Mun Teu Ati-Ati Sunda.........


 

Lain
     ngan ukur ku kawani,

jalma wicak kudu
ngalengkah tarapti,

kudu bisa ngukur
diri,

anu dipikahayang
ngarah nepi. 

 

Anu hayang
leungitna ciri sunda lain bangsa lalawora,

mun teu ati-ati
sunda leuwih katalangsara,

lain laksana
kalah leuwih balangsak ti saacana,

anak incu urang
jaga arek kumaha. 

 

Lain teu percaya
aya urang sunda geus manca nagara,

lain teu nyaho
aya urang sunda nu ngawasa di peuntas sagara,

ngan jang naon
mun angger ngalengkah sewang-sewangan jiga ayeuna,

matak naon
ngahiji ngarah boga kakuatan nu karasa. 

 

Dimimitian ku
silaturahmi (silaturahim),

kuring bungah
aya nu geus surti,

sugan jeung
sugan ku kabeh kaharti,

pangajak kuring
lain ukur hayang kapuji. 

 

Kajeun sawatara
ieu kuring moal milu,

kajeun ayeunaeun
kuring moal ngaharuwiru,

kuring milu
noong wungkul ngarah teu ngaganggu,

supaya kaharti
heula naon nu dituju.  

 

Anggur
     geura turutan Yahudi,

lain nurutan
kalakuana nu teu muni,

lain ningali
kalicikana ka kanjeng nabi,

kajeun maranehna
kungsi dibasmi,

ayeuna geuning
bisa ngahiji. 

 

Jadi jawara di
ieu dunya,

dipikaserab ku
sasama,

dipikagimir ku
manusa,

sunda bakal jadi
bangsa anu jaya.




      

Kirim email ke