sampurasuuun...!
pun dulur lan baraya sadaya di ieu milist...

uin asa ngimpi,
wireh di ulem keur mairan dulur US,
anu wani-wani nyalonkeun jadi presiden...RI-I !
lain kitu , eta ku matak helokna...
umurna panceg 40 taun, kasep , pinter deuih.
lain ku pedah gelar DRna , tapi eta ku nekadna nyalon..
dijaman kiwari anu sakitu pahibutna...
di jaman parebut jojodog dibale agung...
keun we lah , soal visi misina mah...
moal aya nu goreng, pinasti alus lah...
ilmiah lah...so clear, so clean, so simple,
ngan bedana kieu, buku jeung visi misina 
dijieun ku otak jg leungeun sorangan!
anu hemeng deui..eta ti maaaana neangan duitna...
nyalon bupati ogen, kl 20Milyar mah kudu aya...
ari ieu nyalon presiden???
ngan ari sundana mani bentes pisan, umaku...
mun teu jadi pres, ya wapres atuh
mun teu jadi pres, jadi mentri atuh...
mun teu jadi mentri...?
staf ahli mentri atuh...
ah mun teu jadi didarinya...
ngadosenan deui bae...
taun 2013na ..nyalon deui bae...
kiiitu cenah...
da kabeh ogen, dibarungan ku kun payakun beeee...
ku ridona gusti, nu dibarengan ku karuhuuun?
naaaa...ari nu kitu bisa asup kanu disebut...
teu ngukur ka sakujur???
manawi tos aruninga? kantos ngadangu?
mun dibejaan bisi ngiluan kompanye deuih...
aeh..na teu meunang kitu...?
ah..hemeng we...

he33x!
....oca tea...








      

Kirim email ke