Gusti Alloh paparin abdi kasempetan ningal saung batu jeung saung butut memeh dipundut. ~ Jalak Pakwan ~
----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Sunday, September 28, 2008 22:53:07 Subject: [kisunda] (Serat: 87)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Paparin Heula Abdi Ningali Saung Butut. Paparin Heula Abdi Ningali Saung Butut. * Geuning datang keneh baluang dina hate, sakitu geus mulak-malik kabisa oge, dada ngarakacak nungguan waktu anu teu tangtu, kurang kumaha kuring satia nuturkeun waktu. Aya naon keneh nu kirang ti lengkah abdi gusti, nu mana nu teu kasampeur ku abdi gusti, asa tos dijeungkalan sadaya nu abdi terang, asa tos dikorehan sadaya nu ku gusti dipasihan terang. Upami leres aya keneh nu kalangkung, enggal geuing abdi Gusti Nu Agung, abdi alim engkena kaduhung, kalah ka saumur-umur ngudag tungtung layung. Abdi yaktos ieu teh aya, namung abdi rumaos teu daya, ku nafsu sering kaperdaya, dugi ka kieuna abdi teu walakaya. Ukur pituduh gusti ku abdi dipilari, supados abdi enggal wanoh kana diri, hawatos kanu tos percanten ka abdi, sadaya oge estuning ngalengkah ngabela ajaran kang jeng nabi. Wios bade iraha oge abdi dipundut, namung paparin heula abdi ningali saung butut, paparin heula abdi waktos ka gusti tumut. Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
