung irung mancung), perangna
ku-alatan agama...aing mah ku sabab ngabela nagara,
jeung agama...!"

matakna di Empang-Bogor, lebakkeun Batutulis,
loba katurunan  Arab, sesa perang baheula...
arek dikamanakeun eta fakta?
(Pantun Bogor, Ngahyangna Pajajaran, Ki Baju Rombeng)
hampura....
memang sanes data sajarah, tapi carita lisan baheula..

sawios lisan , tapi temah anu mo bisa di pungkir dina batin US.
tetep kacatet!
jeung eta pantun, pernah 'haram' dicaritakaeun , kl taun 60an...
malah tilu taun katukang di Bogor di-ayakeun seminar Pajajaran...

(ti-baheula ogen disebutna buku merah/komunis!)
nepi ka Anis JatiSunda diboikot teu meunang medarkeun makalahna...
hampura...
sing tiis pikir, sing herang mata ..
dina pasualan fakta tidak ter-aku bukan sejarah?

geura tengetan,
 ......
kumaha  sajarah naskah Wangsakerta...
di-anggap PALSU, ku pamarentah, lewat oknum2na...
angger...uin  geus moal kaget
cag!
....oca tea...



--- On Fri, 9/19/08, Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?

To: [email protected]
Date: Friday, September 19, 2008, 7:14 PM







kuring kantos kapendak (ngobrol) Alm Prof Yoseph Iskandar, penulis sejarah 
nasional, Pajajaran dirugrug cirebon, demak, banten 2 kali
1. nalika pajajaran ngayakeun kerjasama sareng portugis, rencana portugis 
ngadamel benteng di sunda kelapa, secara politis demak watir ku kaayaam ieu, 
padahal kerjasama pajajaran-portugis ieu seueur kauntungannana keur nasional 
oge, diantawisna kana panaluntikan sajarah, bangsa portugis anu kahiji mere 
laporan kaayaan ibukota pajajaran dina buku catetan, ieu janten salah sahiji 
sumber sejarah, kadua kerjasama ekonomi pajajaran expor hasil tani ka portugis, 
katilu pulitik, salami ieu aya pandangan yen pajajaran sieun ku demak,cirebon 
lajeng, menta tulung ka portugis (asing, penjajah), padahal dina lembaran 
sajarah salajengna kacutat yen karajaan demak (trenggono) dina ngarugrug 
blambangan oge menta tulung bangsa portugis.


2. pajajaran burak, jalaran diserang ka ibukota pajajaran (pakuan), ku laskar 
banten, cirebon, saleresna ieu sanes motif agama, aya 2 faktor penyebab
hiji : sacara politis sanajan, pajajaran geus ditinggalkeun ku Prabu Siliwangi, 
jeung loba wilayah anu dicaplok, tetep Pajajaran mangrupi kerajaan kuat, 
jeung ancaman utama keur karajaan terdekat nyaeta Banten, teu mustahil hiji 
mangsa bakal ngarugrug banten oge, eta mah lain masalah perbedaan agama islam, 
hindu, sunda wiwitan, dina catetat sajarah salajengna banten oge konflik jeung 
cirebon anu notabene, sami agama islam, sami turunan Sunan Gunung Jati, atuh 
boktus sanes yen perang pajajaran - banten ieu sanes perang agami, nyaeta 
samemeh pajajaran rugrug para kandaga lante pajajaran, nyaeta diantawisna patih 
eyang Jayaprakosa, nyandak mahkuta pajajran ka karajaan sumedang larang anu 
notabenena islam, hal ieu aya  tafsir,  harita para punggawa, keluarga, rahayat 
pajajaran tos seueur anu islam (diluar Cirebon, Banten), mung secara pulitik  
bertentangan sareng banten, cirebon


kadua: Sultan Maulana Hasanudin, Banten nyeri hate ku cirebon, jalaran anu 
ngagentos raja cirebon sanes turunan langsung sunan gunung jati, nyaeta 
fatahilah anu mantu sunan gunung jati, padahal secara darah Sultan Maulana 
Hasanudin langkung hak kana tahta, boh ditingal tina jalur bapa (sunan gunung 
jati) atanapi ibu (surawisesa) anu sami sami turunan Prabu Siliwangi, anu 
ngawasaan wilayah tatar sunda


 
On 9/20/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:









wah, sayah bangga sama anda, kang Jalak... 
jangan mawa 'basa 'Jawa- Barat yah?
bakal mamawa alam Jawa sama wawasan bangsa Barat???


Yah atawa kagak?
kang Jalak yang paham Mataram yang lama...
Mataram yang sama-adat, sa-amparan, sa-warga?
Mangga babarkan Mataram lama, sa-panjang2na...
sayah ngadapang, ...
ha33x!
....rahmadjasa...








--- On Thu, 9/18/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>

Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
To: [email protected]

Date: Thursday, September 18, 2008, 11:52 AM 






He....he.... buku hejo SM mah "nice try" cenah keur alternatif pamikiran 
datangna islam ka Indonesia lain ti kulon tapi ti kaler. Logikana copy paste 
interaksi agama budha jaman Sriwijaya nu mencakup sa asia tenggara. 

 
Memang versi UJ mah Banten diwisuda Demak...he...he.... Padahal SMH teh lain 
sataun dua taun naratas Banten nu disupervisor ramana SGJ. Demak dina 
masalah eta mah kumargi janten Wali Songo Center janten dina ayana di acara 
wisuda eta mah kalebet nu ngareuah-reuah.


 
Kang Oca pami ngobrol kasundaan matak abdi mah sok kararagok asa nyempit2keun 
scopena ku sorangan padahal nu relevan mah ngobrol sunda teh 
kedah otomatis metot mataram kuno. Ayeuna mah asa Priangan minded! Banten, 
Cirebon, Western of Central Java asa dikaluarkeun tina konteks sunda. Big 
Project for Sundanese!


 
baktos
tirta
 

 


----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>


To: [email protected]
Sent: Thursday, September 18, 2008 8:29:15
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?














Get your new Email address! 

Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 
 







      
      

    
    
        
        
        
        


        


        
        
        
        
        








      

Kirim email ke