sae nun,..
atuh urang pembagian tugas weh nya,...
abdi ngurus babakan siliwangi nu alit,
tah mang jamal ngurus leuweung sancang nu ageung,...

sesuai kapasitas kamampuan kasundaannana, pan abdi mah nembe 2 taun
kana kasundaan, deet keneh...

pami leuweung sancang mah memang kedah ku kisunda nu tos janten
inohong,...
tah tiasa kerjasama sareng kang nonggerak, urang sancang 3.

pami kang oca bade ngiring team mana? sancang atanapi babakan siliwangi???

oooohhhh kang oca mah tos gaduh team kerja khusus,... nyaeta ngabahas
tentang team nyandung tea nya,....
wah,... eta mah tugas utami atuh nya,...

hahahah,... barakatak, barakatak,... babayyyy

=budak baonk=




--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> lain langkung uninga, ngan kahayang teh ulah make samara nu
> aheng-aheng. ditalikeun jeung prabu Siliwangi sagala pedah ngarana
> babakan siliwangi. teu aya patalina jeung prabu Siliwangi,  aya oge
> jeung jalan Siliwangi tonggoheunana.
> 
> Mun bisa mah kudu kontekstual. ulah sagala perkara, langsung
> dipatalikeun jeung kasundaan. rieut atuh. jeung teu kudu di wawaas.
> Baksil kasus bandung jeung soal lingkungan hirup kota Bandung.
> 
> nu leuwih lega mah kuantitas kasundaanana -dina erek mawa sunda-, eta
> leuweung-leuweung di tatar sunda nu beuki gundul. leuweung sancang di
> Garut nu dianggap sakral (konsep kaarifan lokal "kabuyutan", sangkan
> leuweung tempat ci susu bijil, tetep aya, awet teu leungit) oge ayeuna
> mah cenah geus beak tatangkalanana. kualitas sancang tangtu leuwih
> gede pakait jeung lingkungan tatar sunda, oge jeng budaya legenda
> atawa sajarah bin carita kasundaan. ari soal lingkungan mah dimana bae
> memang penting, ngan nya kudu dibahas sagede masalahna.
> 
> punten sanes mamatahan ngapung ka pilot. haha
> 
> 
> 
> On 10/28/08, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > euleuh,...
> > geuning kitu peta nu sabenerna nya???
> > geuning mang jamal langkung uninga komposisina nya,...
> >
> > berarti simkuring weh meureun nya nu nganggap ieu hal nu gede,...
> > geuning BS teh kasus nu satai ceuli pikeun urusan sunda...
> > teu kdah dibahas atuh soalan BS na, tutup lawang sigotaka,...
> >
> > atuh keun weh nya, da udagan sunda aya anu langkung ageung.
> > moal janten ah ,nga loading eta surat,...
> > keun weh nu mikiran nu ahli na nya,....
> >
> > sok atuh urang nga bahas naon deui tentang kasundaan anu aheng??
> > selain ngabahas per-nyandung-an,... hehehe,...
> >
> > =roche=
> >
> > --- In [email protected], mj <mangjamal@> wrote:
> >>
> >> heuheu. nulis naon eta teh? lumpat ka sunda sagala. baksil mah atuh
> >> satai ceuli pikeun urusan sunda. paling pikeun bandung. nu ayeuna
geus
> >> teu boga leuweung kota.
> >>
> >> unggal poe Kemis, si kuring sok leumpang ti jl. suka asih
Setiabudi ka
> >> sakola cap gajah depa, sok ngahaja asup ka baksil. da ongkoh geus
> >> dumuk di cihideung mah, jadi jatuh cinta pisan ka sarupaning
> >> tatangkalan teh.
> >>
> >> perkara disebut Babakan Siliwangi, pedah jalan luhureunana ngarana
> >> jalan Siliwangi. ari daerah sabuga lapang mengbal jeung terusna,
lebak
> >> gede tea.
> >>
> >>
> >> cek pamanggih si kuring, Dada mere hak pikeun muka rumah makan ka PT
> >> Ega, alatan baheula, di dinya aya rumah makan Babakan Siliwangi tea.
> >> jadi asa teu nyieun karusakan anyar, ngan ukur revitalisasi naon nu
> >> baheula aya. jaman si kuring keur TPB, kungsi ngagambar tangkal di
> >> dinya. ayeuna rumah makan baksil kari ruruntukna. kursi taun2
katukang
