Tinekanan Jeung Bagja Nu Bakal Sumping

 

Tengah
     peuting nu istuning jempling,

datang lamunan
nyelesep kana hariring,

lamunan nu
istuning matak lungkawing,

kahayang nu
katempona nangtawing. 

 

Hiji mangsa
dimana urang sunda enggeus kageuing,

pangajak
ngahiji enggeus dikuping,

urang sunda
enggeus teu jiga deui munding,

tinekanan
jeung bagja nu bakal sumping. 

 

Moal aya deui
kajadian jiga di sumedang larang,

hiji manusa
loba jasa dipiceun nu matak baluang,

pitulung ti
dulur asa di awang-awang,

pitulung ti
nagri teu kasawang. 

 

Deudeuh teuing
ujang,

karunya anjeun
dibaruang,

nasib anjeun
meni matak salempang,

geuning tali
sunda henteu pageuh nyangcang.  




      

Kirim email ke