heuheu. nulis naon eta teh? lumpat ka sunda sagala. baksil mah atuh
satai ceuli pikeun urusan sunda. paling pikeun bandung. nu ayeuna geus
teu boga leuweung kota.

unggal poe Kemis, si kuring sok leumpang ti jl. suka asih Setiabudi ka
sakola cap gajah depa, sok ngahaja asup ka baksil. da ongkoh geus
dumuk di cihideung mah, jadi jatuh cinta pisan ka sarupaning
tatangkalan teh.

perkara disebut Babakan Siliwangi, pedah jalan luhureunana ngarana
jalan Siliwangi. ari daerah sabuga lapang mengbal jeung terusna, lebak
gede tea.


cek pamanggih si kuring, Dada mere hak pikeun muka rumah makan ka PT
Ega, alatan baheula, di dinya aya rumah makan Babakan Siliwangi tea.
jadi asa teu nyieun karusakan anyar, ngan ukur revitalisasi naon nu
baheula aya. jaman si kuring keur TPB, kungsi ngagambar tangkal di
dinya. ayeuna rumah makan baksil kari ruruntukna. kursi taun2 katukang
ulin ka dinya, masih aya keneh, model cafe, kungsi ngopi jeung kang
Maman Gantra, teu model rumah makan baksil baheula.

fasilitas nu baheula aya ayeuna aya keneh, eta Sanggar Olah Seni (SOS)
tea. mangrupa sanggar seniman utamana pelukis. beh luhurna aya kantor
kalurahan Lebak Gede alias Big Valley.

jadi Baksil memang teu leuweuh kabeh murni.

Masalahna juragan Dada sigana teu kontekstual. teu noong ka jaman.
baheula mah aya rumah makan di dinya teh, lebak gedena masih sawah.
hartina masih aya ruang hijau terbuka kitu. pan ayeuna mah  dipake
kolam renang, lapang bola jeung sabuga.

jadi jamana tos beda gan Dada.  bisa jadi bos PT EGI mere dana
kampanye ka gan Dada. jadi dalam rangka mulang tarima, nya di bere
konsesi HPH Baksil. haha

On 10/27/08, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sampurasun,...
>
> saatos peristiwa batu tulis bogor, batu kuya, jsb,....
>
> aya deui hal anu ngeleketek kisunda, nyaeta babakan siliwangi.
> kahiji,eta kawasan nu penting pisan kanggo sunda.
> lokasi guriang tujuh dijadikeun bangunan ITB (ceuk info ti abah
> cahya),.. keun wae, da dipake keur hiji bangunan anu keur ngawangun
> pendidikan,...
> tapi babakan siliwangi???? cenah bade dianggo kawasan komersial....
>
> masalahna, didinya aya leuweung nu diperlukeun keur paru2 kota.
> masalahna, didinya aya mata air nu diperlukeun keur cai kota
> masalahna, ngarana "babakan siliwangi",jadi dignity siliwangi nu
> dipertaruhkeun.....
>
> mun eta ngarana babakan tarogong, panginten rada teu nanaon,... tapi
> masalahna, ngarana babakan SILIWANGI euy!!! babakan raja kisunda,...
>
> mun eta jadi dijual ka org jakarta, ka org kapitalis, ka org
> deungeun,...... sarua jeung nyerahkeun harga diri siliwangi ka
> maranehna,.... atuh beuki seuri maranehna nya,.....
>
> atawa, aya hiji pamikiran ti simkuring,...
> musuh sunda cigana keur ngeleketek kisunda, dihaja, isyu BS ieu
> diangkat, meh nyaho... saha nu ngajorowok, saha anu ber reaksi,...
> nu ahirna,.... KISUNDA NU NYUMPUT DINU CAANG,.. jadi lol kanyahoan,...
>
> hayoooo,.. ini pulitik, ... maen strategic maen taktik.
>
> nembe pisan ,rerencangan simkuring masihan terang ka simkuring, aya
> namina CECEP HIDAYAT, anjeuna ngagaduhan serat ti walikota nu
> kapungkur, ngeunaan surat nu ngajelaskeun bahwa fungsi babakan
> siliwangi keur cagar budaya.
> tah,... anjeuna sasadu, kumaha carana ieu surat tiasa dijadikeun
> senjata nu efektif kanggo mempertahankeun BS.
>
> cigana, keur pulitik tingkat tinggi mah, hiji surat bisa dilawan ku
> surat2 politik walikota ayeuna nya,... dengan berbagai alasan dan
> taktik pulitik nu cerdik,....
>
> ke sugan,... kang cecep tiasa nga scan eta surat ,urang di loading ka
> ieu milis, terus, urang bahas babarengan,...
>
> sakitu bewara nu can lengkep ti simkuring,.... insya Alloh ke di
> loading eta suratna,...
>
> samentawis,... mangga ngiring ngisi PETISI weh heula nya,... di
>>>>>  http://www.petitiononline.com/baksil/petition.html
>
> cag!
> rampes
>
> =roche=
>
>
>


-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke