Dayeuh Nu Kapidangdam

 

Luhur
     gunung urut dayeuh baheula,

kuring diuk
nengetkeun marakbakna bandung
ayeuna,

katebak angin
peuting nyelesep tiis kana iga,

dibaturan
peuting anu jempling euweuh sora. 

 

Asa kakara
kamari kami diuk duaan babarengan,

nempo ka bandung
dikuriling leuweung geledegan,

bari
maca marakbakna bentang,

ngawangkongkeun
kaagrengan tatar pasundan. 

 

Sora kendang
jeung tatabeuhan,

dibarengan ku
halimpuna sinden ngahaleuang,

sora tembang
kaendahan,

matak kasuat
lawas teu patepang. 

 

Karajaan nu
tengtrem matak betah nu nyicingan,

mojang-mojang
ngajajar sisi walungan,

barudak leutik
galumbira ucing-ucingan,

taneuh ngeplok
hejo pinuh ku tatangkalan. 

 

Dayeuh nu
kapicangcam,

dayeuh nu
kapidangdam,

luhur gunung
puseur pajajaran,

nu ayeuna jadi
leuweung geledegan. 

 

Lamun
     nepi ka pareng,

nu bersih atina
bisa bareng,

ku bathina bisa
mireng,

dalah teuing
kuring bungah bari hate anteng. 




      

Kirim email ke