bilh tacan puas mangga alungkeun tarosan nu sanes...ku abdi diwaler
----- Original Message ---- From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, September 26, 2008 10:46:56 PM Subject: Re: [kisunda] Purnawarman vs Mulawarman >tugas Ambu Tenang wae Kang, eta mah aya Ambu Diana arkeolog anu mulik reset ti Muarakaman, patilasan Kutai buhun. Kutai sok disebat karajaan pangkolotna sa indonesia kusabab dina prasasti "yupa" titimangsa abad ka 4 sabenerna saabad jeung prasasti batu tulis cap suku (sanes kitu Ambu?) tapi dina prasati Mulawarman nyebutkeun boga aki ngaran Kudungga, jadi titimangsa prasasti mulawarman dikurangan 50 tahun atawa 100 tahun disimpulkeun lewih awal atawa leuwih kolot, kangge ngabuktoskeunana ayeuna urang kedah tiasa balik ka jaman baheula.... soklah Ambu! ----- Original Message ----- From: deuhart To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Friday, September 26, 2008 10:48 AM Subject: [kisunda] Purnawarman vs Mulawarman Pun adi di Ujungberung ari carogena teh ti sabrang (Kaltim), cenah saur anjeuna keukeuh yen Purnawarman teh bibit buitna ti Kutai, asumsina panginten tina nami nu sami di tungtung, tah kuabdi ditempas kieu, muhun kamungkinan na aya hubungan mung abdi teu tiasa ngabuktoskeun margi literatur nu kantos dibaca salangkung ku abdi ical, janten samar-samar kahilapkeun, mun teu lepat asana mah duka saaki duka sabuyut jst. Manawi aya nu terang cing kumaha asal muasalna teh?. Panambih: ayeuna pun adi nuju nyatet sababarha kecap basa Banjar (Kaltim) nu sami sareng kecap-kecap basa Sunda, tos kenging ampir 200-an. Ke pami aya waktos, urang aplodkeun didieu.
