> From: Agus Pakusarakan
> awewe jihadna lain ku ngilu perang tp jihadna awewe dimana manehna keur 
> ngalahirkeun

Waktu kuring mawa ulin kulawarga ka Pangadaran, pangangguran nempokeun 
kalakuan monyet. Eta mah monyet bet siga jelema. Nu mimiti datang wani 
nyampeurkeun monyet jalu nu awakna gede, lamun teu salah mah disebutna teh 
Mandahong, raja monyet. Sanggeus ngarasa aman, monyet jalu nu sejenna mimiti 
wani kalaluar tinu bala. Geus kitu kakara monyet-monyet bikang jeung anakna. 
Lucuna lamun aya pikahariwangeun, nu pangheulana lumpat nyumput kanu bala, 
monyet Bikang, Pa Mandahong mah malah pangpandeurina, bari teu weleh panonna 
delak-delek, nalungtik kaayaan. Pamimpin nu gede tanggung jawab.

Kia-kira  naon hubunnganana  koloni monyet jeung  pamandegan jihadna awewe 
lain ngilu perang, tapi ngalahirkeun? Manusa kaasup bangsa Primata, jadi 
pamadegan ieu saolah-olah nguatkeun pisan .....yen manusa teh "dulur 
misan"na monyet : "Jalu" keur pamacek jeung perang, bikang keur anakan 
......

Hanjakalna manusa mah "rada" dibedakeun kunu Maha Kawasa teh, dibere akal 
pikiran tepi ka lahir budaya nu terus tumuwuh. Beuki dieu, bareng jeung 
tumuwuhna budaya manusa, fungsi bikang di manusa nu tadina ukur keur anakan, 
mimiti robah. Bikang mimiti ngiluan kana aras-urus nu sejen. Di masyarakat 
tradisional patani/ peladang, fungsi awewe (bikang) jeung fungsi lalaki 
(jalu) malah bisa disebutkeun  jadi sajajar. Umumna masyarakat peladang 
atawa panyawah masyrakat teu resep konflik atawa perang. Urang Sunda 
sabenerna asup ka masyarakat ieu.

Rada beda jeung masyarakat tukang moro jeung tukang angon, nu ngadominasi di 
Timur Tengah jeung Eropa.  Masyarkat ieu asalna kahirupanana nomaden (ayeuna 
sesana masih aya di Timur Tengah jeung di Afrika).  Kulantaran hirupna 
nomaden, punduh-pindah,  resep konflik/ perang da puguh sering ngaranjah 
daerah kakawasaan batur. Akibatna fungsi "jalu" teu robah drastis, tetep 
jadi tukang perang salian pamacek. "Bikang" fungsina tetep keur anakan. Ceuk 
Pa Yakob Sumarjo dina bukuna "pantun Sunda", awewe keur masyarakat nomaden, 
akhirna dianggap ukur "barang".

Tah, lamun ningali kadinya,  nu boga pamandegan "Jalu keur perang, bikang 
keur anakan", sabenerna pamadegan "impor", nu pasti moal cocog keur umumna 
urang Sunda nu pada dasarna mah resep katengtreman, teu resep perang.  Awewe 
keur lalaki Sunda (asli) mangrupakeun patner dina nyiar pangabutuh. Tingali 
we di sawah jeung di kebon, aya gawe babarengan nu pinuh ku harmoni!

Baktos,
WALUYA
[Rarasaan mah Sunda Asli]










------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke