Rampes kasadaya baraya, sobat, sepuh anom, pameget jaler istri. Nuhun kana 
pangbageana.
Sagala rupi oge kapan kedah ninggang kana mangsa nitih kana wanci..........saur 
Ayi Oca mah "datang wayah"....upami teu acan sumping saatna eta teh kedah 
"wayahna".....
Rupina kitu takdir ti Azali, sadikantunna pupus ku Ambuna, Abah aya anu 
mikanyaah ku sobat-sobat di Jayakarta, atuh atoh we aya kagiatan, henteu 
ngalamun ngahurun balung gandrung liwung ka anu tos ngantunkeun........
Tah sanampina telepon ti Abah Oman, salaku Moderator, burudul teh email seuweu 
siwi "kiSunda" ngaberebet di layar laptop Abah. Sihoreng dulur-dulur 
matuh.....nya sae, mung nyakitu paciweuh sareng nampi tugas.....sami-sami 
ngaberebet dina layar. Di baca teh aya anu ngintun janari tengah wengi.....beu 
hebat sumangetna dugi ka teu karulem........
Mudah-mudahan bae sadayana anu di obrolkeun ageung manfaatna kanggo 
ngahudangkeun sumanget gawe anu rancage kalayan etika budaya Sunda anu luhung, 
nyaeta dina raraga Silih Asah, Silih Asuh sareng Silih Asih tea. Komo dina 
mayunan kariweuh global kiwari, ulah seueur saur bari mawur tanpa bukur, tapi 
urang kedah seukeut uteuk asak pamolah, malah mandar baraya anu masakat ka 
angkat harkat darajatna contona, masihan bobolongan kanu baluweng, jalan kaluar 
ka nu keur susah. 
Ka sing saha anu haat kana budaya Sunda khususna kasenian tradisional, Ayi 
Tatang Benyamin saurna neda dibantos, bade ulang tahun SMKI anu ku anjeunna 
dimumule....mangga tah pidameleun urang nyimbeuh sasieureun sabeunyeureun...... 
Salam, AMS (Supados teu pagentos sareng Abah Oman, ti wangkid ayeuna sae 
dianggo nami AMS bae, singgetan tina Abdurrohman M. Sastra). Nuhun

--- On Fri, 10/17/08, Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Haturan Abah--->Re: [kisunda] Fw: Re: Yahoo! Groups: You're invited! 
Join kisund
To: [email protected]
Date: Friday, October 17, 2008, 8:53 AM






haturan abah.wilujeng tepang.

