Paparin Heula Abdi Ningali Saung Butut.
Geuning
datang keneh baluang dina hate,
sakitu geus
mulak-malik kabisa oge,
dada ngarakacak
nungguan waktu anu teu tangtu,
kurang kumaha
kuring satia nuturkeun waktu.
Aya naon keneh
nu kirang ti lengkah abdi gusti,
nu mana nu teu
kasampeur ku abdi gusti,
asa tos
dijeungkalan sadaya nu abdi terang,
asa tos
dikorehan sadaya nu ku gusti dipasihan terang.
Upami leres aya
keneh nu kalangkung,
enggal geuing
abdi Gusti Nu Agung,
abdi alim
engkena kaduhung,
kalah ka saumur-umur
ngudag tungtung layung.
Abdi yaktos ieu
teh aya,
namung abdi
rumaos teu daya,
ku nafsu sering
kaperdaya,
dugi ka kieuna
abdi teu walakaya.
Ukur pituduh
gusti ku abdi dipilari,
supados abdi
enggal wanoh kana diri,
hawatos kanu tos
percanten ka abdi,
sadaya oge
estuning ngalengkah ngabela ajaran kang jeng nabi.
Wios bade iraha
oge abdi dipundut,
namung paparin
heula abdi ningali saung butut,
paparin heula
abdi waktos ka gusti tumut.