Kang Aschev,

Sapamahaman si kuring, anu 99 teh lain sifat Pangeran, balikta (tapi,
melainkan) Asma Pangeran. Asa nembe ayeuna abdi nguping yen aya 99
sifat Pangeran. Kungsi oge nguping sifat Pangeran teh aya 20 nya anu
dina elmu kalam (ti salah sahiji madzhab) disebut sifat anu dua puluh.

Beda kacida (bisa jadi ceuk hiji golongan mah: "rada beda", lain "beda
kacida") antara "sifat" jeung"asma". Malah, numutkeun salah sahiji
madzhab, kecap "sifat" (jeung maksudna-basa Inggrisna: "atribute") teh
henteu pas keur Pengeran mah. Anu aya:  Zat Pangeran, Asma Pangeran,
jeung Padamelan (jieunan atawa "af'al") Pangeran, tapi nyebutkeun
"sifat Pangeran" mah teu merenah, ceuk eta madzhab.. Sabab, ayana
"sifat" hartina aya anu anyar di Pangeran (nyaeta anu jadi sifatna
atawa anu disifatkeunana tea), padahal Pangeran mah azali lan abadi
alias Anu Awal jeung Anu Akhir.

Dina lebah dieu eta golonga nguatkeun pamadeganana oge ku dalil naqli,
upamana wae ayat Al Qur'an anu kieu unina: "Subhana robbika robbil
'izzati 'amma yasifuuna..." anu hartosna: "Maha suci Pangeran anjeun
Pangeran anu Maha Luhur tina naon rupa anu disifatkeun ku
maranehanana" jeung ayat-ayat anu sawanda (anu Nga-Mahasucikeun
Pangeran tina naon rupa anu disifatkeun ku manusa-manusa ka
Anjeun-Na).

Tapi, ceuk madzhab nu sejenna, Pangeran teh mibanda sifat, nyaeta
sifat anu 20 tea (wujud, qidam, baqa, ...jst). Ngan, ka anu 99 mah
nyebatna teh "asma" sanes sifat. Kalawan asmana anu pang mindengna
disebut-sebut teh nya eta "Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih",
saperti dina kalimah "Bismillahirohmaanirrohiim".

Rada kaarab-araban nya si kuring? ah henteu, heuheu. Sabab, anu keur
diuruskeun memang pasoalan bahasa Arab anu dipake dina Al Qur'an (sok
sanajan falasifahna mah bisa universal). Kaduana, puguh ti urang Arab
oge ayana dua pamahaman anu beda sakumaha anu kasebut di luhur
("sifat" vs "asma" keur Pangeran).

Cag
manar


2008/10/30 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>:
> Demi matahari dan cahayanya di pagi hari,
> dan bulan apabila mengiringinya,
> dan siang apabila menampakkannya
> dan malam apabila menutupinya
> dan langit serta pembinaannya,
> dan bumi serta penghamparannya,
> dan jiwa serta penyempurnaannya (ciptaannya),
> maka Allah mengilhamkan kepada jiwa itu (jalan) kefasikan dan ketakwaan,
> sesungguhnya beruntunglah orang yang menyucikan jiwa itu,
> dan merugilah orang yang mengotorinya.
>
> Q.S. Asy Syams : 1 -10
> Kadenge ieu surah diucapkeun mangpuluh-puluh kali waktu kuring jadi pamilon
> training ESQ ti timna Ary Ginanjar dua minggu katukang. Pangeran sumpah nepi
> ka tujuh kali saacan nepikeun ayat-ayat satuluyna.
>
> Kuring jadi kasadarkeun deui yen manusa teh universal dijadikeun wakil
> Pangeran di dunya pikeun ngalakonan sipatNa nu 99. Ngan sifat nu 99
> teh sakapeung kalimpudan sabagian atawa sakabehna ku kafasekan saperti anu
> disebutkeun dina surah Asy Syams.
>
> Nya bakal meunang kauntungan jalman anu nyucikeun dirina sarta bakal
> rugi jalma anu ngotoran (ngalimpudanana).
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke