Kang dudud cing atuh punten naon benten WANGSIT sareng UGA naha da UGA mah geuning NYATA kajantenan tara dugi ka nyalenggor tina erelna
tah abdi mah percanten pisan margi bktos wae Hatur Nuhun AMBU ----- Original Message ---- From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, September 28, 2008 10:38:57 PM Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ Kang Eminx oge baraya sadaya, Kapungkur abdi kenging Wangsit Siliwangi (WS) ti Abah Oman, narima tanpa syarat malah hayoh digulanggaper siang wengi, tataros nyosok jero ka Abah Oman duka sabaraha taun mulak malik eta wangsit, tiap aya gunung bitu, bom, gempa jeung sagala kajadian alam sok diitung-itung disaruankeun jeung WS, pasti sami pan? Beuki lila enyay - enyay tetempoan teh beuki jelas... aya anu langkung penting ti batan ngudag-ngudag kalangkang. Ayena urang kudu tatan-tatan mapag jaman anu kasangharepan ku urang. Balik deui ka WS, jelas gaduh daya pikat anu pikabitaen keur urang sunda khususna ditambah ku legenda anu hirup di masyarakat urang, wangsit atawa uga teu aya titimasngsa iraha atawa jaman mana kondisi anu digambarkeun tea baris muncul, jaman ayeuna, 50taun kaharep, 100taun kaharep malah boa-boa geus kaliwat. Lamun dina enyana ge kajadian di jaman ayeuna, anger urang ulah ngan saukur jadi penonton.... aya urang kudu tatan-tatan, ngasah bedog... boa-boa moal ka umuran kajadian anu di wangsit teh, hanas mah didadago, nepi ka mopohokeun anu sejen.. he... he.. he... sanes kitu Kang? Ayeuna mah abdi, maca wangsitna tos henteu leterleg... global wae... seueur anu kedah dikritisi sadaya wangsit atanapi uga, teu mung WS wungkul.. ramalan sumpingna Mesiah, Al Mahdi, Satria Piningit, jrrd, hal ieu masihan harepan tapi... (titik-titik) , atawa baris munculna pigur-pigur saurang jalmi (pahlawan) nalika aya kajadian kondisi anu tos teu balance (teu saimbang), masyarakat geus teu kuat nahan diri tina hiji situasi tertekan pasti bakal barontak, upamana durjana tos mahabu, kabatilan dimana-mana, korupsi tos janten budaya, dina kondisi chaos, ieu mah pan suatu situasi sareng sikleus anu logis pimunculnana saurang pahlawan. Tah, jalmi-jalmi anu muncul tepat pada waktu dan kondisi kitu manawi anu disebat dina ramalan teh... hal anu bakal aya/muncul dugi kairaha wae... general eta mah... Kukituna, balik deui yen urang tetep kudu ngurus diri urang sorangan, ngarah aya manfaatna ulah galider ku ramalan, puten ah supados urang fokus katujuan anu sami, nyaeta naekkeun ajen diri urang secara individu oge secara komunitas. wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: eminx To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Sunday, September 28, 2008 10:30 PM Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ he he, eta Abah Ndud... pan saurna ari budak angon di urang mah ngangon kalakay sareng tutunggul kumaha tah mesekna, atanapi bade Zen heula ngarah asak mesek budak angon versi 'urang' On Sun, Sep 28, 2008 at 9:24 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Haturan Mang Hsn, Kang Tirta oge baraya sadaya, * Perkawis Zen, abdi mireng hawar-hawar ti belah kaler aya anu nebarkeun agama anyar namina Agama Zen, duka sami sareng Zen anu ieu atanapi henteu abdi ge teu terang persis. Alesan sanesna, abdi ge pan mung terang tina buku SQ tea, sakitu-kituna teu langkung.... , kitu tah Mang. Hamputen bae... * Kang Tirta perkawis anu dua ti Akang sarimbag sareng dua maqom ti Said Hawa, nyaeta maqom Siddiqun sareng Rabbaniyun, salah sahiji "kecap koncina" anu inget nyaeta: "Diantarana aya jalema anu geus sugema ku saukur teuleum di permukaan, nu sejena sugema lamun geus nepi ka dasar" pengibaratan anu patukan tonggong jeung eta, ngaibaratkeun proses pencarian jatidiri ku Pendaki Gunung. Naha disebut patukang tonggong kusabab anu hiji kahadap anu hiji kaluhur tapi dina esensina sarua. Abdi bade ngaguar anu diibaratkeun naek gunung wae ngarah ngapil kantun milari ku google, sadaya baraya oge tiasa. Pengibaratan ieu ngabedakeun jalma janten 3 (tilu) kelompok pendaki gunung tea, nyaeta kelompok Kedul (Quitter), ........ (Camper), Jucung (Climber). Jucung mangrupa kelompok anu dipikayang ku sakumna manusa, urang kaasup ka kelompok mana-manana gunantung kana CORE urang masing-masing. CORE teh nyeata Control (kumaha urang bisa ngotrol diri), Ownership (kumaha urang nyaha kadiri), Reach (kumaha jakauan pandangan urang), Endurance (kumaha daya tahan diri urang), dongeng ieu bisa wae dipanjangkeun ngalah leuwih kaharti tapi da kudu kumaha atuh uing teu hatam maca bukuna ge. * Balik deui kana harepan Kang Tirta, Naekeun jejer Budak Angon jadi "Jalan nyaho ka diri" anu ieu mah tinggal mesek 10 tahapan Budak Angon-na Zen tea, "Budak Angon Zen" ibarat caluruk, lamun dipesek matak araratel komo lamun langsung dikeremos, mesek ieu teu bisa ku sorangan sabab dina salahna teu aya anu menerkeun, keun sugan kahareup urang bisa murakna babarengan. Manusa anu bisa mesekna pan kudu anu geus jucung nepi ka pucak gunung, lamun geus aya sababaraha urang anu jucung kop tah purak tutungkusan teh. * Jalan keur nyaho ka Gusti Alloh mah, uing ge kakara aya anu ngabejaan Kang, ceunah mah "ti dinya engke ka dinya" can wani ngalengkah kadinya mah, anu kahiji ge masih upayakeun keneh. Hatur nuhun, teu daya tapi kudu upaya... * Ayeuna hayu urang upaya sasarengan ngarah urang tiasa pependak dipunclak gunung. wassalam dudi_ss Catetan: AQ = Adversity Qoutient, alat ukurna CORE, anu peryogi kantun ngorehan dina pabetekan google, gampil! ________________________________ .