nty
--- In [EMAIL PROTECTED] .com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED] .> wrote:
>
> Haturan Abah,
> 
> Kalintang bingahna, abah ayeuna tos tiasa aktif di milist. Ti
> kapungkur saleresna mah bade ngulem abah ka milist teh, namung nyaeta,
> teu kaparengkeun wae kenging alamat email abah. Kapalihdieunakeun abdi
> nembe terang, sing horeng saparantos pansiun, abah sadidintenna
> langkung seueur di Jakarta. Alhamdulillah, kamari abdi tiasa kontak
> abah dugi ka kenging alamat emailna.
> 
> Aya kana 5 kali-na abdi pendak sareng abah dina raraga "kabudayaan" ,
> atawa sebat wae, "kasundaan". Anu kahiji, waktu panglawungan mieling
> Mang Koko tea, tos rada lami, taun 2003 asana mah. Harita satutasna,
> si kuring ngareportase eta panglawungan di milist lumayan rada panjang
> oge eta catetan anu diposting ka milist teh.
> 
> Patepung anu kadua, dina riungan alit di kantor geologi. Abah harita
> midangkeun lalampahan Yayasan Cangkurileung sareng analisisna. Harita
> abah dugi ka mintonkeun grafik-grafik ngeunaan pakuat-pakaitna
> aktivitas Yayasan Cangkurileung sareng lingkungan kabudayaan di Tatar
> Sunda. Aya saena upami eta seratan/makalah diguar deui di ieu milist.
> Diantos, abah.
> 
> Anu katilu, masih di kantor geologi, dina riungan sareng ceu Ida
> aktivis radio komunitas (rakom), anu gadegkeun sareng ketua jaringan
> radio suara petani (jrsp). Harita, salah sahiji jejer padungdengan teh
> ngeunaan informasi kabudayaan, utamina hasil obrolan di milist oge anu
> midang dina website, anu tiasa disalabarkeunan ka masyarakat
> ngalangkungan radio komunitas (rakom) dina wadah JRSP.
> 
> Anu kaopat, nya waktos aya riungan-riungan FORMAS (forum organisasi
> masyarakat Sunda--kang Oca neda koreksina upami lepat), nalika bade
> milih gubernur periode Pak Dany. Harita geuningan, aya "musuh bersama"
> urang Sunda, nyaeta calon gubernur anu sanes pituin Urang Sunda. Dina
> lebah dieu, janten emut kasauran Kang Memet kamari dina riungan ping 6
> Oktober 2008, silaturahim lebaran tea. Saur anjeunna (Kang Memet),
> dina wanda heureuy nyindir: "Salila ieu, ngan aya dua anu bisa
> ngahijikeun Urang Sunda, kahiji, waktu anu rek jadi gubernurna lain ti
> urang Sunda; kadua, waktu prasastina digali atawa dirogahala". Anu
> kahiji, nyoko kana lahirna FORMAS kusabab harita ribut-ribut anti
> gubernur anu lain urang Sunda. Anu kadua nyoko kana kajadian prasasti
> Batutulis anu dirogahala ku sabab parentah hiji pejabat kalawan alesan
> neangan harta karun handapeun eta prasasti.
> 
> Anu kalima mah nya waktu "ngaleupaskeun" abah ti lingkungan padamel
> negeri alias "pelepasan pensiun" abah. Harita, aya hiji hal anu matak
> kayungyun. Nyaeta, abah mintonkeun calung di rengrengan para geolog
> oge pejabat ti pusat ti jajaran depaertemen energi dan sumber daya
> mineral anu notabene seueur sanes seler Sunda. Asa nembean ningali
> acara pelepasan karyawan, malah hiji mantan direktur instansi, di
> departemen tempat abdi gawe, disuguhan ku pidangan seni Sunda, malah
> anu mimpin eta pidangan seni teh nya "panganten"- na eta acara.
> Kayungyun pisan.
> 
> Baraya,
> 
> Sakedahna urang sadaya bingah, jalaran Abah Abdurrohman, anu karir
> padamel negerina dina widang sumber daya geologi (mineral, batubara,
> dll) alhamdulillah ayeuna diteraskeun di swasta, kalebet anu ngawitan
> ngamasyarakatkeun calung, oge pemerhati sareng aktivis budaya Sunda
> ayeuna gabung di ieu milist. Mangga, diantos abah, postinganana,
> sareng hayu urang sasarengan ngaguar naon wae anu tiasa diguar di
> milist malah mandar aya manfaatna kanggo balarea.
> 
> RUpina sakitu heula ti si kuring.
> 
> baktosna,
> manar
> 
> 
> n Thu, Oct 16, 2008 at 5:38 AM, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > --- On Thu, 10/16/08, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > From: Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]>
> > Subject: Re: Yahoo! Groups: You're invited! Join kisunda today.
> > To:
> >
confirm-invite- 0evQXFAwmoHMGqO2 5n0Tqy6wqUc- pscjb=yahoo. [EMAIL PROTECTED] com
> > Date: Thursday, October 16, 2008, 12:06 PM
> >
> > Sampurasun, hatur nuhun diangken ku kisunda. Insya Allah kapayun tiasa
> > mairan naon rupi pangalaman sareng implengen sim kuring ngeunaan
SUNDA.
> > Kanggo bewara munggaran sim kuring parantos sering tukeur pangemut
> > sareng sdrk Yus Ruslan Achmad, Abah Ali diwuwuh ku sdrk Roza tina
perkawis
> > "Cikal Bakal Peradaban Dunya" Tina jihad elmu Geologi sareng
Biologi mah
> > paantos nembrak buktos-buktosna, manawi aya pangrojong ti ahli
antropologi
> > sareng arkeologi... ..manawi pareng Bapak Rektor Prof. Dr. Ir.
Gandjar Kurnia
> > bade ngagelar seminar dina raraga Diesnatalis UNPAD ka 50 dina
akhir sasih
> > Oktober 2008.Geura engke urang guar ti kawitan "Paparan Sunda" aya
keneh
> > dikieuna.... ....breh teh sihoreng lega pisan lemah cai "Urang
Sunda" teh,
> > sanes ukur Jawa Barat sareng Banten...... ..meh 90 % kawasan Asia
Tenggara
> > (nagara-nagara ASEAN) eta teh baheula ning baheula
disebutna... ...."PAPARAN
> > SUNDA" atanapi "TANAH SUNDA.( SUNDA LANDS"...... jadi urang 
Indonesia teh (
> > suku-suku Sunda, Jawa, Batak, Malayu, Dayak, Bugis .....jsjb... .)
sihoreng
> > rundayan seuweu siwina "BANGSA PAPARAN SUNDA"...... atawa ceuk
singgetan basa
> > mah.....'BANGSA SUNDA".....naha enya.....? Tah engke bade diwaler
ku ahlina
> > nyaeta Bapak Prof. Dr. Kusumadinata, ahli eologi anu parantos teu
bireuk
> > deui........ ..prung ah urang guar, malah mandar kiSunda
harudang.... ., salam
> > baktos AMS (Abdurrohman M. Sastra)
> >
> > --- On Thu, 10/16/08, kisunda moderator
<kisunda-owner@ yahoogroups. com>
> > wrote:
> >
> > From: kisunda moderator <kisunda-owner@ yahoogroups. com>
> > Subject: Yahoo! Groups: You're invited! Join kisunda today.
> > To: [EMAIL PROTECTED]
> > Date: Thursday, October 16, 2008, 10:38 AM
> >
> >
> > This invitation expires in 30 days.Thursday, 16 October 2008 -
3:38 AM UTC
> > [EMAIL PROTECTED] . has invited you to join the kisunda group!
> > Join this group!
> > Yahoo! Groups is a free service that allows you to stay in touch with
> > friends and family or meet new people who share your interests. Yahoo!
> > Groups values your privacy. It is a violation of our service rules for
> > members to abuse this invitation feature. If you feel this has
happened,
> > please notify us. You may also change your email preferences to stop
> > receiving group invitations in the future. Your use of Yahoo!
Groups is
> > subject to our Terms of Service.
> >
> >
>

 














      

Kirim email ke