aduh paralun abah sanes maksud kuring kadinya. nyieun tulisan "kabeh urang bogor salawasna ngabustam..." teh bane we inget ka tulisan f rahardi kamari di kompas minggu. nu nyigeng masalah gaya bahasa paradoks. dina dua ayat kur'an nu nyebutkeun wenangna nyandung, cek kuring mah, pangeran salaku maha sastrawan keur ngagunakeun eta gaya bahasa. gaya paradoks. mun dibalik pan: kabeh manusa teu bisa adil. lalaki meunang nyandung, ngan saratna kudu bisa adil. cenah...
On Thu, Oct 30, 2008 at 12:47 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: ua duq > > masih nyambung bah. allah nu maha bageur, jigana teu bisa nyarek jalma, > > togmol. kusabab nyaho nyandung jiga daging > > embe nu matak naekeun kolesterol ka lalaki nu teu bisa adil. > > Nambahan kang Dud, ari daging embe mah, resikona ukur keur nu ngadahar > wungkul, ari nyandung mah mawa mamala kasarerea: Pamajikan, anak, incu. > Loba > karajaan baheula teu lannggeng, pinuh ku peperangan, ukur disababkeun sang > Sultan seueur istri nu akibatna loba anak tiditu-tidieu. Akhirna anakna > parasea parebut tahta. Nu aranna anak Raja, tangtu mawa rahayat, der rakyat > > perang campuh silih paehan .... > > Sultan Harun Al Rasyid nu kamasyur "bijak bestari" gaduh permasuari 2 > urang. > Waktu anjeunna wafat, anakna ti indung nu beda pasea, parebut tahta. Perang > > gede ....nu meunang Al Mamun putra ti presmauri turunan Persia. Musuhna, > dulur sabapana ti permauri urang Arab, perlaya dipangperangan ..... > > Punten .... sarua kuring ge keur resep ngabustam ...hahahaha > > Baktos, > WALUYA > ._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
