Duka tah muridna tos sabaraha mah, ngan waktu acara di TMII harita, aya 
pabedaan dibandingkeun acara Hanggara Kasih nu biasa, harita mah mobil nu 
parkir ge pinuh ku murid-murid jeung simpatisanna, gedong Sambernyawa nu dipake 
acara dipapaes pantes, ditutup hordeng sakurilingna, konsumsi nu disadiakeun ku 
Tim kang Haris lumayan nyugemakeun, murid-murid atawa simpatisanna rempeg 
marake baju bodas-bodas, medarkeun pamanggihna pake teknologi media jeung sound 
system nu hade. 
Dina acara di TMII katingali ku simkuring Yayuk Suseno jeung Hermawan Kertajaya 
(mun teu salah), hadir di rombongan kang Haris duka muridna, duka simpatisanna.
 
Manehna ngahaja mawa korsi khusus jigana korsi singasana nu sageus beres acara 
dibungkus deui ku kaen bodas, oge dipajang dihareupeun singasana sababaraha 
pusaka nu cenah pusaka Sriwijaya, pusaka Pajajaran, pusaka Majapahit nu eta 
barang teh datang sorangan aya nu nganteurkeun teu pupuguh, Cenah loba luluhur 
(lain ti pajajaran/galuh bae) nu daratang ka manehna kalayan mawa rupa-rupa 
tuduh, parentah atawa wasiat. Tah ku alatan eta jigana nu jadi sangtukangna 
tampilan kang Haris teu sarat ku simbul kasundaan. Tapi pandangan simkuring ieu 
can jadi kacindekan, sabab harita waktu pikeun ngobrol rada samporet, keun 
iraha-iraha rek disusud deui, kumaha sabenerna pamikiran manehna dina perkara 
kasundaan. 
 
Kang Haris umurna ayeuna 45 taunan, ceuk adi beuteung kuring nu kabeneran batur 
sakola lanceukna di SMP II, cenah ti keur leutik kenah kang Haris geus boga 
kalinuwihan, sok ngaramal kalayan bener jadi kanyataan.
 
Ngaran kumpulanna SIRNA GALIH nu ceuk kateranganna cenah 'Hate Bersih', (sirna 
didieu lain hartina leungit, tapi bersih). Pikeun ngomean dunya oge ngomean 
Nusantara ngabutuhkeun jalma nu unggul elmuna. Tah sarat keur ngagem elmu nu 
unggul eta kudu dimimitian ku hate nu bersih.
 
Dina perkara papat kalima pancer, teu beda memang eta nu dipedar. Opat soteh 
(beureum-koneng-bodas-hideung) eta nu jadi waruga/lahir, sedengkeun nu mungkus 
eta warna (garis) diterangkeun simbul tina ether nu jadi 
energi/batin, sedengkeun pancerna nyaeta sukma nu teu pisah jeung Gustina luyu 
jeung konsep 'manunggaling Kaulo-Gusti'. Nu digambarkeun dina lambang 
paguyubanna mangrupa bintang.
 
kitu sun,
 
Rampes
 
Engkus


--- Pada Sen, 20/10/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi???? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 20 Oktober, 2008, 5:02 PM










oooo kitu baruk? bagja atuh...
tos sbrh urg 'murid'na?
maksudna embung nembongkeun kasundaan?
kumaha tah maksadna?
eta ngaranna Sunda prak sabari
teu ngagoongan maneh...uin Sunda pituin...
aya ogen madhab anu kitu...
sae , uin hoyong tepang tah...
tos ngimpleng ti baheula
he33x!
...oca tea...


--- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG 
SUNDA,...anu WANI ???
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Monday, October 20, 2008, 12:58 AM







Leres urang Sunda. Anjeunna putra Dokter Ahmad Suhyar, nu muka Rumahsakit 
Khusus Panyakit Tulang di Jl. Halmahera Bandung. Pami teu lepat mah eta teh 
teureuh ti Cirebon sareng Cianjur.
 
pun, 
Rampes.
 
Engkus.
 


--- Pada Sab, 18/10/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> 
menulis:

Dari: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Sabtu, 18 Oktober, 2008, 12:54 PM








uin ngiluan euy...
katingalna mah
anjeunna salah sahiji anu dina misi
nyumput buni dinu caang tea...
tapi ari ngaran suhyar haris mah...
jeung ningal keureut na mo salah deui
yakin US na
he33x!
...oca tea....


