Sampurasun !
Kidulur nu kusimkuring dipihormat,
Dina jejer Wahyu & Demokrasi ieu geus loba ngarancabangna, aya nu mawa kana 
perkara simbol warna dina kasundaan, simbul angka dina kasundaan, aksara jeung 
taun saka jeung sajabana ti eta, sedengkeun dina unggal cabang jejer bahasan 
teh can nepi ka jucungna. Tah kulantaran kitu, sangkan rada nyoko dina 
paguneman kalayan mundel ku harti tina hasil silih simbeuhan ku kanyaho ti pada 
urang, paguneman ieu kumaha mun urang puseurkeun ka masing-masing cabang ieu 
jadi jejer nu mandiri. Simkuring yakin mun nepi ka rada asak dina paguneman, 
bakal nambahan  kareueus jeung kanyaah kana titinggal karuhun Sunda, nu tangtu 
bakal reueus jadi urang Sunda atawa paling henteu reueus ngabogaan luluhur nu 
mibanda kalinuhungan. Ku kituna, hapunten ka para moderator, simkuring tos 
kumawantun.
 
Tah dina jejer simbul warna kasundaan ieu, simkuring rek nambahan pedaran naon 
nu geus kaharti/kapanggih, nu can kapanggih nya tangtu kuring ngaharepkeun 
pamairan ti ki dulur sejenna.
 
A. Opat Warna (beureum-koneng-bodas-hideung)
Saperti nu tiheula diebrehkeun yen simbul warna kasundaan nu utama teh nyaeta 
beureum-koneng-bodas-hideung, nu ngalambangkeun seuneu-angin-cai-bumi nu jadi 
asaling wujud dunya gede, jeung dunya leutik (diri). Tah saripati atawa 
acining-acining  seuneu, angin, cai, bumi ieu ngajadi wujud diri ngaliwatan 
dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan. Eta 4 unsur tadi sanggeus 
ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu:
-         napsu/sumanget baranggawe jeung kapangkatan tina acining 
seuneu/beureum
-         napsu/sumanget ngudag kanikmatan kaasup napsu “birahi” nu asal tina 
acining cai/bodas 
-         napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta banda) tina acining 
angin/koneng
-         napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon bae nu geus kapimilik (teu aya 
jalma nu hayang ngalaman kamunduran).
 
Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara napsu-napsu teh teu nyalahkeun ka 
mahluk sejenna (setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk Gusti, tapi 
estuning memang ngancik jeung nempel (raket) teu pisah tina badan sakujur 
sapanjang hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring ngadalikeunana 
(ngamudina), naha rek diabur atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu 
kamanusaan. Kuringna nu kudu boga pamilih sabab ‘sang kuring’ geus dibere 
wenang ku Nu Maha Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di alam Pawenangan 
Gusti mah teu nyaram teu nitah, ngan sagala ucap-tekad jeung lampah teh aya 
karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha Kawasa), melak hade buah 
hade-melak goreng buahna goreng. Pan sang kuring teh asal ti Nu Maha Suci 
(Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk tukang ngelmu mah) nu tangtu ngabogaan 
sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu ngahartikeun ucapan sampurasun teh 
ngandung sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun teh sang
 kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.
 
Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade (positip) aya nu goreng (negatip), jadi 
ceuk elmu Sunda mah napsu teu meunang dipaehan tapi dikadalikeun/ dikokolakeun, 
sabab mun diabur bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun dirina, mun dipaehan 
bakal moal aya kahirupan manusa di dunya, matak dina legenda Sangkuriang nu ku 
simkuring pernah dipedar dina milis ieu. Dayang Sumbi (diri) kacida ngambekna 
waktu si Tumang (napsu) dipaehan ku Sangkuriang (sang kuring), buktina karek 
dikurangan oge waktu diri butuh dahar atawa butuh nginum teu ditedunan (puasa) 
apan sakitu ngambekna diri teh (beuteng kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). 
Mun urang teu make eta opat unsur, tinangtu bakal leungit napsu-napsu dina diri 
teh .....da tangtu tiwasna.
 
Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal usul kajadian manusa/jalma antara 
elmu Sunda jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho simkuring elmu ti Timur Tengah 
mah (Yahudi-Kristen-Islam), yen cenah jalma teh dijieun tinu taneuh, terus 
ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu seuneu, malaikat dijieun tina 
Cahaya (duka tah nu asal tinu cai jadi mahluk naon? Simkuring teu apal, manawi 
kiduluraya nu terang,  bejaan simkuring). Jadi aya sababaraha mahluk, 
sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi jalma tea. Jadi ngandung harti 
dina elmu sunda mah, bisa diibaratkeun setan jeung malaikat teh gumulung 
ngancik dina diri manusa, matak pantes ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh 
aya nu nyatet atawa kacatet ku dirina sewang-sewangan.
 
Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun dilenyepan kajadian wujud diri asal 
tinu cahaya beureum-koneng-bodas-hideung teh, geuning nyatana universal atawa 
cocog keur sadunya, da buktina jalma di dunya teh geuning bisa digolongkeun 
(kelompok) kana bangsa kulit merah (Indian), bangsa kulit kuning (Indocina), 
bangsa kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam (Negroid). Can ngareungeu 
aya bangsa kulit bulao atawa bangsa kulit hejo/ungu jsb.
 
Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana ? Apan cenah bangsa urang mah 
kaabus golongan bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran nu saimbang 
antara beureum-koneng-bodas-hideung (unsur nu 4). Tah...tah...tah...mun kitu 
nyoko kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu nganuhunkeun ka Gusti Nu 
Maha Suci, sabab sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung meujeuhna ngajadi 
bangsa manusa nu utama teh, sualna aya dina kasaimbangan unsur nu ngabentuk 
dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge saimbang sagala aya nyukupan 
pangabutuh pangeusina (mun bener ngokolakeunana). Matak ceuk elmu sunda mah ari 
kuring teh (lain nu aya di lalaki bae, awewe ge sarua hakna) kudu bisa boga 
pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan atawa kaleuwihan salah sahiji unsur 
bae matak pigeringeun. Contona loba teuing beureum awak bakal panas/demam 
(sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek (sipat batin)
 
Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil kalinuhungan luluhur dina perkara 
opat warna ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang gubrag jeung 
ngalalakon di dunya ku luluhur urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah 
sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang, tangtu dipirig ku gamelan 
wayang, nu marengan dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta sakabeh wayang 
kalayan ninggang dina wirahmana. Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang disebutkeun 
“wali sasanga” (ke tunda guaran perkara wali sasanga ieu-teundeun di haneuleum 
sieum), urang guar bae alat gamelanana. Eta gamelan sarupaning saron, kenong, 
goong jsb, tetekon nu aslina mah kudu dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu 
teh mangrupakeun campuran logam tina tamaga (beureum), kuningan (koneng), perak 
(bodas) jeung beusi (hideung), malahan gamelan pusaka mah sok oge nu ditambahan 
emas (koneng nu aya ajen). 
 
Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur teh natrat pisan, eta 
nepi ka kapikir pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu salawasna make 
diri nu asal ti 4 unsur acining, dilarapkeun kana lakuning wayang nu dipirig 
gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal diri. 
 
Ayeuna lumpat kana tokoh wayangna, di alam Kahiyangan (Mayapada) aya Batara 
Brahma nu ngawasa seuneu (warna wayangna beureum), Batara Bayu nu ngawasa angin 
(koneng), Batara Indra nu ngawasa cai (bodas), jeung Batara Wisnu nu ngawasa 
bumi (hideung), tambah Batara Sambu nu hartina sembada (cageur lahir-cageur 
batin). Eta 5 dewa batara (papat kalima pancer) teh turunan 
(derivasi/penjabaran) ti Sanghiyang Manikmaya (manik = mustika/sostya/ mani; 
maya = cahaya mancur => cahaya mancur nu asal tina mani = diri keneh bae), pon 
kitu deui di alam Marcapada, tingali kulawarga punakawan :
 

Semar ngawakilan simbul beungeut bodas, awak hideung nu hartina tetep dina 
kasucian atawa katetepan ti Nu Maha Suci, semar ngagambarkeun rasa/batin nu 
bersih, matak Semar mah teu boga kalangkang, disebut lalaki tapi bujurna gede 
jeung pinareupna jiga awewe. Jadi lalaki lain awewe lain (kitu gambaran luluhur 
pikeun ngagambarkeun batin/rasa), 
 

Dewi Sutiragen pamajikan Semar nu dina wayang digambarkeun geulis (Dewi = awewe 
utama/linangkung, Suti tina siti/ksiti nu hartina taneuh; ragen tina kecap 
ragi-an), jadi Sutiragen teh ngandung harti ragi/acining taneuh, naon tah?.... 
Nya diri atawa raga keneh, matak pantes pamajikan nu hartina pangancikan 
rasa/batin teh taya lian iwal dina raga/diri/lahir nu asal tina acining taneuh. 
Sutiragen digambarkeun geulis, nya tangtu bae sabab diri manusa teh 
mangrupakeun ciptaan Nu Kawasa nu paling sampurna dibanding mahluk sejenna, 
jeung di dunya ieu, naha aya jalma sehat nu teu micinta kana dirina.  
 

Cepot atawa Sastrajungga (sastra = tulisan, jingga = beureum) ngawakilan simbul 
beureum asal dicipta tina kalangkang semar, matak boga watekna kasar, babari 
ambek, ngomong saengangna).
 

Dawala dicipta tina angin, warna wayang Dawala koneng, ngagambarkeun angin, 
Dawala ngabogaan irung nu gede jeung panjang (ngagambarkeun lawang napas nu 
asal ti angin), matak karakter Dawala mah angin-anginan.
 

Gareng, tah Gareng mah dicipta tina rerenteng nu ngagambarkeun rerenteng hirup 
dina ngumbara di alam dunya bakal kasampeur/kaalaman sarupaning  hade-goreng, 
ngeunah-teu ngeunah, susah-senang, cageur-gering jsb.
 
Patempatan Semar di Karangtumaritis, nu hartina tempat pada nitis, nyaeta dunya 
leutik (diri) tempatna pikeun nitis (titisan indung-bapa, jeung bakal nitiskeun 
anak katurunan), oge nya dunya gede (lemah cai) tempatna para titisan.
 
Tah ku guaran ieu, naha rek mungkir kana luhungna elmu kisunda?, naha tetep 
boga anggapan yen wayang teh asal ti India?, naha teu reueus jeung ajrih ku 
kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur sorangan? Naha rek era ngaku jadi urang 
Sunda?, Naha rek cicing, teu era ku kamotekaran luluhur? Iraha atuh rek 
ngajenan luluhur sorangan teh?....mangga teu langkung.
 
Tah kidulur, rada mundel simkuring ngaguar tina palsapah pawayangan teh, ngan 
can kaboro nuliskeun jadi buku, memang kahareup simkuring boga niat ngaguar 
lengkep makna pawayangan Purwa ti awitan Sanghiyang Wenang.
 
B. Warna beureum-bodas
Harti simbul warna Sunda, kacida euyeubna. warna beureum-bodas, bisa 
ngalambangkeun getih beureum nu asal ti indung jeung getih/geutah bodas nu asal 
ti bapa. Dua warna ieu oge ngalambangkeun asal kajadian atawa sajarah diri 
urang. Dina elmu Sunda pangheulana ngajenan teh kudu ka indung-bapa, sabab 
indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang kadunya. Indung bapa nu 
jadi juru salamet urang teh, da buktina kanyaah indung-bapa ti mimiti dikandung 
nepi ka geus rarumah tangga baroga budak deui ge kanyaah-kaasih indung-bapa 
moal pegat, geus jadi babasan kanyaah kolot ka anak mah : leutik ku leutikna, 
gede ku gedena, hade ku hadena, goreng ku gorengna jsb, matak simkuring mah teu 
ngarti ku jalma nu leuwih mikareueus kolot/luluhur batur tinimbang 
kolot/luluhur sorangan. Sakuduna urang nempatkeun kolot/indung bapa di 
tempat/kadudukan nu luhur, matak dina adat tradisi nyieun imah, sok 
disimbulkeun masang bandera beureum-bodas dina tihang/kai suhunan nu
 pangluhurna (bagean suhunan naon tah kang Oca disebutna eta teh?).
 
