Haturan Abah,

Kalintang bingahna, abah ayeuna tos tiasa aktif di milist. Ti
kapungkur saleresna mah bade ngulem abah ka milist teh, namung nyaeta,
teu kaparengkeun wae kenging alamat email abah. Kapalihdieunakeun abdi
nembe terang, sing horeng saparantos pansiun, abah sadidintenna
langkung seueur di Jakarta. Alhamdulillah, kamari abdi tiasa kontak
abah dugi ka kenging alamat emailna.

Aya kana 5 kali-na abdi pendak sareng  abah dina raraga "kabudayaan",
atawa sebat wae, "kasundaan". Anu kahiji, waktu panglawungan mieling
Mang Koko tea, tos rada lami, taun 2003 asana mah. Harita satutasna,
si kuring ngareportase eta panglawungan di milist lumayan rada panjang
oge eta catetan anu diposting ka milist teh.

Patepung anu kadua, dina riungan alit di kantor geologi. Abah harita
midangkeun lalampahan Yayasan Cangkurileung sareng analisisna. Harita
abah dugi ka mintonkeun grafik-grafik ngeunaan pakuat-pakaitna
aktivitas Yayasan Cangkurileung sareng lingkungan kabudayaan di Tatar
Sunda. Aya saena upami eta seratan/makalah diguar deui di ieu milist.
Diantos, abah.

Anu katilu, masih di kantor geologi, dina riungan sareng ceu Ida
aktivis radio komunitas (rakom), anu gadegkeun sareng ketua jaringan
radio suara petani (jrsp). Harita, salah sahiji jejer padungdengan teh
ngeunaan informasi kabudayaan, utamina hasil obrolan di milist oge anu
midang dina website, anu tiasa disalabarkeunan ka masyarakat
ngalangkungan radio komunitas (rakom) dina wadah JRSP.

Anu kaopat, nya waktos aya riungan-riungan FORMAS (forum organisasi
masyarakat Sunda--kang Oca neda koreksina upami lepat), nalika bade
milih gubernur periode Pak Dany. Harita geuningan, aya "musuh bersama"
urang Sunda, nyaeta calon gubernur anu sanes pituin Urang Sunda. Dina
lebah dieu, janten emut kasauran Kang Memet kamari dina riungan ping 6
Oktober 2008, silaturahim lebaran tea. Saur anjeunna (Kang Memet),
dina wanda heureuy nyindir: "Salila ieu, ngan aya dua anu bisa
ngahijikeun Urang Sunda, kahiji, waktu anu rek jadi gubernurna lain ti
urang Sunda; kadua, waktu prasastina digali atawa dirogahala". Anu
kahiji, nyoko kana lahirna FORMAS kusabab harita ribut-ribut anti
gubernur anu lain urang Sunda. Anu kadua nyoko kana kajadian prasasti
Batutulis anu dirogahala ku sabab parentah hiji pejabat kalawan alesan
neangan harta karun handapeun eta prasasti.

Anu kalima mah nya waktu "ngaleupaskeun" abah ti lingkungan padamel
negeri alias "pelepasan pensiun" abah. Harita, aya hiji hal anu matak
kayungyun. Nyaeta, abah mintonkeun calung di rengrengan para geolog
oge pejabat ti pusat ti jajaran depaertemen energi dan sumber daya
mineral anu notabene seueur sanes seler Sunda. Asa nembean ningali
acara pelepasan karyawan, malah hiji mantan direktur instansi, di
departemen tempat abdi gawe, disuguhan ku pidangan seni Sunda, malah
anu mimpin eta pidangan seni teh nya "panganten"-na eta acara.
Kayungyun pisan.

Baraya,

Sakedahna urang sadaya bingah, jalaran Abah Abdurrohman, anu karir
padamel negerina dina widang sumber daya geologi (mineral, batubara,
dll) alhamdulillah ayeuna diteraskeun di swasta, kalebet anu ngawitan
ngamasyarakatkeun calung, oge pemerhati sareng aktivis budaya Sunda
ayeuna gabung di ieu milist. Mangga, diantos abah, postinganana,
sareng hayu urang sasarengan ngaguar naon wae anu tiasa diguar di
milist malah mandar aya manfaatna kanggo balarea.

RUpina sakitu heula ti si kuring.

baktosna,
manar


n Thu, Oct 16, 2008 at 5:38 AM, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> --- On Thu, 10/16/08, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: Yahoo! Groups: You're invited! Join kisunda today.
> To:
> [EMAIL PROTECTED]
> Date: Thursday, October 16, 2008, 12:06 PM
>
> Sampurasun, hatur nuhun diangken ku kisunda. Insya Allah kapayun tiasa
> mairan naon rupi pangalaman sareng implengen sim kuring ngeunaan SUNDA.
> Kanggo bewara munggaran sim kuring parantos sering tukeur pangemut
> sareng sdrk Yus Ruslan Achmad, Abah Ali diwuwuh ku sdrk Roza tina perkawis
> "Cikal Bakal Peradaban Dunya" Tina jihad elmu Geologi sareng Biologi mah
> paantos nembrak buktos-buktosna, manawi aya pangrojong ti ahli antropologi
> sareng arkeologi.....manawi pareng Bapak Rektor Prof. Dr. Ir. Gandjar Kurnia
> bade ngagelar seminar dina raraga Diesnatalis UNPAD ka 50 dina akhir sasih
> Oktober 2008.Geura engke urang guar ti kawitan "Paparan Sunda" aya keneh
> dikieuna........breh teh sihoreng lega pisan lemah cai "Urang Sunda" teh,
> sanes ukur Jawa Barat sareng Banten........meh 90 % kawasan Asia Tenggara
> (nagara-nagara ASEAN) eta teh baheula ning baheula disebutna......."PAPARAN
> SUNDA" atanapi "TANAH SUNDA.( SUNDA LANDS"......jadi urang  Indonesia teh (
> suku-suku Sunda, Jawa, Batak, Malayu, Dayak, Bugis .....jsjb....) sihoreng
> rundayan seuweu siwina "BANGSA PAPARAN SUNDA"......atawa ceuk singgetan basa
> mah.....'BANGSA SUNDA".....naha enya.....? Tah engke bade diwaler ku ahlina
> nyaeta Bapak Prof. Dr. Kusumadinata, ahli eologi anu parantos teu bireuk
> deui..........prung ah urang guar, malah mandar kiSunda harudang....., salam
> baktos AMS (Abdurrohman M. Sastra)
>
> --- On Thu, 10/16/08, kisunda moderator <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
> From: kisunda moderator <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Yahoo! Groups: You're invited! Join kisunda today.
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Date: Thursday, October 16, 2008, 10:38 AM
>
>
> This invitation expires in 30 days.Thursday, 16 October 2008 - 3:38 AM UTC
> [EMAIL PROTECTED] has invited you to join the kisunda group!
> Join this group!
> Yahoo! Groups is a free service that allows you to stay in touch with
> friends and family or meet new people who share your interests. Yahoo!
> Groups values your privacy. It is a violation of our service rules for
> members to abuse this invitation feature. If you feel this has happened,
> please notify us. You may also change your email preferences to stop
> receiving group invitations in the future. Your use of Yahoo! Groups is
> subject to our Terms of Service.
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke