Nuhun Kang Oca, manawi teh aya nu sanes deui da ari Kang Yuddy Cris mah 
parantos mireung, mung abdi teu acan tiasa ningali gambaran anu jelas kana eta 
paniatan Kang Yudi tea. 

wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, October 15, 2008 2:53 AM
  Subject: Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???


        enya kg Dud, ngaranna Yuddy Chrisnandi
         teureuh Garut, lahir di Bdg, gede di cirebon, 
        hirupna basajan...urg kontak2 diulem ka kisunda milist... , 
        keur dibantai ku JK, da asal parteyna ti Golkar...
        sok urg bantuan make partey GOLonganKARuhun...
        mangga urg tengetan.ti ayeuna...
        ku uin geus dibere iket Sunda,
        supaya jadi sa-iket-an!
        he33x!
        ...oca tea...

        --- On Mon, 10/13/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

          From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
          Subject: Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???
          To: [email protected]
          Date: Monday, October 13, 2008, 5:27 PM


          eta teh seurieus kitu Kang Oca? 
          lamun enya engke rek diparancahan ku uing, 
          menta alamat emilna bae atawa diondang ka milis kisunda, 
          piraku jalma kitu teu wani asup ka kisunda anu jiga habitat macan. 

          Puguh uing teh keur neangan urang sunda,
          anu boga sumanget sagede gunung sunda, 
          luhur teu katingali punclakna, 
          gede teu katingali tungtungna,

          anu sumangetna ngageudur, 
          ngageudur leuwih gede tibatan naar. 
          Lamun enya aya jalemana bejaan uing, 
          ku uing pasti dianteur....! 


          wassalam.
          dudi_ss

            ----- Original Message ----- 
            From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
            To: [email protected] 
            Sent: Tuesday, October 14, 2008 12:01 AM
            Subject: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???


                  sampurasuuun. ..!
                  pun dulur lan baraya sadaya di ieu milist...

                  uin asa ngimpi,
                  wireh di ulem keur mairan dulur US,
                  anu wani-wani nyalonkeun jadi presiden...RI- I !
                  lain kitu , eta ku matak helokna...
                  umurna panceg 40 taun, kasep , pinter deuih.
                  lain ku pedah gelar DRna , tapi eta ku nekadna nyalon..
                  dijaman kiwari anu sakitu pahibutna...
                  di jaman parebut jojodog dibale agung...
                  keun we lah , soal visi misina mah...
                  moal aya nu goreng, pinasti alus lah...
                  ilmiah lah...so clear, so clean, so simple,
                  ngan bedana kieu, buku jeung visi misina 
                  dijieun ku otak jg leungeun sorangan!
                  anu hemeng deui..eta ti maaaana neangan duitna...
                  nyalon bupati ogen, kl 20Milyar mah kudu aya...
                  ari ieu nyalon presiden???
                  ngan ari sundana mani bentes pisan, umaku...
                  mun teu jadi pres, ya wapres atuh
                  mun teu jadi pres, jadi mentri atuh...
                  mun teu jadi mentri...?
                  staf ahli mentri atuh...
                  ah mun teu jadi didarinya...
                  ngadosenan deui bae...
                  taun 2013na ...nyalon deui bae...
                  kiiitu cenah...
                  da kabeh ogen, dibarungan ku kun payakun beeee...
                  ku ridona gusti, nu dibarengan ku karuhuuun?
                  naaaa...ari nu kitu bisa asup kanu disebut...
                  teu ngukur ka sakujur???
                  manawi tos aruninga? kantos ngadangu?
                  mun dibejaan bisi ngiluan kompanye deuih...
                  aeh..na teu meunang kitu...?
                  ah..hemeng we...

                  he33x!
                  ...oca tea...





                 


            .
             
       



   

Kirim email ke