Beureum-bodas oge ngalambangkeun kawani jeung kasucian, nu hartina wani 
merjuangkeun kabeneran, mun salah-salahkeun, mun bener benerkeun, ngadek 
sacekna nilas saplasna.
 
Beureum bodas oge sok dipake pasaratan dina sasajen mangrupa gula beureum jeung 
uyah. Beureum bisa ngandung napsu/sumanget berjuang nu kudu dimbangan ku 
rasa/batin (uyah sok disebut oge panyari rasa), oge sok aya bubur beureum-bubur 
bodas.
 
Tah mun ningali dina perkara beureum-bodas, eta nempatkeun beureum teh 
salawasna di luhureun bodas, ieu teh ngandung maksud yen paugeran Sunda mah 
geus luhung nempatkeun indung (awewe) teh saluhureun bapa (lalaki), pon kitu 
deui dina kekecapan atawa dina papatah sok diheulakeun, saperti : ‘indung-bapa’ 
(tara nyebutkeun bapa-indung), ‘indung nu ngandung-bapa nu ngayuga’; ‘indung 
tunggul rahayu-bapa tangkal darajat’ (tara bapa tangkal darajat-indung tunggul 
rahayu), ‘wujud asal ti indung-adat asal ti bapa’, indung beurang, indung 
leungeun, indung suku, indung poe, indung peuting, jsb. Nyata bedana jeung 
paugeran bangsa Timur Tengah (punten sanes agamana) nu nempatkeun awewe leuwih 
handap ti lalaki.
 
Tah ku guaran ieu, mudah-mudahan aya mangpaatna keur kidulur, mangga 
disuhunkeun pamairanana, dina perkara 4 warna ieu, atawa mun kidulur aya nu 
apal kana guaran warna lianna saperti bulao, hejo jsb, mangga geura alungkeun 
dina jejer ieu.
 
Cag ah, ambuing....ambuing......aduh aya anak.....geuning panjang ieu guaran 
teh..........hampura ingsun bisi aya nu teu sapagodos.
 
Pun tabe pun, rampes
 
Pun Engkus nun  

--- Pada Jum, 17/10/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi???? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 2:11 AM











Kang Oca, kang Tirta, oge kidulur sadayana.
 
Leres warna beureum, koneng, bodas hideung teh ngallambangkeun palsafah Sunda 
nu ngahartikeun asal kajadian dunya gede (alam semesta) jeung asal dunya leutik 
(diri).  Dupi hartina, nyaeta :
- beureum ngalambangkeun seuneu
- koneng ngalambangkeun angin
- bodas ngalambangkeun cai
- hideung ngalambangkeun bumi/taneuh
 
Lebah dieu luluhur Sunda geus ngabogaan konsep yen ngawujudna alam semesta ieu 
dimimitian ku asana panas (energi) nu ngawujud jadi seuneu (luyu jeung tiori ti 
Barat nu dimimitian ku kajadian ledakan besar api/big bang?), tina akibat 
ledakan timbul ayana angin, tina angin terus ngawujud cai, nya lila-lila timbul 
tetep nu ngawujud jadi bumi/taneuh. 
 
Nya sanggeus rebuan/jutaan taun lilana timbul kasaimbangan nu aya di alam teh 
mangrupa seuneu nu sifatna panas, angin nu sifatna hiliwir, cai nu sifatna 
tiis, jeung bumi nu sifatna tetep/angger. Naha cocog jeung teori ilmiah geologi 
atanapi geofisika... . mangga mungkin kang Oman langkung terang kana teori ieu. 
Nu jelas luluhur urang ge geus kabukti ngotektak kana nalungtik/ngaji alam 
semesta. 
 