--- On Fri, 10/17/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG 
SUNDA,...anu WANI ???
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Friday, October 17, 2008, 4:43 AM







Kang Tirta, simkuring kungsi ngobrol jeung kang Haris ngeunaan konsep Katuhanan 
nurutkeun pamahaman manehna, oge dina perkara hubunganna jeung konsep luluhur. 
Nya intina mah loba nu sapagodos jeung simkuring. Dina perkara kasundaan, 
memang can pati loba dipicatur, ngan memang manehna katingali ati-ati dina 
nyangkut nu aya hubungan jeung etnis. manehna katingali leuwih ngahanca kana 
label nasional/Indonesia, supaya teu aya nu apriori ti leler sejenna, da memang 
muridna  oge loba ti kalangan "selebriti", Kang Haris ngembangkeun 
kidung-kidung nu eusina pedaran spiritual make basa Indonesia jeung dipirigna 
ku musik ayeuna.
 
Simkuring memang aya rencana iraha-iraha rek ngadon datang ka padumukanna, 
pikeun neuleuman kumaha konsep manehna dina kasundaan.
 
cag. Nuhun
 
Engkus

--- Pada Jum, 17/10/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

Dari: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 6:35 AM






Kang Engkus hatur nuhun, leubeut informasina. Naha kantos oge ngobrol sareng 
akangna ngeunaan sunda/kasundaan kiwari & kahareup?
 
hatur nuhun,
baktos
tirta


 



----- Original Message ----
From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, October 16, 2008 12:11:22
Subject: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG 
SUNDA,...anu WANI ???








Kang Oca, kang Tirta, oge kidulur sadayana.
 
Leres warna beureum, koneng, bodas hideung teh ngallambangkeun palsafah Sunda 
nu ngahartikeun asal kajadian dunya gede (alam semesta) jeung asal dunya leutik 
(diri).  Dupi hartina, nyaeta :
- beureum ngalambangkeun seuneu
- koneng ngalambangkeun angin
- bodas ngalambangkeun cai
- hideung ngalambangkeun bumi/taneuh
 
Lebah dieu luluhur Sunda geus ngabogaan konsep yen ngawujudna alam semesta ieu 
dimimitian ku asana panas (energi) nu ngawujud jadi seuneu (luyu jeung tiori ti 
Barat nu dimimitian ku kajadian ledakan besar api/big bang?), tina akibat 
ledakan timbul ayana angin, tina angin terus ngawujud cai, nya lila-lila timbul 
tetep nu ngawujud jadi bumi/taneuh. 
 
Nya sanggeus rebuan/jutaan taun lilana timbul kasaimbangan nu aya di alam teh 
mangrupa seuneu nu sifatna panas, angin nu sifatna hiliwir, cai nu sifatna 
tiis, jeung bumi nu sifatna tetep/angger. Naha cocog jeung teori ilmiah geologi 
atanapi geofisika... . mangga mungkin kang Oman langkung terang kana teori ieu. 
Nu jelas luluhur urang ge geus kabukti ngotektak kana nalungtik/ngaji alam 
semesta. 
 
Tah ayeuna dina segi kajadian alam/dunya leutik (diri), luluhur Sunda geus 
nalungtik yen asal wujud diri teh tina saripatina seuneu, saripatina 
angin/udara, saripatina cai, saripatina. Katerangannana kieu:
- sagala kadaharan nu asup kana diri indung-bapa dimasak heula (nu hartina aya 
saripati seuneu), buah-buahan, sayuran jeung beubeutian nu teu dimasak heula 
oge matak jadi teh nyerep cahaya/panas panonpoe (seuneu keneh), tah lantaran 
eta dina wujud badan urang aya hawa haneut/panas (badan nu sehat 37 darajat 
Celcius).
- Indung-bapa sapanjang hirupna tangtu nginum cai (inuman atawa tina 
buah-buahan) , hampasna dipiceun ngaliwatan kahampangan, kesang jsb, nu tinggal 
dina dirina nya saripatina,
- indung-bapa barang dahar nu asal tina taneuh (bubuahan, beubeutian, sayuran) 
nu asal ti bumi (taneuh), tangtu ngandung sari pati taneuh, nya dituang 
saripatina nu dibutuhkeun jadi diri, hampasna dipiceun ngaliwatan B.A...B.
- sapanjang hirup indung-bapa tangtu "ngala nyawa" (napas) aya nu 
diabuskeun/diseuseu p jeung aya nu dikaluarkeun nu asalna tina angin/udara. tah 
nu abus diarah saripatina, hampasna dipiceun.
 
