pun tabe pun sampurasun..
neda aub nyambung catur galur kapungkur
naratas jalan laratan nu katunda sampeureun jaga
natapak lacak jalak mapak karasak
muru sugan milar cenah neangan tangkal kaboa
mipir-mipir basisir pikir pinikiran
nyisir-nyisir sir pinikiran
babarengan nyuay lampah muka lawang
narutus laku nu ka utus
rahyang guriang nu mawa lalayang
na layang maya kisunda kiwari
muga jembar nampa nampi
diri nu pinuh hayang pangarti
ti dulur-dulur nu rawuh sagirangeun
......
rahayu...
pun..pun..pun..
amit Sun.