adang... adang kahot ku lucu 
na ari gas BULAO nu kumeho... 
ana peledos ana bulao semu paul kitu?

na atuh adang pangalaman teh bet  sami 
abdi harita nikreuh ka candi ijo.... caket tah sapanyeupahan, cnah
teras bae dihanca... enyaan sapanyeupahan  teh... tapi seupahna diheungheum
teu dicapek... dicapek2 ngke dina tos kajugjug.... 

Tabe pun
AMBU 




________________________________
From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 30, 2008 11:37:22 AM
Subject: Re: [kisunda] Kiamat geus deukeut ?


ari cekeng mah, kecap deukeut teh kecap babandingan. samodel jeung panjang. 
moal nyebut deukeut atawa panjang lamun can ngabandingkeun jeung nu sejen. tah 
dina "kiamat geus deukeut": memang lamun diitung ti ayeuna kiamat geus (leuwih) 
deukeut dibandingkeun jeung ti kamari. sabaraha atuh ari ukuran deukeut? 
salahsahiji ukruanna nyaeta sakumaha kakuatan suku. lamun urang nganjang ka 
lembur suku gunung di tatar sunda, terus nanya ka urang dinya "ari kampung anu 
tebih keneh?". sok dijarawab: "adang, tos caket anu mah, tuh palih ditu". bari 
nunjuk ka lebah gunung nu semu paul.... enya da barang disorang teh, 
deueueueukeueueueut pisan, ukur kahalangan ku tilu pasir, sapudunan, satanjakan 
jeung dua pengkolan... (tuh pan ukur kahalangan ku tilu "keusik" haha...)

buleud buleud....


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
    


      

Kirim email ke