> >> ulin ka dinya, masih aya keneh, model cafe, kungsi ngopi jeung kang
> >> Maman Gantra, teu model rumah makan baksil baheula.
> >>
> >> fasilitas nu baheula aya ayeuna aya keneh, eta Sanggar Olah Seni
(SOS)
> >> tea. mangrupa sanggar seniman utamana pelukis. beh luhurna aya kantor
> >> kalurahan Lebak Gede alias Big Valley.
> >>
> >> jadi Baksil memang teu leuweuh kabeh murni.
> >>
> >> Masalahna juragan Dada sigana teu kontekstual. teu noong ka jaman.
> >> baheula mah aya rumah makan di dinya teh, lebak gedena masih sawah.
> >> hartina masih aya ruang hijau terbuka kitu. pan ayeuna mah  dipake
> >> kolam renang, lapang bola jeung sabuga.
> >>
> >> jadi jamana tos beda gan Dada.  bisa jadi bos PT EGI mere dana
> >> kampanye ka gan Dada. jadi dalam rangka mulang tarima, nya di bere
> >> konsesi HPH Baksil. haha
> >>
> >> On 10/27/08, agus <nucinta@> wrote:
> >> > sampurasun,...
> >> >
> >> > saatos peristiwa batu tulis bogor, batu kuya, jsb,....
> >> >
> >> > aya deui hal anu ngeleketek kisunda, nyaeta babakan siliwangi.
> >> > kahiji,eta kawasan nu penting pisan kanggo sunda.
> >> > lokasi guriang tujuh dijadikeun bangunan ITB (ceuk info ti abah
> >> > cahya),.. keun wae, da dipake keur hiji bangunan anu keur ngawangun
> >> > pendidikan,...
> >> > tapi babakan siliwangi???? cenah bade dianggo kawasan komersial....
> >> >
> >> > masalahna, didinya aya leuweung nu diperlukeun keur paru2 kota.
> >> > masalahna, didinya aya mata air nu diperlukeun keur cai kota
> >> > masalahna, ngarana "babakan siliwangi",jadi dignity siliwangi nu
> >> > dipertaruhkeun.....
> >> >
> >> > mun eta ngarana babakan tarogong, panginten rada teu nanaon,...
tapi
> >> > masalahna, ngarana babakan SILIWANGI euy!!! babakan raja
kisunda,...
> >> >
> >> > mun eta jadi dijual ka org jakarta, ka org kapitalis, ka org
> >> > deungeun,...... sarua jeung nyerahkeun harga diri siliwangi ka
> >> > maranehna,.... atuh beuki seuri maranehna nya,.....
> >> >
> >> > atawa, aya hiji pamikiran ti simkuring,...
> >> > musuh sunda cigana keur ngeleketek kisunda, dihaja, isyu BS ieu
> >> > diangkat, meh nyaho... saha nu ngajorowok, saha anu ber reaksi,...
> >> > nu ahirna,.... KISUNDA NU NYUMPUT DINU CAANG,.. jadi lol
kanyahoan,...
> >> >
> >> > hayoooo,.. ini pulitik, ... maen strategic maen taktik.
> >> >
> >> > nembe pisan ,rerencangan simkuring masihan terang ka simkuring, aya
> >> > namina CECEP HIDAYAT, anjeuna ngagaduhan serat ti walikota nu
> >> > kapungkur, ngeunaan surat nu ngajelaskeun bahwa fungsi babakan
> >> > siliwangi keur cagar budaya.
> >> > tah,... anjeuna sasadu, kumaha carana ieu surat tiasa dijadikeun
> >> > senjata nu efektif kanggo mempertahankeun BS.
> >> >
> >> > cigana, keur pulitik tingkat tinggi mah, hiji surat bisa dilawan ku
> >> > surat2 politik walikota ayeuna nya,... dengan berbagai alasan dan
> >> > taktik pulitik nu cerdik,....
> >> >
> >> > ke sugan,... kang cecep tiasa nga scan eta surat ,urang di
loading ka
> >> > ieu milis, terus, urang bahas babarengan,...
> >> >
> >> > sakitu bewara nu can lengkep ti simkuring,.... insya Alloh ke di
> >> > loading eta suratna,...
> >> >
> >> > samentawis,... mangga ngiring ngisi PETISI weh heula nya,... di
> >> >>>>>  http://www.petitiononline.com/baksil/petition.html
> >> >
> >> > cag!
> >> > rampes
> >> >
> >> > =roche=
> >> >
> >> >
> >> >
> >>
> >>
> >> --
> >> geocities.com/mangjamal
> >> mangjamal.multiply.com
> >>
> >
> >
> >
> 
> 
> -- 
> geocities.com/mangjamal
> mangjamal.multiply.com
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke