Sing Inget Timana Urang Mimiti
Di
luar imah urang loba keneh baraya nu keur ngarandapan,
hirup
balangsak bari euweuh nu mairan,
sawatara nu
sejen keur pahibut malingan,
bari
hirup senang jiga di karajaan.
Ting guluyur
make sedan,
ting cikikik
diwowoy kasenangan,
ting barakatak
dilimped kamewahan,
padahal Allah
apal rejekina meunang malingan.
Sing inget
timana urang mimiti,
moal bakal
salilana dinangna-ningni,
hiji mangsa anu
enggeus pasti,
sakabeh manusa
bakal keuna pati.
- [kisunda] (Serat: 85)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Sing Inget Ti... Nong Gerak
