Kanggo masyarakat umum mah panginten pemasyarakatan aksara sunda cekap ku 
ngagentos nami jalan ku aksara. Tapi pikeun paguron luhur mah asana teh kedah 
langkung ti kitu. Ngabagi-bagi naskah kuno dina format digital, kanggo 
"dipelajari lebih lanjut", naha ditalungtik tina aspek teknologina, eusi naskah 
kuno, atanapi ngabandingkeun sareng aksara bangsa sejen anu ngaharib-harib sami 
sareng aksara sunda. Tah, pan ieu teh tiasa janten salah sahiji widang 
padamelan pikeun para lulusan anu memperdalam dina widang kasundaan. Di 
Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB) UI wae, dosen anu ngahususkeun dina 
widang aksara ieu teh, mung aya hiji, nyaeta kang Mumu (Munawar Cholil). Ku 
ayana unicode basa Sunda, sugan wae atuh seueur calon mahasiswa anu minat kana 
sastra daerah.
 
Mangga wae ti eyeunna ditandaan, taun payun sabaraha urang anu milih program 
studi Sunda di sadaya paguron anu muka sastra daerah/sastra Sunda. Sabaraha 
urang anu skripsi/tesis/disertasina ngulik/nalungtik aksara Sunda.  Upami 
signifikan aya kanaekan, berarti aya pangaruh tina unicode.
 
 
baktos,
 
mrachmatrawyani


--- On Tue, 10/21/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Unicode Aksara Sunda...sosialisasi di Paguron luhur
To: [email protected]
Date: Tuesday, October 21, 2008


      

Kirim email ke