Tah eta saripati seuneu-angin- cai-bumi nu "dikonsumsi" ku indung-bapa lian ti 
jadi wujud jeung jadi tanaga indung-bapa  teh nya ngajadi bahan pi-dirieun (sel 
telur jeung spermatozoid) , nu sanggeus ngabuah nya ngembang ti mimiti satitik 
jadi sagede orok nu asal tina 4 unsur tadi ngaliwatan indungna (dina 
kandungan), nya sanggeus gubrag kadunya oge tetap ngagunakeun 4 unsur tadi.
 
Tah eta unsur-unsur teh ngandung sifat atawa mangaruhan kana sifat jalma, warna 
beureum kana napsu amarah, koneng kana napsu dudunya, bodas kana napsu birahi, 
bodas kana napsu kakawasaan.
 
Tah ieu simbol warna nu 4 ieu oge dipake dina tetekon pawayangan, nyaeta : 
Semar (bodas jeung hideung), Cepot (beureum), jeung Dawala (koneng). Ke 
ku simkuring dimana cukup waktu rek dipedar naon palsafah wayang Sunda.

Tah kitu sakaterang simkuring mah kang Tirta dina perkara harti simbol palsafah 
warna.
 
Simkuring ngaluuhan oge kana acara Hanggara Kasih di Taman Mini eta,malahan 
saacanna oge kungsi gunem-catur jeung manehna. Memang manehna meunang kanyaho 
nu ditulis jeung disumebarkeun teh, cenah pangalaman atawa pamanggih manehna 
tina hasil nyucruk diri-nyuay badan-ngotektak raga, jeung pangalaman batinna 
panggih jeung paguneman jeung luluhur Sunda di wewengkon Sirnagalih-Bogor. 
Kamotekaran kang Haris Suryar teh nyaeta ngemas eta pamanggih jeung 
kanyahona dilarapkeun sacara ilmiah kalayan ngagunakeun media/teknologi unggul.
 
Kitu sun, pamairan simkuring.
 
Cag, Rames.
 
Engkus R. 
--- Pada Jum, 17/10/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

Dari: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 12:58 AM







US kang, urang Bandung. Patapaana mah di Desa Sirna Galih Megamendung Bogor. 
Padepokana mah di Jl. Tulodong caket SCBD.
 
Sim kuring nembe ngek warna sunda eta, kumaha Kang Oca naon hartosna? Simbol2 
na ge mirip tangkal, daun paku.
 ~ jalak pakuan ~ 




----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, October 15, 2008 9:31:28
Subject: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG 
SUNDA,...anu WANI ???







kg JP, uin pernah maca blogna Haris Suhyar..
asa US lain?
da warna logonamah warna palsapah sunda
beureumbodashideung koneng?
dimana sih lokasina?
...oca tea..

--- On Wed, 10/15/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Wednesday, October 15, 2008, 1:53 AM






(punten teu di basa sundakeun).
 
Kepemimpinan Indonesia Harus Berdasarkan "Wahyu"



Selasa, 14 Oktober 2008 | 06:53 WIB JAKARTA, SELASA - 
 
Sistem pemilihan pemimpin bangsa dan negara yang berdasarkan demokrasi seperti 
saat ini, dinilai tidak akan mampu mengatasi persoalan yang dihadapi Indonesia. 
Karena itu, sistem tersebut harus ditinggalkan dan beralih untuk mencari 
pemimpin yang memperoleh "wahyu" dari Tuhan
    
"Sistem pemerintahan tidak berdasarkan demokrasi, tidak berdasarkan apapun tapi 
berdasarkan wahyu dari Tuhan," kata tokoh spiritual Haris Suhyar yang juga 
pendiri Yayasan Sirnagalih di Jakarta, Senin malam.
    
Haris Suhyar mengatakan hal itu ketika menjadi pembicara tunggal dalam 
sarasehan yang digelar secara rutin oleh Departemen Kebudayaan dan Pariwisata 
setiap malam Selasa Kliwon atau malam Anggoro Kasih. Sirnagalih selama ini 
dikenal aktif mengembangkan peningkatan kesadaran dan kualitas diri manusia.
    
Sarasehan itu mengupas soal "sangkan paraning dumadi" atau asal muasal dan 
tujuan akhir manusia yang pada malam itu dibeberkan secara sederhana melalui 
tayangan video. 
    
Dalam tayangan tersebut digambarkan bahwa manusia berasal dari cahaya suci Sang 
Hidup dan ketika ia kembali harus juga dalam kondisi suci. Namun langkah ini 
ternyata begitu berat karena manusia terjebak dengan panca indranya dan 
berbagai perbuatan yang semakin mengotori dirinya.
    
Berbagai kotoran itu kemudian menutup cahaya terang suci tersebut. Tugas 
manusia sendiri dalam kehidupan ini adalah bagaimana membersihkan berbagai 
kotoran tersebut sehingga hati nuraninya menjadi terang dan dapat menjadi 
pengarah dalam semua gerak manusia. 
    
Manusia yang telah mampu mencapai kesucian ini yang disebut telah mencapai 
kepada tujuan akhirnya, dan manusia seperti itu yang layak menjadi pemimpin. 
"Barang siapa yang telah mendapatkan wahyu, berarti tahu keselamatan umat 
manusia," kata Haris yang berbicara di hadapan sedikitnya 250 penganut 
kepercayaan terhadap Tuhan dan kalangan umat beragama.
    
Dikatakannya jika ada rakyat yang sudah menemukan orang yang telah mencapai 
tingkat keselamatan seperti itu maka wajib untuk mendukungnya. "Manusia seperti 
itu telah dibimbing oleh rasa atau cahaya ilahi tadi, maka selamatlah manusia 
dan selamat pula negara," katanya.
    
Namun apa yang terjadi dengan bangsa ini justru sebaliknya. Yang ada, katanya,  
adalah pengingkaran terhadap ajaran leluhur seperti sangkan paraning dumadi.
    
"Kita harus kembali ke leluhur, gali. Andalah yang harus menentukan keadaan 
negara, andalah yang harus mendapatkan cahaya ini," katanya.
    
Haris Suhyar juga mengajak para peserta untuk bersama-sama mencari orang yang 
telah mampu atau sampai ke tujuan seperti yang diuraikan dalam tayangan video 
mengenai sangkan paraning dumadi.
    
"Mau tidak mau, kalau ingin selamatkan bangsa ini cari orang yang semacam ini," 
katanya. 
    
Konsekuensi dari kegagalan mencari penerima wahyu tersebut, menurut dia adalah 
tidak adanya ketenangan dan kedamaian. 
    
Seperti yang terjadi saat ini, katanya, rakyat yang sakit memilih pemimpin yang 
berasal dari rakyat yang sakit itu juga, dan hasilnya tentu bisa ditebak bahwa 
pemimpin yang demikian tidak akan mampu membawa Indonesia kepada masa keemasan. 
    
"Kita harus berdoa agar menemukan penyembuh yaitu mereka yahng telah 
tercerahkan oleh cahaya ilahi. Inilah tonggak kita sekarang, ayo kita sama-sama 
wujukkan ini. Siapa saja," katanya.
 
http://www.kompas. com/read/ xml/2008/ 10/14/06530445/ kepemimpinan. indonesia. 
harus.berdasarka n.quotwahyuquot 

 ~ JP~ 




----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, October 14, 2008 19:34:38
Subject: Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???



Baraya,

Salah sahiji anu disaluyuan ku kumna anu hadir dina pajemuhan
silaturahim lebaran tanggal 6 Oktober 2008 nu karek liwat di Museum
Sribaduga nya eta usulan kang Memet M. Hamdan, Kadisbudpar manten,
ngeunaan perluna urang Sunda ngeureunan laku sakumaha dina ikon
"mangga ti payun" ka (seler) nu lian dina urusan politik. Salah sahiji
implikasina tina eta kasaluyuan, nya urang Sunda geus waktuna
ngarojong saha wae Urang Sunda anu aya kawani jeung kamampu tur jujur
pikeun nyalonkeun maneh jadi pamimpin (catetan: tangtu wae lamun
syarat-syarat anu sifatna poko atawa elementer keur pencalonan eta
geus kacumponan, upamana: berkalakuan hade alias teu boga catetan
ngalalakukeun kajahatan gede, jst).

