euleuh gening bari meuleuman kueh,
dicangking ka Sri Baduga atuh Ambu...
kabayang eta kueh buatan Ambu Richa...

On Sat, Sep 27, 2008 at 1:26 AM, richadiana kartakusuma <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   teu aya ...gamparan
> teu titimangsana .... umur prasati YUPA mah diteliti berdasarkan analisis
> Palaeografi (bentuk AKSARA)...kitu Kang SamaRinda
>
> nu jelas mah Kundungga teh The Chieftan, banget ku beunghar tina ngabuniaga
> margi sumber daya alam teh sanes mung saukur tina taneuh (daratan) tapi oge
> sumberdaya aquatic... teu aya duana di dunia mah...beunghar... nya mangsa
> incuna nu digelar Mulawarman ngangkat janten raja...
>
> sakieu be heula, da naroskeunana ge kitu... abdi bari meuleuman kueh..
>
> AMBU
>
> ----- Original Message ----
> From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Friday, September 26, 2008 10:46:56 PM
> Subject: Re: [kisunda] Purnawarman vs Mulawarman >tugas Ambu
>
>  Tenang wae Kang, eta mah aya Ambu Diana arkeolog anu mulik reset ti
> Muarakaman, patilasan Kutai buhun. Kutai sok disebat karajaan pangkolotna sa
> indonesia kusabab dina prasasti "yupa" titimangsa abad ka 4 sabenerna saabad
> jeung prasasti batu tulis cap suku (sanes kitu Ambu?) tapi dina prasati
> Mulawarman nyebutkeun boga aki ngaran Kudungga, jadi titimangsa prasasti
> mulawarman  dikurangan 50 tahun atawa 100 tahun disimpulkeun lewih awal
> atawa leuwih kolot, kangge ngabuktoskeunana ayeuna urang kedah tiasa balik
> ka jaman baheula.... soklah Ambu!
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* deuhart <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [EMAIL PROTECTED] .com <[email protected]>
> *Sent:* Friday, September 26, 2008 10:48 AM
> *Subject:* [kisunda] Purnawarman vs Mulawarman
>
>  Pun adi di Ujungberung ari carogena teh ti sabrang (Kaltim), cenah
> saur anjeuna keukeuh yen Purnawarman teh bibit buitna ti Kutai,
> asumsina panginten tina nami nu sami di tungtung, tah kuabdi ditempas
> kieu, muhun kamungkinan na aya hubungan mung abdi teu tiasa
> ngabuktoskeun margi literatur nu kantos dibaca salangkung ku abdi
> ical, janten samar-samar kahilapkeun, mun teu lepat asana mah duka
> saaki duka sabuyut jst. Manawi aya nu terang cing kumaha asal muasalna
> teh?.
> Panambih: ayeuna pun adi nuju nyatet sababarha kecap basa Banjar
> (Kaltim) nu sami sareng kecap-kecap basa Sunda, tos kenging ampir
> 200-an. Ke pami aya waktos, urang aplodkeun didieu.
>
>
>  
>



-- 
Eminx

http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html

Kirim email ke