Hatur Nuhun ABah mani asa ngagalindeng etah nu kodrat jadi AWEWE
________________________________ From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, October 30, 2008 10:39:36 AM Subject: Re: Bls: [kisunda] Panyelang oge ngarah rame - Pernyandungan > From: Agus Pakusarakan > awewe jihadna lain ku ngilu perang tp jihadna awewe dimana manehna keur > ngalahirkeun Waktu kuring mawa ulin kulawarga ka Pangadaran, pangangguran nempokeun kalakuan monyet. Eta mah monyet bet siga jelema. Nu mimiti datang wani nyampeurkeun monyet jalu nu awakna gede, lamun teu salah mah disebutna teh Mandahong, raja monyet. Sanggeus ngarasa aman, monyet jalu nu sejenna mimiti wani kalaluar tinu bala. Geus kitu kakara monyet-monyet bikang jeung anakna. Lucuna lamun aya pikahariwangeun, nu pangheulana lumpat nyumput kanu bala, monyet Bikang, Pa Mandahong mah malah pangpandeurina, bari teu weleh panonna delak-delek, nalungtik kaayaan. Pamimpin nu gede tanggung jawab. Kia-kira naon hubunnganana koloni monyet jeung pamandegan jihadna awewe lain ngilu perang, tapi ngalahirkeun? Manusa kaasup bangsa Primata, jadi pamadegan ieu saolah-olah nguatkeun pisan .....yen manusa teh "dulur misan"na monyet : "Jalu" keur pamacek jeung perang, bikang keur anakan ...... Hanjakalna manusa mah "rada" dibedakeun kunu Maha Kawasa teh, dibere akal pikiran tepi ka lahir budaya nu terus tumuwuh. Beuki dieu, bareng jeung tumuwuhna budaya manusa, fungsi bikang di manusa nu tadina ukur keur anakan, mimiti robah. Bikang mimiti ngiluan kana aras-urus nu sejen. Di masyarakat tradisional patani/ peladang, fungsi awewe (bikang) jeung fungsi lalaki (jalu) malah bisa disebutkeun jadi sajajar. Umumna masyarakat peladang atawa panyawah masyrakat teu resep konflik atawa perang. Urang Sunda sabenerna asup ka masyarakat ieu. Rada beda jeung masyarakat tukang moro jeung tukang angon, nu ngadominasi di Timur Tengah jeung Eropa. Masyarkat ieu asalna kahirupanana nomaden (ayeuna sesana masih aya di Timur Tengah jeung di Afrika). Kulantaran hirupna nomaden, punduh-pindah, resep konflik/ perang da puguh sering ngaranjah daerah kakawasaan batur. Akibatna fungsi "jalu" teu robah drastis, tetep jadi tukang perang salian pamacek. "Bikang" fungsina tetep keur anakan. Ceuk Pa Yakob Sumarjo dina bukuna "pantun Sunda", awewe keur masyarakat nomaden, akhirna dianggap ukur "barang". Tah, lamun ningali kadinya, nu boga pamandegan "Jalu keur perang, bikang keur anakan", sabenerna pamadegan "impor", nu pasti moal cocog keur umumna urang Sunda nu pada dasarna mah resep katengtreman, teu resep perang. Awewe keur lalaki Sunda (asli) mangrupakeun patner dina nyiar pangabutuh. Tingali we di sawah jeung di kebon, aya gawe babarengan nu pinuh ku harmoni! Baktos, WALUYA [Rarasaan mah Sunda Asli] ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