Karana sakitu, dina ieu milist meunang pisan sing saha wae warga
milist ngusulkeun atawa ngadukung calon pamimpinna (calon Presiden
jeung kapamimpinan sejen dihandap na), kalawan tetep make cara-cara
anu teu ninggalkeun etika jeung kasopanan sakumaha ilaharna. Hal ieu
kalawan catetan: anu dipiharep nyaeta mucunghulna pamimpin ti urang
Sunda boh di hambalan nasional atawa regional bari jeung teu kudu
ngagegedekeun urusan partei. Singgetna: pikeun ngungkulan krisis
kamapimpinan di rengrengan masyarakat Sunda.

Upama tea mah ieu teh wawar ngeunaan dimeunangkeunanan "kampanye"
atawa ngarojong usulan kamapimpinan urang Sunda di milist, tapi lain
hartina meunang kampanye ngeunaan partei :) . Kokohan urang-sundana
anu dituju, lain parteina.

Bral geura tandang makalangan.

manar

On Tue, Oct 14, 2008 at 6:55 PM, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote:
> Tokoh
> Yuddy Chrisnandi
> DR. H. Yuddy Chrisnandi, ME, pria kelahiran Bandung 29 Mei 1968 adalah
> Doktor Ilmu Politik lulusan Universitas Indonesia dan kini duduk sebagai
> Anggota Komisi Politik, Pertahanan, dan Luar Negeri DPR RI periode
> 2004-2009. Pengagum Soekarno, John F Kennedy, Roosevelt, dan Bill Clinton
> ini, tengah menyiapkan buku Menggagas Indonesia 2020. Yuddy Chrisnandi juga
> dikenal sebagai penulis produktif. Buku-buku yang sudah ditulisnya, antara
> lain, Membangun Kemandirian Indonesia, Hubungan Sipil-Militer di Indonesia,
> Kesaksian Para Jenderal, dan KPP HAM Bukan Pengadilan HAM.
>
>
> Biodata
> Panggilan: Yuddy
> Kelamin: Laki-laki
> Tmp/Tgl Lahir: Bandung, 29 May 1968
> Agama: Islam
> Alamat Lengkap: Gd. Nusantara I Jl. Gatot Subroto Gd. DPR/MPR RI
> Jln. Tebet Barat X No.21
> Jakarta 12810
> Daerah Khusus Ibukota Jakarta
> Indonesia
> Telpon: 8354385 Fax. 8354385
> Email: yuddy_chrisnandi@ yahoo.com
> Istri: Velly Elvira,SH
> Anak: -
> Masa Akhir Jabatan: June 2009
>
> Riwayat Pendidikan
>
> SDN Panitran III Cirebon 1980
> SMPN I Cirebon 1983
> SMA Negeri 1 Cirebon 1986
> S1 FE Univ. Padjajaran 1991
> S2 Ilmu Ekonomi Univ. Indonesia 1997
> S3 Ilmu Politik Univ. Indonesia 2001-n/a
>
> Riwayat Jabatan
>
> Bank Bukopin1991- 1992
> Bank Bumidaya1992- 1994
> Pengusaha- Dirut PT. KVA, PT. CPN 1997-2004
> BPPN 1998-2000
> Staf Ahli Kapolri 1998-2001
> Anggota MPR RI 1998-1999
> Staf Khusus Wapres 2001-2003
> Dosen FE Unas
> Dosen PPS Ilmu Politik UI
>
> Pengalaman Organisasi
>
> DPP Golkar Departemen Hukum dan HAM
> DPP Golkar Departemen Pemuda
> Dewan Pakar KAHMI
> Ketua Bidang Litbang Lemkari
>
> On Wed, Oct 15, 2008 at 2:01 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
> <roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote:
>>
>> nuhun kg Am, wastana Yuddy Chrisnandi,
>> ayeuna keur nguriling satanah Jawa,
>> trus ka sakabeh diNusantara. ..
>> sapalih waleranna aya di kg nDud...
>> uin nuju milari emailna...
>> hayu urg rojong...
>> he33x!
>> .....oca tea...
>>
>>
>> --- On Mon, 10/13/08, aam darussalam <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>
>> From: aam darussalam <[EMAIL PROTECTED] com>
>> Subject: Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Date: Monday, October 13, 2008, 6:28 PM
>>
>> Saha atuh wastana capres ti Sunda teh kang Oca ? sok ah geura
>> dibejerbeaskeun saha-sahana, sarebu persen ngadukung lah uing
