ari cekeng mah, kecap deukeut teh kecap babandingan. samodel jeung panjang. moal nyebut deukeut atawa panjang lamun can ngabandingkeun jeung nu sejen. tah dina "kiamat geus deukeut": memang lamun diitung ti ayeuna kiamat geus (leuwih) deukeut dibandingkeun jeung ti kamari. sabaraha atuh ari ukuran deukeut? salahsahiji ukruanna nyaeta sakumaha kakuatan suku. lamun urang nganjang ka lembur suku gunung di tatar sunda, terus nanya ka urang dinya "ari kampung anu tebih keneh?". sok dijarawab: "adang, tos caket anu mah, tuh palih ditu". bari nunjuk ka lebah gunung nu semu paul.... enya da barang disorang teh, deueueueukeueueueut pisan, ukur kahalangan ku tilu pasir, sapudunan, satanjakan jeung dua pengkolan... (tuh pan ukur kahalangan ku tilu "keusik" haha...)
buleud buleud.... > > -- d-: dudi herlianto :-q ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
