AING Lain Turunan Raja
Tapi AING Urang Sunda
Nu mikacinta dinu carita
bahasa jeung budaya
Loba pajabat
Anu keur rarubat
Loba Pajabat anu teu boga Tukuh
Padahal manehna Kukuh
Situs Rancamaya
Hiji Tanda anu enya
Kamasyuran raja baheula
Diancurkeun jalma ayeuna
Ngakuna Jalma Pinter
Tapi naha kabalinger
Ngakuna Paranormal
Tapi kalakuan Abnormal
Abnormal Kuduit
Abnormal meni rujit
Abnormal ku kakuasaan
Abnormal ku kamewahan
Ngakuna Wong Cilik
Kalukuan meni picik
Hey SIA kaum Deungeun
SIA ulah hariaeunen
Mun SIA teu loba Kodek
AING moal loba codet
Mun SIA sagawayah
Pasti AING kudu miceun RUNTAH
Kajadian aya deui
Nu dibaca kamari
Ceuk cenah kalakuan oknum
Mereun panghasilanna teu optimum
Cikan nu mana pajabat sajati
naha nu nyeunyeupeung balati
Naha loba Pajabat anu licik
Sok komo kiwari jaman politik
Mun Dia Kabeh teu mampu
Geus teu kudu halimpu
Kajeun Kami anu tandang
Tapi teu kudu perang
Kajeun Kami anu maju
Sanajan Dia teu Satuju
Kami maju lain tukang mupusti
Sok komo eta mah benda mati
Kami saukur Rayat Cacah
Sugan bisa bebenah
Bebenah dinu kaayaan
Bebenah dinu kalakuan
Bebela samampu kami
bebela ka SUNDA kami
-- Cag Ach ---