>> mah......apanan tos kacontoan kumaha wanina Oto Iskandardinata ngalawan
>> penjajahan ? sanes kitu dulur2 ?!
>>
>> Kang Aam di Malang
>>
>> dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>
>> eta teh seurieus kitu Kang Oca?
>> lamun enya engke rek diparancahan ku uing,
>> menta alamat emilna bae atawa diondang ka milis kisunda,
>> piraku jalma kitu teu wani asup ka kisunda anu jiga habitat macan.
>>
>> Puguh uing teh keur neangan urang sunda,
>> anu boga sumanget sagede gunung sunda,
>> luhur teu katingali punclakna,
>> gede teu katingali tungtungna,
>>
>> anu sumangetna ngageudur,
>> ngageudur leuwih gede tibatan naar.
>> Lamun enya aya jalemana bejaan uing,
>> ku uing pasti dianteur.... !
>>
>>
>> wassalam.
>> dudi_ss
>>
>>
>> ----- Original Message -----
>> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Sent: Tuesday, October 14, 2008 12:01 AM
>> Subject: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,.....anu WANI ???
>> sampurasuuun. ..!
>> pun dulur lan baraya sadaya di ieu milist...
>>
>> uin asa ngimpi,
>> wireh di ulem keur mairan dulur US,
>> anu wani-wani nyalonkeun jadi presiden...RI- I !
>> lain kitu , eta ku matak helokna...
>> umurna panceg 40 taun, kasep , pinter deuih.
>> lain ku pedah gelar DRna , tapi eta ku nekadna nyalon..
>> dijaman kiwari anu sakitu pahibutna...
>> di jaman parebut jojodog dibale agung...
>> keun we lah , soal visi misina mah...
>> moal aya nu goreng, pinasti alus lah...
>> ilmiah lah...so clear, so clean, so simple,
>> ngan bedana kieu, buku jeung visi misina
>> dijieun ku otak jg leungeun sorangan!
>> anu hemeng deui..eta ti maaaana neangan duitna...
>> nyalon bupati ogen, kl 20Milyar mah kudu aya...
>> ari ieu nyalon presiden???
>> ngan ari sundana mani bentes pisan, umaku...
>> mun teu jadi pres, ya wapres atuh
>> mun teu jadi pres, jadi mentri atuh...
>> mun teu jadi mentri...?
>> staf ahli mentri atuh...
>> ah mun teu jadi didarinya...
>> ngadosenan deui bae...
>> taun 2013na ...nyalon deui bae...
>> kiiitu cenah...
>> da kabeh ogen, dibarungan ku kun payakun beeee...
>> ku ridona gusti, nu dibarengan ku karuhuuun?
>> naaaa...ari nu kitu bisa asup kanu disebut...
>> teu ngukur ka sakujur???
>> manawi tos aruninga? kantos ngadangu?
>> mun dibejaan bisi ngiluan kompanye deuih....
>> aeh..na teu meunang kitu...?
>> ah....hemeng we...
>>
>> he33x!
>> ...oca tea...
>>
>>
>>
>>
>>
>> .
>>
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> 



Get your preferred Email name! 
Now you can @ymail.com and @rocketmail. com. 



New Email names for you! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does! 


Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain! 



New Email addresses available on Yahoo! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does! 
____________ _________ _________ _________ _________ __
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam 
http://id.mail. yahoo.com 
____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com 
____________ _________ _________ _________ _________ __
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam 
http://id.mail. yahoo.com 
____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com  













__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam  
http://id.mail.yahoo.com 

Kirim email ke