Kanggo Nu Keur Tunggara Narima Cocoba

 

Kanu
     ngalempreh dibeulah ditu,

nu keur
tunggara narima cocoba,

mugi anjeun
teu muru kusunu,

ikhlaskeun
cocoba ti Nu Kawasa jang ngahapus dosa. 

 

Kuring milu
ngarasa nalangsa,

komo mun inget
anjeun boga jasa,

mugi ku Allah
anjeun diriksa,

pasrahkeun ka
mantenNa nu ka urang ngawasa.

 

Kuring ngan
ukur bisa nitipkeun saciwit,

mugia bisa
mantuan anu ngarandapan ririwit,

mugia enggal
leupas tina kajadian pait,

istuning jang
panggeuing sakabeh manusa yen umur beuki burit. 

 

Hiji conto
jang larapkeuneun,

yen urang asa
hirup di nagri deungeun,

jeung dulur
asa jeung deungeun-deungeun,

nepi ka nu
loba jasa dianggap deungeun. 

 

Deudeuh teuing
anaking,

anjeun bet
diapi lain,

nepi ka loba
batur ulin,

teu malire
anjeun keur gering.

 




      

Kirim email ke