Tah ayeuna dina segi kajadian alam/dunya leutik (diri), luluhur Sunda geus 
nalungtik yen asal wujud diri teh tina saripatina seuneu, saripatina 
angin/udara, saripatina cai, saripatina. Katerangannana kieu:
- sagala kadaharan nu asup kana diri indung-bapa dimasak heula (nu hartina aya 
saripati seuneu), buah-buahan, sayuran jeung beubeutian nu teu dimasak heula 
oge matak jadi teh nyerep cahaya/panas panonpoe (seuneu keneh), tah lantaran 
eta dina wujud badan urang aya hawa haneut/panas (badan nu sehat 37 darajat 
Celcius).
- Indung-bapa sapanjang hirupna tangtu nginum cai (inuman atawa tina 
buah-buahan) , hampasna dipiceun ngaliwatan kahampangan, kesang jsb, nu tinggal 
dina dirina nya saripatina,
- indung-bapa barang dahar nu asal tina taneuh (bubuahan, beubeutian, sayuran) 
nu asal ti bumi (taneuh), tangtu ngandung sari pati taneuh, nya dituang 
saripatina nu dibutuhkeun jadi diri, hampasna dipiceun ngaliwatan B.A.B.
- sapanjang hirup indung-bapa tangtu "ngala nyawa" (napas) aya nu 
diabuskeun/diseuseu p jeung aya nu dikaluarkeun nu asalna tina angin/udara. tah 
nu abus diarah saripatina, hampasna dipiceun.
 
Tah eta saripati seuneu-angin- cai-bumi nu "dikonsumsi" ku indung-bapa lian ti 
jadi wujud jeung jadi tanaga indung-bapa  teh nya ngajadi bahan pi-dirieun (sel 
telur jeung spermatozoid) , nu sanggeus ngabuah nya ngembang ti mimiti satitik 
jadi sagede orok nu asal tina 4 unsur tadi ngaliwatan indungna (dina 
kandungan), nya sanggeus gubrag kadunya oge tetap ngagunakeun 4 unsur tadi.
 
Tah eta unsur-unsur teh ngandung sifat atawa mangaruhan kana sifat jalma, warna 
beureum kana napsu amarah, koneng kana napsu dudunya, bodas kana napsu birahi, 
bodas kana napsu kakawasaan.
 
Tah ieu simbol warna nu 4 ieu oge dipake dina tetekon pawayangan, nyaeta : 
Semar (bodas jeung hideung), Cepot (beureum), jeung Dawala (koneng). Ke 
ku simkuring dimana cukup waktu rek dipedar naon palsafah wayang Sunda.

Tah kitu sakaterang simkuring mah kang Tirta dina perkara harti simbol palsafah 
warna.
 
Simkuring ngaluuhan oge kana acara Hanggara Kasih di Taman Mini eta,malahan 
saacanna oge kungsi gunem-catur jeung manehna. Memang manehna meunang kanyaho 
nu ditulis jeung disumebarkeun teh, cenah pangalaman atawa pamanggih manehna 
tina hasil nyucruk diri-nyuay badan-ngotektak raga, jeung pangalaman batinna 
panggih jeung paguneman jeung luluhur Sunda di wewengkon Sirnagalih-Bogor. 
Kamotekaran kang Haris Suryar teh nyaeta ngemas eta pamanggih jeung 
kanyahona dilarapkeun sacara ilmiah kalayan ngagunakeun media/teknologi unggul.
 
Kitu sun, pamairan simkuring.
 
Cag, Rames.
 
Engkus R. 
--- Pada Jum, 17/10/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

Dari: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 12:58 AM







US kang, urang Bandung. Patapaana mah di Desa Sirna Galih Megamendung Bogor. 
Padepokana mah di Jl. Tulodong caket SCBD.
 
Sim kuring nembe ngek warna sunda eta, kumaha Kang Oca naon hartosna? Simbol2 
na ge mirip tangkal, daun paku.
 ~ jalak pakuan ~ 






 

 














      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke