> From: "deudeuhhartono" <[EMAIL PROTECTED]>
> Ayeuna muncul pananya, kumaha cenah pami di pang salingkuhkeun?,

Haturan Kang Deudeuh. Kang, perkara salingkuh (jajan atawa nyate) teu aya 
hubunganana jeung nyandung, sanajan sarua urusanana jeung syahwat. Sataun 
katukang Mahkamah Kontitusi nolak ngabatalkeun UU Perkawinan 1974 anu 
digugat ku salah saurang warga nagara Indonesia anu hayang  bebas nyandung, 
teu kudu aya izin ti pamajikan nu tiheula. Salah sahiji alesan nu ngaguguat 
CENAH CEUK MANEHNA, NYANDUNG teh bisa ngurangan prostitusi jeung salingkuh.

Pak Hakim menta bukti, mana datana nu  daratang ka tempat prostitusi atawa 
salingkuh teh nu monogami/teu nyandung. Nu ngagugat teu bisa nyodorkeun 
bukti saeutik-eutik acan, ukur prasangka manehna wungkul. Teu aya jaminan nu 
nyandung teu ngalakukeun salingkuh atawa tara "angkat" ka tempat prostitusi.

Prasangka sakapeung nutupan fakta nu sabenerna. Kulanataran nyandung 
meunang, der aya prasangka awewe leuwih loba ti lalaki, malah aya nu boga 
prasangka extreem 1 lalaki banding 4 awewe. Padahal data statistik 
nunjukkeun babandingana awewe jeung lalaki  teh ampir 1:1. Malah di nagara 
Teluk (Arab Suadi, UEA, kuwait) mah surplus lalaki, tepi ka aya nagara nu 
babandinganan 160 lalaki : 100 urang awewe.

Tapi boga prasangka lain teu meunang, eta mah hak. Kuring oge boga 
prasangka, lalaki nu boga pamajikan leuwih ti hiji, LEUWIH LOBA KAMUNGKINAN 
NGALAKUKEUN SALINGKUH/ JAJAN tinimbang lalaki nu monogami. Buktina? Nyaeta 
prasangka .....teu boga bukti!

Baktos,
WALUYA




 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke